Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Ngamulyakeun Sasih Rajab

NU Cilacap Online — Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Ngamulyakeun Sasih Rajab kali ini berisi bagaimana cara kita memuliakan bulan yang dimuliakan Allah SWT yakni Bulan Rajab.

Memuliakan bulan Rajab berarti mengenang peristiwa penting yang terjadi pada bulan rajab, di antaranya seperti awal kehamilan ibunda Nabi Muhammad SAW Sayyidah Aminah di mana awal mula cahaya kenabian, Nur Muhammad, menerangi alam semesta.

Baca juga: Khutbah Jumat bahasa Sunda, Kasaéan Dunia Akherat

Peristiwa Isra’ Mi’raj menjadi pengingat akan kesabaran dan keteguhan Nabi dalam berdakwah, menjadi teladan bagi umatnya.

Rajab disebut juga sebagai Amul Huzni, tahun kesedihan, momen ketika Nabi kehilangan dua sosok terdekatnya dalam kurun waktu berdekatan yaitu Abu Thalib dan beberapa saat setelahnya sang istri Nabi Muhammad SAW, Siti Khadijah wafat.

Peristiwa Amul Huzni banyak ulama sejarah yang memerkirakan terjadi pada tahun ke-10 kenabian, yakni bertepatan dengan tahun 619 atau 620 Masehi.

Tahun kesedihan ini menjadi momen terberat dakwah Nabi SAW, di mana beliau diuji dengan bertubi-tubi penindasan baik secara fisik maupun mental.

Baca juga: Tradisi Peringatan Harlah NU 16 Rajab

Berikut ini Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Ngamulyakeun Sasih Rajab.

Khutbah Pertama

 اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ أَسْرَى بِعَبْدِه لَيْلاً, وَعَرَجَ مِنَ الْمَسْجِدِاْلأَقْصَى اِلَى سِدْرَةِ الْمُنْتَهَى, أَشْهَدُ أَنْ لاَّاِلَهَ إَلاَّاللهُ وَلاَ مُمَاثِلاً, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْ لُهُ خَيْرٌ النَّبِىِّ أُرْسِلَ, أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى, وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ صِدْقِ وَالْوَفىَ. أَمَّابَعْدُ: فَيَا أَيُّهَاالْحَاضِرُونْ. أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَّكُمْ فَائِزُوْنَ. أَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. إِنَّ عِدَّةَ ٱلشُّهُورِ عِندَ ٱللَّهِ ٱثۡنَا عَشَرَ شَهۡرٗا فِي كِتَٰبِ ٱللَّهِ يَوۡمَ خَلَقَ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضَ مِنۡهَآ أَرۡبَعَةٌ حُرُمٞ

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumulloh, Rajab téh mangrupikeun bulan anu dimulyakeun ku Alloh, maka satiap jalmi mukmin kedah ngamulyakeun sasih Rojab iyeu. Ku cara kumaha urang kedah ngamulyakeun Sasih Rajab?

 فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِين

Hartosna: “Maka aranjeun ulah nganiaya diri aranjeun dina bulan anu opat éta, jeung perangan kaum musyrikin kabeh sakumaha maranehanana merangan anjeun kabeh, jeung kanyahokeun ku anjeun saéstuna Alloh bakal sasarengan sareng jalmi anu takwa.” ( at-Taubah : 36)

Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumulloh, Dina sasih Rajab aya sejarah kelam dina perjuangan Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Dina taun kadalapan Kenabian.

Kangjeng Nabi SAW mayunana kana rupi-rupi cobaan anu kacida beuratna anu karandapan ku anjeunna sareng pengikutna. Dina taun éta Kangjeng Nabi nuju aya di kota mekkah, nuju ngemban tugas ngadugikeun Risalah.

Permusuhan jeung ancaman ti kaum Quraisy kacida gedéna, tekanan demi tekanan kalintang beuratna. Anjeuna diboikot ku kaum musyrikin anu lumangsung salami 3 tahun.

Teras Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam, di timpa musibah nyaéta ku wafatnya Abu Tholib pamanna anu ngasuh jeung anu teras ngajaga anjeuna tina gangguan-gangguan kafir quraisy dina dakwah.

Dina taun éta ogé anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaéta Sayidah Siti Khodijah, anu teras-terasan ngabantos sareng ngabela dakwahna Rosululloh.

Siti Khodijah istrina Kangjeng Nabi, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun éta dipanggil ku Alloh Subhanahu wata’ala, sahingga Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy.

Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:

 وَاللَّهِ مَا أَخْلَفَ اللَّهُ لِى خَيْرًا مِنْهَا ، وَقَدْ آمَنَتْ بِى إِذْ كَفَرَ بِيَ النَّاسُ وَصَدَّقَتْنِى وَكَذَّبَنِى النَّاسُ ، وَوَاسَتْنِى مِنْ مَالِهَا إِذْ حَرَمَنِى النَّاسُ وَرَزَقَنِى اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ الْأَوْلاَدَ مِنْهَا ، إِذْ حَرَمَنِى أَوْلاَدَ النِّسَاءِ

Hartosna: “Sareng Alloh anu ngagentos anu langkung saé tianjeuna. Anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Alloh masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awéwé.” (HR. Ahmad)

Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib sareng Siti Khodijah, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngizinkeun ka para sahabatna supados hijrah ka Thoif. Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam, Malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.

Nya dina waktos éta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Alloh SWT. Do’a anu kacida pinuh ku kasedihan, sahingga Alloh ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:

Hei Muhammad, saèstuna Alloh nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung, teras Alloh ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparéntahkeun ku anjeun, upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana.

Tapi kumaha waleran Rasululloh ?…“Kami miharep sangkan Alloh ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana, sahingga jalma-jalma daék nyembah ka Alloh anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon baé ogé. (HR. Bukhori wa Muslim)

Éta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlak Rosululloh SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam ogé dengki, sanajan ka jalma anu nganiaya ka anjeuna.

Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rosululloh sareng para sahabatna éta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna. Salajengna cobaan anu kacida beuratna dina taun éta, Maka Alloh ngaisrokeun sareng ngami’rojkeun Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina hiji wengi pasna dina wengian 27 Rojab.

Hadirin Jamaah Jum’ah Rohimakumulloh, Hayu urang sami-sami tingkatkeun katakwaan ka Alloh SWT, kalayan katakwaan anu sabener-benerna. Urang kedah yakin dina taat kana paréntah-paréntah Alloh sareng Rosulna, ogé nebihan naon rupi anu dilarang ku Alloh sareng Rosulna, utamina nulad atawa nyonto sifat-sifat Rosululloh anu kacida agungna.

Sahingga dina Kasempetan Sasih Rojab anu dongkapna sataun sakali ieu tiasa dimulyakeun ku urang sadaya, ku pirang-pirang amalan sholeh boh anu sunat atanapi anu wajib sangkan kenging kabarokahan ti Alloh SWT.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فيِ القُرْآنِ العَظِيْمِ، وَنَفَعَنيِ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنيِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ َإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَبِهِ نَسْتَعِيْـنُ عَلَى أُمُوْرِالدُّنْيَا وَالدِّيْنِ ,وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أَشْرَفِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى أَلِهَ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِاْلاَمِيْنُ ,اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاأَيُّهَاالنَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ ,وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ, إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ, . رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَتُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنْيَاحَسَنَةً وَّفِى اْلاَخِرَةِحَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَ النَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Rojab Bulan Istimewa, Dimulyakeun ku Allah SWT

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button