Khutbah Bahasa Sunda Sikep Jalmi Mukmin

Sikap Budaya Orang Mukmin

NU Cilacap Online – Tema Khutbah Bahasa Sunda kali ini yang NU Cilacap Online muat yakni berjudul Sikep Jalmi Mukmin atau Sikap Budaya Orang Mukmin. Sudah sepatutnya kita sebagai orang mukmin bersikap budaya hidup dengan saling rukun dan menghindari pertikaian. Oleh karena Umat Islam telah disatukan dengan prinsip ukhuwah islamiyah sebagai sikap budayanya.

Ukhuwah Islamiyah adalah persaudaraan yang terjadi antar umat Islam. Melalui sikap budaya itu akan tercipta kehidupan yang rukun dan damai. Maka ukhuwah Islamiyah adalah akidah yang harus dimiliki semua umat Islam.

Sikap saling menghormati dan menghargai. Persaudaraan yang erat pada para mukmin akan berpengaruh terhadap semakin kuatnya agama Islam. Hal ini tentunya dapat membantu banyak orang agar hidup lebih sejahtera dan tetap berada di jalan Allah SWT.

Khutbah Pertama

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ فَضَّلَنَا عَلٰى كَثِيْرٍ مِّنْ عِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ. اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنُ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ اْلاَمِيْـنُ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْ اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ ، أَعُوْذُ بِااللّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيم اِ نَّمَا الْمُؤْ مِنُونَ اِخْوَةٌ فَاَ صْلِحُوْا بَيْنَ اَخَوَ يْكُمْ وَاتَّقُوااللهَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ.

Para Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah..

Peryogi diemutkeun ku urang sadaya, yen enggoning dina hirup kumbuh ti alam dunya téh geuning henteu tiasa nyorangan, tapi merlukeun campur-gaul atawa riung-mungpulung sareng jalmi sanésna. Tah ku margi kitu urang sadaya ngagaduhan kawajiban miara hubungan anu hadé sareng masyarakat, supados hirup urang aya dina katenangan, kaamanan, kasejahteraan lahir sareng batin.

Pikeun miara éta hubungan téh merlukeun pasyaratan, nyaéta ku budi pekerti anu hade, sapertos
miara duduluran sareng sasama urang sing tiasa ngahiji, silih pikanyaah, pikaresep, silih tulungan, silih belaan sareng sajabana.

Dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad SAW :

مَثَلُ الْمُؤْمِنِيْنَ فِى تَوَدُدِهُمْ وَتَرَاحُمِهِمْ وَتَعَاطُفِهِمْ مَثَلُ الْجَسَدِاِذَاشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌتَدَاعَى لَهُ سَائِرُالْجَسَدِبِالسَّهْرِوَالْحُمَى

Hartosna: “Ari misal jalma mukmin jeung mukmin deui dina silih pikanyaahna, silih pikaasihna téh kudu saperti sakujur badan. Upama salah sahiji anggahotana ngarasa nyeri, éta téh ngajurung ka sakujur badan pikeun nulunganana sanajan henteu saré malah milu ngarasakeun kanyerina.” (Riwayat Muttafaq ‘alaih).

Baca juga Khutbah Jumat Bahasa Sunda Hakekat Ibadah Shalat

Dawuhan Allah SWT:

اِ نَّمَا الْمُؤْ مِنُونَ اِخْوَةٌ فَاَ صْلِحُوْا بَيْنَ اَخَوَ يْكُمْ وَاتَّقُوا اللهَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ

Hartosna: “Saéstuna sakabeh jalma mukmin téh dulur, maka kudu ngadameikeun maraneh di antara dulur-dulur aranjeun jeung kudu tarakwa aranjeun ka Allah SAW, supaya aranjeun dipaparin rahmat.” (Al Hujurot ayat 10)

Para hadiri sadaya!
Pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu hartosna: “Ari sakur jalma muslim ka anu muslim deui diharamkeun ngaganggu kahormatanana (saperti ku ngawiwirang), ngaganggu hartana (ku cara dipaling atawa diruksak atawa dighasab), atawa ngaganggu getihna (ku cara ngaraheutan sumawonna maéhan mah).” (Riwayat Turmudzi)

Baca juga Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Khauf Jeng Raja’

Teras teu kenging awon sangka, ngutik-ngutik kaawonanana, ngupat jeung sajabana, sakumaha pidawuh Allah:

يٰاَ يُّهَاالَّذِنْنَ اٰمَنُوا اجْتَنِبُوْا كَثِرً امِّنَ الظَّنِّ ۖ اِنَّ بَعْضَ الظَّنِ اِثْمٌ وَّلَ تَجَسَّسُوا وَلَا يَغْتَبْ بَعْضُكُمْ بَعْضًا ۗ اَيُحِبُّ اَحَدُ كُمْ اَنْ يَّأْ كُلَ لَحْمً اَخِيْهِ مَيْتًا فَكَرِهْتُمُوْهُ ۗ وَاتَّقُوْاالله َ ۗ اِنَّ اللهَ تَوَّابٌ رَّحِيْمٌ

Hartosna: “Hé jalma-jalma mukmin! Jauhan kabiasaan goreng sangka, sabab saéstuna sawaréhna goréng sangka téh ngandung dosa. Ulah nalungtik kagoréngan batur, ulah ngupat sawaréh maranéh ka sawaréhna duei. Naha mikaresep saupama salah saurang di antara maranéh ngadahar daging bangké dulurna? Tangtu maranéh mikaijidna. Jeung kudu tarakwa maranéh ka Allah. Saéstuna Gusti Allah Maha narima tobat tur Maha welas Asih.” (Al Hujurot ayat 12)

Para Hadirin Sadaya!
Ieu ayat nerangkeun rupa-rupa hal anu diantawisna nyaéta:
Kaawonan awon sangka ka batur. Kajaba upama sakadar curiga pedah tingkah polahna memang nyurigakeun, tapi teu kenging dituding jahat samemeh aya buktina. Sawangsulna diwajibkeun sae sangka. Henteu kenging nalungtik kaawonan batur komo ngucah-ngaceh rasiahna mah, kajaba anu aya patalina sareng kaamanan umum.

Sakur obrolan satiasa-tiasa anu sakira matak mangpaat, sakumaha pidawuh Allah SWT:

لاَ خَيْرَ فِيْ كَثِيْر ٍمِّنْ نَّجْوٰ ىهُمْ اِلَّ مَنْ اَمَرَ بِصَدَ قَةٍ اَوْمَعْرُوْفٍ اَوْاِصْلاَحٍ ۢ بَيْنَ النَّاسِ ۗ وَمَنْ يَفْعَلُ ذٰلِكَ ا بْتِغَآءَ مَرْ ضَاتِ اللهِ فَسَوْ فَ نُؤْتِيْهِ اَجْرًا عَظِيْمًا

Hartosna: “Henteu aya kahadéanana kalolobaan tina haharéwosan jalma-jalma teh, kajaba haharewosan/obrolan ngeunaan pangajak kana sidekah, pagawean anu hade, atawa memeres antara jalma-jalma (anu pacekcokan). Tah sing saha jalma anu migawé kana éta pagawean sarta niatna karana nyuprih karidhaan Allah, maka tangtu Kaula (Allah) bakal maparin ganjaran anu hebat ka manéhna.” (An Nisa ayat 114)

Baca juga Jalma Anu Meunang Pitulung ALLAH SWT

Mugi-mugi urang sami sadayana kagolongkeun jalmi anu tiasa ngajaga kana ka Imanan kanggo nguatkeun endahna duduluran jeung persahabatan sahingga urang sadayana kenging ridhana Allah SWT.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِاكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍنِ ابْنِ عَبْدِاللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ .رَبَّنَاأَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ أَقْدَامَنَاوَانْصُرْنَاعَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ.رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَة حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .

Khutbah Bahasa Sunda Sikep Jalmi Mukmin disusun ku: Jamal Shidiq, S.Pd.I
Dikaluarkeun ku Seksi Bimas Islam Kota Banjar, Jabar
Panyalaras Bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button