Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Bekel Ibadah Puasa

NU Cilacap Online – Bulan Ramadhan tinggal beberapa hari lagi. Bulan yang penuh dengan kebaikan dan pahala. Bulan yang mengingatkan kita akan tujuan hidup di alam dunia yang penuh dengan cobaan.
Bulan ini adalah momentum yang mengajak kita untuk kembali menata hati, mengasah nurani, menanam benih-benih ketaqwaan dan syukur kepada Allah SWT.
Bulan yang penuh dengan nuansa ibadah dan dzikir kepada Allah. Demikian lebih lanjut disampaikan dalam Khutbah Jumat Bahasa Sunda Kali ini yang berjudul “Bekel Ibadah Puasa”. Ada 4 hal menjadi bekal yang harus kita siapkan: ilmu, amal, da`wah dan sabar, untuk menyambut bulan kebaikan ini.
Ilmu tentang tuntunan Nabi Muhammad SAW. Beramal dengan tuntunan itu. Berdakwah mengajak manusia untuk kembali kepada ajaran-ajaran Islam. Dan bersabar dalam menjalani ajaran-ajaran Islam.
Inilah Khubah Jumat Basa Sunda yang NU Cilacap Online ketengahkan pada pembaca dengan judul ‘Bekel Ibadah Puasa’
Khutbah Pertama
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْـدُ: فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُواالله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. وَقَالَ الله ُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا
Hadirin Jama’ah Jum’ah Rahimakumullah,
Alhamdulillah urang sadaya masih dipasihan kanikmatan ku Allah SWT, Sakedap deui urang bakal lebet kana sasih anu istimewa. Sasih anu pinuh ku kaunggulan. Nyaeta sasih Romadhan anu mulya.
Naha urang parantos siap dina mayunannana? Upami para sahabatmah sareng salafusshalih parantos mempersiapkeun diri dua bulan sateuacan Romadhan sumping, sakumaha do’a anu parantos masyhur, anu ngaisyaratkeun kana persiapan Romadhan:
اَللّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِي رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ
Hartosna: Ya Alloh, berkahan abdi sadaya dina Rojab sareng Sya’ban, sareng dugikeun abdi sadaya kana sasih romadhon. (HR. Baihaqi)
Hadirin Anu Sami Mulya,
Minimalna aya opat persiapan kanggo kaum muslimin dina mayunan sasih Romadhan, khususna Romadhan 1445 H anu bakal karandapan ku urang sadaya:
Persiapan anu kahiji, nyaeta persiapan qolbiyah (hate). Persiapan qolbiyah nyaeta ku cara ngabersihkeun hate tina pirang-pirang panyakit hate sapertos musyrik, sombong, sarakah, syahwat, hasud, gede ambek, pedit, jeung dendam.
Ku hate anu beresih Maka bakal ngajantenkeun niat anu ikhlas dina manah urang sareng kiat akidahna, margi ieu teh pondasi anu utami dina persiapan qolbiyah. Tanpa akidah anu leres, tiasa janten hiji jalma bakal tigebrus kana kamusyrikan, sarta kamusyrikan salamina moal bakal ngabuahkeun kaikhlasan. Akidah anu leres teh mangrupakeun koncina, teras anu baris disaur ku Allah sangkan ngalakonan ibadah saom teh nyaeta jalmi anu iman.
Ngabersihkeun hate atawa tazkiyatun nafsi oge hiji perkara anu kacida pentingna dina ngabageakeun Romadhan. Allah SWT nguningakeun kautamian kanggo jalmi anu kersa ngabersihkeun manahna (tazkiyatun-nafsi) dina al-Qur’an Alloh ngadawuh:
قَدۡ أَفۡلَحَ مَنْ زَكَّىٰهَا
Hartosna: “Saestuna Bagja pisan jalmi anu ngabersihkeun jiwana.” (QS. Asy-Syams : 9)
Maka dina wanci ayeuna urang peryogi evaluasi diri (muhasabah) naha panyakit-panyakit hate anu masih aya keneh dina diri urang. Salajengna urang kedah mujahadah (enya-enya) dina ngabersihkeun panyakit-panyakit hate. Bakal karaos endahna upami parantos dugi sasih Romadhan urang leres-leres dina kaayaan siap mayunan dinten-dinten istimewa anu dicandak ku tatamu agung nyaeta Romadhan.
Baca juga Ancaman Ka Jalma Nu Teu Puasa
Kaikhlasan dina diri urang sapanjang Ramadhan mangrupa wanci-wanci nyongcolang anu bade ngajamin urang bakal kenging panghampura Alloh SWT. Pidawuh Rosul:
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيْمَنًا وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Hartosna : “Jalma anu puasa kalayan iman sarta ikhlas mangka baris dihampura dosa-dosana anu geus kaliwat.” (Muttafaq ‘ Alaih)
Hadirin Jama’ah Jum’ah Anu Mulya,
Persiapan anu kadua nyaeta persiapan fikriyah. Supados Romadhan urang leres-leres sampurna amaliyahna, urang kedah mekelan diri kalawan persiapan fikriyah. Sateuacan Romadhan dugi saena urang atos mekelen diri kalawan elmu ageman, utamana anu patali sacara langsung sareng amaliyah dina sasih Romadhan.
Ngeunaan kawajiban puasa, kautamaan puasa, hikmah puasa, sarat sarta rukun puasa, anu ngabatalkeun kana puasa, sarta sunnah-sunnah puasa. Oge tarawih, I’tikaf, zakat, sarta amal anu sanesna. Ilmu tanpa amal moal bakal aya buahna jeung amal tanpa elmu gagal (moal ditarima).
Baca juga Berbagi Takjil Menumbuhkan Kedermawanan
Persiapan anu katilu, nyaeta persiapan jasadiyah. Romadhan meryogikeun persiapan jasadiyah anu sae. Tanpa persiapan anu cukup urang bakal reuwas, nyakitu deui ibadah urang henteu sampurna. margi Romadhonteh nyiptakeun siklus keseharian anu benten. Urang ditungtut kudu angger produktif kalawan pagawean urang sewang-sewang sanaos dina kaayaan puasa. Urang oge bakal ngalakonan ibadah dina kaayaan anu langkung lami tinu biasana. Sapertos Solat tarawih.
Kumargi kitu, urang peryogi nyiapkeun jasadiyah urang pola makan, tidur, kalawan olah raga sacara teratur, ngajagi kasehatan badan, sarta kaberesihan lingkungan. Margi mukmin anu kuat tur sehat eta bakal langkung dipikacinta ku Allah SWT. Sakumaha pidawuh kangjeng Rasul:
اَلْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرُ وَأَحَبُّ مِنَ الْمُؤْمِنِ الضَّعِيْفِ
Hartosna : Mu’min anu kiat eta langkung sae sarta langkung dipicinta ku Alloh batan mu’min anu lemah (HR. Muslim,Ibnu Majah,Al-Baihaqi)
Hadirin Jama’ah Jumah Anu Sami Mulya,
Saterasna Persiapan anu kaopat nyaeta persiapan maliyah/materi. Persiapan maliyah anu diperlukeun dina ngabageakeun sasih Romadhan lain jang meuli baju anyar, atanapi nyadiakeun kueh-kueh nikmat jang lebaran. Nyaeta pikeun ngalobakeun infaq jeung sadekah, masihan kanggo takjil (buka puasa) ka batur sarta ngabantu jalma anu susah.
Tangtos wae kanggo anu ngagaduhan harta anu nepi nishab sarta haulmah wajib nyiapkeun zakat maal-na. Nyakitu deui, lamun urang urang sanggup umroh dina Romadhan eta mangrupa ibadah anu bernilai istimewa sepertos ibadah haji sareng Rosulullah SAW.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِبَادَاللهِ, اِتَّقُوااللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّسَبِّتْ اَقْدَمَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ . رَبَّنَااَتِنَافِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Khutbah Jumat Judul: Bekel Ibadah Puasa.
Disusun ku Jamal Shidiq, S.Pd.I
Panyalaras bahasa ku Imam Hamidi Antassalam
Dikaluarkeun ku Seksi Bimas Islam Kankemenag Kota Banjar, Jabar.