Hakekat Puasa
Khutbah Jum'at Bahasa Sunda

NU Cilacap Online – Puasa sangat berkaitan dengan membentuk akhlak mulia. Oleh karenanya khutbah jum’at bahasa sunda minggu ini mengupas apa sih hakekat dan hikmahnya puasa dengan judul singkat tapi nendang yakni Hakekat Puasa.
Puasa dengan menjaga maupun memerangi nafsu dan syahwat memang sudah cukup bagi ulama fiqh untuk memenuhi syarat sahnya puasa.
Namun ulama ahli hikmah memaknai sahnya puasa lebih dari itu. Puasa yang sah adalah puasa yang diterima. Puasa yang diterima adalah puasa yang maksudnya tercapai. Puasa yang Hasil Maksud.
Maksud dari pencapaian puasa adalah dengan berakhlak yang terbaik menurut akhlaknya para nabi, terutama Nabi Muhammad SAW.
Berikut ini khutbah jum’at bahasa sunda dengan judul Hakekat Puasa;
Khutbah Pertama
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا الله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى
Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah,
Tiap manusa pasti ngabogaan hawa nafsu. Jeung ari hakekat puasa téh nyaéta pikeun merangan hawa nafsu, lain maéhan hawa nafsu. Tegesna, ngandalikeun hawa nafsu éta tujuan utama dina ibadah puasa. Diantarana nafsu anu tilu, nyaéta nafsu muthmainnah, lawwamah, jeung amaroh.
Nafsu muthma’innah nyaéta nafsu anu ngajak kana kasaéan, syukur nalika urang meunang nikmat, jeung ngajak sabar nalika urang dipaparin cocoba. Nafsu lawwamah nyaéta nafsu anu geus ngarasa hanjakal nalika migawe salah jeung dosa.
Teras nafsu amaroh nyaéta nafsu anu sok ngajak kana migawe kagorengan. janten, éta sadayana nafsu téh, terutama nafsu amaroh, kedah dikendalikeun ku urang, sanes justru urang anu dikendalikeun nafsu.
Sabab hiji waktu mah urang butuh ku nafsu, contona nafsu barang dahar supaya jadi sabab kuatna awak urang, nafsu syahwat kanu janten bojo urang supaya jadi sabab lahirna turunan urang, jeung sajabana.
Tah ibadah puasa téh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula.
Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak/sapatemon jeung bojo urang. Jeung nalika dicumponannana ogé ulah dianteur sakahayangna. Sabab urang téh puasa téa.
Puasa hartina nahan perkara anu asalna halal dipigawe ti beurang, komo lamun anu teu halal mah. Leuwih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah meunang karugian.
Hadirin Jamaah Jum’ah anu sami Mulya,
Sanes kanten ti éta, puasa urang téh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat larangan hungkul, tapi kudu ditingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa ogé pahala ibadah puasa.
Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi téa mah, tapi hikmah jeung faédah puasa anu saenyana téu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْشُ
Hartosna, “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi téu kenging bagéan nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)
Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanésna,
Saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu teu dipikarido ku Allah, sareng sajabina.
Margi, Kangjeng Rasul sasauran, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaéan gorengna.
مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ لِلَّهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَهُ وشَرَابَهُ
Hartosna: “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Allah moal narima puasana dina nahan dahar jeung nginum.” (HR .al Bukhori).
Éta puasa téh nembé kagolongkeun puasa panca indra jeung anggota lahir atawa dzahir. Kalih ti éta, urang sadayana kedah ningkatkeun deui tina puasa lahir atawa dzahir kana puasa batin.
Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna haté tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hadé, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana.
Anggur mah, pinuhan haté urang ku loba dzikir (éling ka Allah). Sabab, yakin éta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng Allah, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaéta teu tuang teu leueut.
Tegesna, puasa téh nyaéta cara manusa nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supados langkung caket sareng Mantenna.
Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah,
Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saéna upami urang uninga kana hikmah-hikmahna puasa. Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaéta ngahontal darajat takwa.
Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku lampah téh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Allah. Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendu Allah.
Lamun urang atos takwa insya Allah, urang gaduh bekel anu pangsaé-saéna dina mayunan kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Allah;
وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى
Hartosna:“Aranjeun kudu bebekelan. Maka saenya-enyana bekel anu paling alus nyaéta takwa.” (al-Baqoroh: 197).
Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah anu singkat ieu, urang sadayana sing tiasa leres-leres ngajalankeun ibadah puasa kalayan ngengingkeun hikmah sareng fadilahna. Amin ya rabbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَّبَّنَآ إِنَّنَا سَمِعۡنَا مُنَادِيٗا يُنَادِي لِلۡإِيمَٰنِ أَنۡ ءَامِنُواْ بِرَبِّكُمۡ فََٔامَنَّاۚ رَبَّنَا فَٱغۡفِرۡ لَنَا ذُنُوبَنَا وَكَفِّرۡ عَنَّا سَئَِّاتِنَا وَتَوَفَّنَا مَعَ ٱلۡأَبۡرَارِ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Demikian khutbah jum’at bahasa sunda dengan judul Hakekat Hikmahna Puasa, Semoga puasa kita mendapat predikat diterima dan tercapai, Hasil Maksud. Aamiinn.. (IHA)