Khutbah Idul Fitri: Nyaliksik Parobahan Diri Ku Ibadah Puasa

NU CILACAP ONLINE – Khutbah Idul Fitri PCNU Cilacap Bahasa Sunda dengan judul NYALIKSIK PAROBAHAN DIRI KU IBADAH PUASA Situs Islam Aswaja NU Cilacap Official Media NUCOM diterbitkan untuk memfasilitasi para Khatib dengan jamaah di daerah yang kental dengan bahasa ibunya, selain Khutbah dengan bahasa Jawa, kali ini kami terbitkan Khutbah Idul Fitri bahasa Sunda.

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda

NYALIKSIK PAROBAHAN DIRI KU IBADAH PUASA

اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ. اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ. اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ. لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ ,اَللهُ اَكْبَر وَ للهِ الْحَمْدُ, اَللهُ اَكْبَر كَبِيْرًا وَّالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلاً. لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَه, صَدَقَ وَعْدَه, وَنَصَرَ عَبْدَه, وَاَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَه. الْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ حَرَّمَ جَسَدًا عَلَى النِّيْرَان, عَلَى مَنْ فَرِحَ بِدُخُوْلِ رَمَضَان, وَفَضَّلَهُ بَيْنَ الشُّهُوْرِ وَاْلأَيَّام, لِأَنَّهُ شَهْرٌ أُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْان, اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَعَدَ مَنْ صَامَ رَمَضَانَ اِيْمَاْنًا وَاحْتِسَابًا بِالْغُفْرَان, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ نَالَ ثَوَابَ لَيْلَةِ الْقَدَرِ فِى كُلِّ حَالٍ وَّزَمَان, اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ أَفْضَلِ الْأُسْوَةِ وَاْلاِمَام, وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِه يَتْبَعُوْنَهُ اِلَى دَارِ السَّلاَم. أَمَّابَعْدُ: فَيَااَيُّهَااْلإِخْوَان, اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاْتِه وَلَاتَمُوْتُنَّ اِلَّاوَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْن, اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الَّرجِيْمِ: يَااَيُّهَاالَّذِيْنَ امَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ

Tipayun hayu urang panjatkeun puji syukur ke hadlirat Allah Subhanahu wa Ta’ala  anu parantos maringi kabugaran anu hadé dina bentuk kasehatan supaya urang sadayana tiasa hadir dina kasempetan anu bahagia ieu nyaeta sareng ngarayakeun ‘iedul fitri. Sholawat sinareng Salam urang limpahkeun ke junjungan urang sadaya kanjeng Nabi Muhammad Shollallohu Alaihi Wasallam.

Uring khatib haturkeun Minal ‘aidzin wal faizin…, Kullu Aamin wa Antum bikhoirin. Dina ieu, khutbah ‘iedul fitri nyaeta ‘NYALIKSIK PAROBAHAN DIRI KU IBADAH PUASA’

Allahu Akbar3X walillahil hamdu..

Surupna panon poe dinten kamari jadi penanda atawa ciri wekasana bulan suci, diiring ku reangna nu maraca takbir jadi tanda lebaran geusan datang nepungan, ngadadak hate tagiwur ku rasa anu pacampur antara bungah jeung tugenah nu silih taur bungahna “tamat ngalaksanakeun ibadah puasa” tugenahna geuning geus sataun Silaturrahmi masih kahalang ku isu Virus Corona.

Hadirin jamaah shalat riyaya ‘idul fitri rohimakumulloh
Numutkeun Imam Al Ghozali, shaom teh kabagi kana 3 tingkatan : 1. Shaom awam 2. Shaom khowas 3. Shaom khowasil khowas. Upami Numutkeun Syeh Abdul Qodir al Jaelani mah nyaeta: Shaom syare’at, Shaom tarekat jeung Shaom hakekat.

  1. Shaom awam atanapi shaom syareat. Mangrupaken Shaom nu sabatas nahan haus tina leueuteun, nahan lapar tina tuangeun, nahan sahwat tina jima. sedengkeun anggota badan sejena tetep liar tetep diumbar kanu teu halal.
  2. Shaom khowas atawa Shaom tarekat. Nyaeta Shaomna Solihin, jalmi-jalmi nu satekah polah ngajaga anggahota badana tinu dicarek ku Agama, tinu matak nganyerikeun jalma, tinu matak ngaruksak kasasama, malah tina ngumbar HP jeung media tina ngahoax jeung ngahaok. Soca teu asal beunta, baham teu asal disada, panangan teu asal ngaraba, sadaya anggahotana puasa diraksa dijaga tina doraka teu kabates ku mangsa romadlon jeung bulan liana.
  3. Shaom khowasil khowas atawa Shaom hakekat. Nyaeta Shaomna para Nabi, para Wali para Muqorrobin, salianti ngajaga anggahotana, manahna oge kebek ku mahabbah ka Allah, kepingan hatena tos teu aya ruang pikeun nu lian salianti pinuh ku dzikir ka Allah SWT, hatena salamina Saom tos tara ngemut nu liana sumawona bingung ku urusan dunya.

Allahu Akbar Allahu Akbar Walillahilhamdu
Hadirin jamaah riyaya ‘iedul fitri rohimakumulloh.

Tina tilu tingkatan shaom tadi bakal ngajanggelekeun parobahan nu beda-beda, mun di ibaratkeun kana sato, ibarat puasa Oray, puasa Hayam, puasa Hileud, tilu sato ieu mun awakna hayang aya parobahan maka dirina sok puasa.

Oray mun hayang ngora deui maka supaya megar dirina sok puasa tara baranghakan, ngan hasil tina puasa oray ukur nganteurkeun parubahan kana kulitna wungkul, sedengkeun ngarana angger oray, parabna angger parab oray, leumpangna oge angger ngaleor cara oray.

Terus Hayam, mun dirina nyileungleum supaya bisa megar maka hayam sok eureun baranghakan manasan awakna kucara puasa jeung tatapa, hasil puasa hayam ukur ngarobah tina endog jadi hayam, ngarana angger hayam, parabna angger parab hayam, leumpangna oge tetep leumpang hayam.

Nya kitu deui Hileud, mahluk nu pikagilaeun paling rakus ngaruksak dangdaunan, tapi keur ningkatkeun ajen dirina hileud berusaha riyadloh manasan awakna ku jalan puasa, kajeun awak jadi rorongkong jeung kepompong nu penting hirup bisa jadi mulya bari aya hargana, ternyata tina ladang puasana, hileud bisa ngahontal parubahan nu signifikan. Ngarana robah jadi Kukupu, bentukna robah jadi lucu, parabna robah ngajadi madu, leumpangna oge jadi ngapung gura-giru, malah bisa diolah jadi sutra nu hargana mahal kacida.

Ieu gambaran parubahan nu diudag tina atsar puasana jalma nu iman nyaeta, la’allakum tattaquun. Bisa ngajanggelek jadi muttaqin sajati, alias jalmi nu taqwa, nu salawasna ngaraksa raga tina doraka, ngaping batin tina panyakit ati jeung tina harewos iblis nu sok nyelip kana batina, nyaring pamikiran ku elmu pangaweruh, ngajaga rasa ku dzikir jahar jeung khofina.

Maka Muttaqin nu kieu nu dijamin surga pitempateunana, dijamin rizki nu teu kudu ngincig jeung mikir, dibuka panto kaluar tina satiap masalahna, diawur elmu ti lenggahing Allah na, malah dinyatakeun jadi kakasih Allah na.

اِنَّ اللهَ يُحِبُّ الْمُتّقِيْنَ 

Hartosna: Saenyana Allah mikacinta ka jalmi-jalmi nu taqwa. (At-taubah :4)

Allahu Akbar Allahu Akbar Walillahilhamdu
Hadirin jamaah riyaya ‘iedul fitri rohimakumulloh..

Sohabat Sayyidina Abu Bakar Sidiq R.A. nyaurkeun :

حُبُّ الدُّنْيَا ظُلْمَةٌ وَالسِّرَاجُ لَهَا اَلتّقْوَى

Cinta dunya teh poek, lampu pikeun nyaanganana teh nyaeta lampu taqwa.

Nalika aktipitas dunya dimotivasi ku cinta maka matak jadi poek, aya istilah Cinta itu Buta, ditentang makin membentang, diusik makin asik, didukung beuki ngaberung, sahingga teu saalit jalmi ngusahakeun dunya catung dirarung, catang dirumpak, teu dituyun ku aturan, teu dipager ku bener, teu dihalangan ku haram, teu paduli najan kaleungitan taohid, rela najan kudu kaicalan akidah, wios najan kudu ninggalkeun ibadah, nupenting dina pikirana kumaha sangkan jadi duit jeung duit.

Baca juga Khutbah Bahasa Sunda: Amal Akherat Nu Moal Bakal Pegat

Hasil ahirna, ni’matna dunya teu pati karasa, nu nyesa teu sabaraha, awak ruksak emutan ngarakacak, setruk, setres, jeung sajabana, ibadah teu pernah mernah jeung tumaninah. Kusabab kitu supaya dunya jadi katenangan, kulobana teu matak takabur, eweuhna teu matak jadi kufur, maka kataqwaan kudu salawasna nyarengan ngarah ca’ang satiap jalan lalampahan, kasaung kadayung kupitulung nu maha agung, ka aping ka jaring ku taopik nu maha suci. Kiwari urang aya dialam nu ahir, mun teu boga lampu taqwa bakal loba kabobodo tenjo kasamaran tingal.

Kiwari loba kagorengan nu nyarupaan kahadean :
Tipuan nyarupaan aturan /Kadzoliman nyarupaan Kaadilan
Korupsi nyarupaan Bantuan /Hiburan nyarupaan Kaagamaan
Pengecut nyarupaan Ati-ati /Nekad nyarupaan kawani
Prustasi nyarupaan Pasrah / Bunuh diri nyarupaan jihad fisabilillah
Menta-menta nyarupaan Kasab /Ngedul nyarupaan Tawakal
Koret nyarupaan hemat /Riya nyarupaan tahadus bini’mat
Dukun nyarupaan Ulama /Preman nyarupaan Aparat nagara
TBC nyarupaan Corona /Diruang nyarupaan dipulasara.

Pamugi tikawit dintenan munggaran Syawal ayeuna urang bisa ngabuktikeun hasil tina ibadah romadlon nyaeta taqwa, urang rumat tangkal taqwa ngarah ranum buah barokah. Praktek deetna, Shalat awal waktu, Kamasjid masing gura-giru, sing mayeng boga wudu, dzikir masing tangtu, hormat kasepuh jeung ka guru, Shadaqah masing baku, jauhan ma’siat jeung goreng laku, Yu urang teruskeun lumaku ngahiberkeun qolbu dugi ka wusul ka Allah anu dituju.

Masjid terus ma’murkeun, diajar terus hirupkeun, tolabul ilmi jeung silaturrahmi terus giatkeun, kasab ikhtiar terus jalankeun, ulah jadi jalma borangan, sing teuneung ludeung taya kasieun ku cara Istiqomah dina Iman (kuat akidah jeung ibadah ka Allah SWT). Sangkan jauh tina panyakit Wahan nyaeta, akibat Cinta dunya jeung sieun maot nu matak jadi sabab lemahna ummat Islam, Ahirna Wabah Corona dimanfaatkeun ku korin alias Syetan keur nyingsieunan jeung nyasarkeun jelema, dawuh Allah dina Surat Ali Imron 175:

اِنَّمَا ذَلِكُمُ الشَّيْطَانُ يُخَوِّفُ أَوْلِيَاءَهُ فَلَاتَخَافُوْهُمْ وَخَافُوْنِ اِنْ كُنْتُمْ مُؤْمِنِيْنَ

Hartosna: Pastina maranehna Syetan jeung balad-baladna nu bakal nyingsieunan ka aranjeun, maka tong sieun aranjeun ku maranehna, kudu sieunmah ku kami nyaeta Allah, mun aranjeun mangrupakeun jalma-jalma nu iman. (Ali Imron: 175)

Laksanakeun Protokol Covid 19 pikeun ikhtiyar dunya anu samentara jeung laksanakeun Protokol kasalametan aherat nu lana kudu leuwih digumatikeun.

Mudah-mudahan Allah SWT nyabut rasa kasieun ka para pamingpin, tisalianti mantena oge sagala bentuk makar jeung rekayasa nu ngamadaratkeun masyarakat enggal disadarkeun ku AllAh SWT. Aamiin .

شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِي أُنْزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ فَمَنْ شَهِدَ مِنْكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ وَمَنْ كَانَ مَرِيضًا أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِنْ أَيَّامٍ أُخَرَ يُرِيدُ اللَّهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلَا يُرِيدُ بِكُمُ الْعُسْرَ وَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللَّهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ

بارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ, وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ اْلحَاكِيْم اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْم, وَتَقَبَّلْ مِنِّى تِلَاوَتَهُ اِنُّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْم

 

= KHUTBAH KA 2 =

اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ , اَللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ.لاَاِلهَ اِلَّا اللهُ وَاللهُ اَكْبَر ,اَللهُ اَكْبَر وَ للهِ اْلحَمْدُ. اَلْحَمْدُ للهِ الْوَاحِدِ الصَّمَد, أَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلَّااللهُ اْلوَاحِدُ الْمُعْتَمَد, وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَشَدُّ الرَّجَاءِ وَاْلخَوْف, وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى مِنْ جَمِيْعِ الْأَحْبَاب, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ هُمْ اُولُوْا الْأَلْبَاب. فَيَا أَيُّهَا اْلحَاضِرُوْن, اِتَقْواالله فِى السِّرِّ وَالْعَلَان, لِيَجْعَلَ اللهُ لَكُمْ مَخْرَجًا مِنْ كُلِّ ضَيْقٍ وَحِرْمَان. اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَات, وَالْمُؤمِنِينَ وَالْمُؤْمِنْات, اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاِت, اَللّهُمَّ يَاقَاضِيَاالْحَاجَت, اَللّهُمَّ يَاكَافِيَ الْمُهِمَّات, اَللّهُمَّ يَادَافِعَ اْلبَلِيَات, اَللّهُمَّ يَارَافِعَ الدَّرَجَات, اَللّهُمَّ يَاشَافِىيَ اْلأَمْرَاض, اَللّهُمَّ يَامُجِيْبَاالدَّعَوَات, اَللّهُمَّ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْن, اَللّهُمَّ اِصْرِفْ عَنَّاالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْبَلَاء, وَاْلفَخْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدًا, وَالْمِحَنَ مَاظَهَرَ مِنْهَا وَمَابَطَن, وَمِنْ كُلِّ الْأَمْرَاضِ خُصُوْصًا مِنَ الْمَرَضِ اْلكَوْرَنَا, مِنْ بَلَدِنَا اِنْدَوْنِيْسِيَا هَذَا خَاصَة, وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّة, تَحَصَّنَّا بِااْلعِزَّةِ وَالْجَبَارُوْت, وَاعْتَصَمْنَا بِرَبِّ الْمُلْكِ وَالْمَلَكُوْت, وَتَوَكَلْنَا عَلَى اْلحَيِّ الَّذِيْ لَايَمُوت, وَنَجِّنَا مِنَ الْقَوْمِ الظَّالِمِين, رَبَّنَا اَنْزِلْنَا مُنْزَلًا مُّبَاَرَكً وَّاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْن, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. اَللّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ السُّعَدَاءِ الْمَقْبُوْلِيْن, وَلَا تَجْعَلْنَا مِنَ اْلأَشْقِيَاءِ الْمَرْدُوْدِين , وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْن, بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِين, وَاْلحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِين .

Khutbah Idul Fitri PCNU Cilacap Bahasa Sunda file .pdf dengan judul NYALIKSIK PAROBAHAN DIRI KU IBADAH PUASA Situs Islam Aswaja NU Cilacap Official Media bisa didownload di SINI

Disusun ku: KH Dede Khoer Apandi.
Dikaluarkeun ku : Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kota Banjar Jawa Barat
Editor Bahasa : Imam Hamidi Antassalam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button