Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Rojab Bulan Istimewa, Dimulyakeun ku Allah SWT

NU Cilacap Online — Rajab bulan ketujuh dalam kalender Hijriah, adalah salah satu dari empat bulan mulia (Asyhurul Hurum) yang sangat dimuliakan Allah SWT. Berikut ini Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Rojab Bulan Istimewa, Dimulyakeun ku Allah SWT
Pada bulan istimewa ini amal ibadah dan kebaikan pahalanya dilipatgandakan, doa lebih mudah terkabul, serta menjadi waktu yang baik untuk bertaubat dan meningkatkan spiritualitas menjelang Ramadan.
Keistimewaannya juga karena peristiwa besar seperti Isra’ Mi’raj dan perintah sholat lima waktu terjadi di bulan ini. Subhanallah..
Khutbah Ka I
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ أَسْرَى بِعَبْدِه لَيْلاً, وَعَرَجَ مِنَ الْمَسْجِدِاْلأَقْصَى اِلَى سِدْرَةِ الْمُنْتَهَى, أَشْهَدُ أَنْ لاَّاِلَهَ إَلاَّاللهُ وَلاَ مُمَاثِلاً, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْ لُهُ خَيْرٌ النَّبِىِّ أُرْسِلَ, أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى, وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ صِدْقِ وَالْوَفىَ. أَمَّابَعْدُ: فَيَا أَيُّهَاالْحَاضِرُونْ. أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَّكُمْ فَائِزُوْنَ. أَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. إِنَّ عِدَّةَ ٱلشُّهُورِ عِندَ ٱللَّهِ ٱثۡنَا عَشَرَ شَهۡرٗا فِي كِتَٰبِ ٱللَّهِ يَوۡمَ خَلَقَ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضَ مِنۡهَآ أَرۡبَعَةٌ حُرُمٞ .
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumulloh, Rojab téh mangrupikeun bulan anu dimulyakeun ku Alloh SWT, maka satiap jalmi mukmin kedah ngamulyakeun sasih Rojab iyeu.
Ku cara kumaha urang kedah ngamulyakeun bulan Rojab téh?
فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِين
Hartosna: “Maka aranjeun ulah nganiaya diri aranjeun dina bulan anu opat eta, jeung perangan kaum musyrikin kabeh sakumaha maranehanana merangan anjeun kabeh, jeung kanyahokeun ku anjeun saestuna Alloh bakal sasarengan sareng jalmi anu takwa.” ( at-Taubah : 36)
Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumulloh, Dina sasih Rojab aya sejarah kelam dina perjuangan Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Dina taun kadalapan Kenabian, Kangjeng Nabi SAW mayunana kana rupi-rupi cobaan anu kacida beuratna anu karandapan ku anjeunna sareng pengikutna.
Dina taun éta Kangjeng Nabi nuju aya di kota mekkah, nuju ngemban tugas ngadugikeun Risalah. Permusuhan jeung ancaman ti kaum Quraisy kacida gédéna, tekanan demi tekanan kalintang beuratna. Anjeuna diboikot ku kaum musyrikin anu lumangsung salami 3 tahun.
Teras Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam, di timpa musibah nyaéta ku wafatnya Abu Tholib pamanna anu ngasuh jeung anu teras ngajaga anjeuna tina gangguan-gangguan kafir quraisy dina dakwah.
Dina taun éta ogé anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaéta Siti Khodijah, anu teras-terasan ngabantos sareng ngabela dakwahna Rosululloh.
Siti Khodijah istrina Kangjeng Nabi, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun éta dipanggil ku Alloh Subhanahu wata’ala, sahingga Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy.
Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:
وَاللَّهِ مَا أَخْلَفَ اللَّهُ لِى خَيْرًا مِنْهَا ، وَقَدْ آمَنَتْ بِى إِذْ كَفَرَ بِيَ النَّاسُ وَصَدَّقَتْنِى وَكَذَّبَنِى النَّاسُ ، وَوَاسَتْنِى مِنْ مَالِهَا إِذْ حَرَمَنِى النَّاسُ وَرَزَقَنِى اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ الْأَوْلاَدَ مِنْهَا ، إِذْ حَرَمَنِى أَوْلاَدَ النِّسَاءِ
Hartosna: “Sareng Alloh anu ngagentos anu langkung sae tianjeuna. anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Alloh masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awewe.” (HR. Ahmad)
Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib sareng Siti Khodijah, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngizinkeun ka para sahabatna supados hijrah ka Thoif. Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wasallam, Malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.
Nya dina waktos éta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Alloh SWT. Do’a anu kacida pinuh ku kasedihan, sahingga Alloh ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:
“Hei Muhammad, saéstuna Alloh nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung, teras Alloh ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparéntahkeun ku anjeun, upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana,”
Tapi kumaha waleran Rasululloh ?...“Kami miharep sangkan Alloh ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana, sahingga jalma-jalma daek nyembah ka Alloh anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon baé ogé. (HR. Bukhori wa Muslim)
Éta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlak Rosululloh SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam ogé dengki, sanajan ka jalma anu nganiaya ka anjeuna. Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rosululloh sareng para sahabatna éta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna.
Salajengna cobaan anu kacida beuratna dina taun eta, maka Alloh ngaisrokeun sareng ngami’rojkeun Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina hiji wengi pasna dina wengian 27 Rojab.
Hadirin Jamaah Jum’ah Rohimakumulloh, Hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Urang kedah yakin dina taat kana parentah-parentah Alloh sareng Rosulna, oge nebihan naon rupi anu dilarang ku Alloh sareng Rosulna, utamina nulad atawa nyonto sifat-sifat Rosululloh anu kacida agungna.
Sahingga dina Kasempetan Bulan Rojab anu dongkapna sataun sakali ieu tiasa dimulyakeun ku urang sadaya, ku pirang-pirang amal sholeh boh anu sunat atanapi anu wajib sangkan kenging kabarokahan ti Alloh SWT.
بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Khutbah Ka II
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَبِهِ نَسْتَعِيْـنُ عَلَى أُمُوْرِالدُّنْيَا وَالدِّيْنِ ,وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أَشْرَفِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى أَلِهَ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِاْلاَمِيْنُ ,اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاأَيُّهَاالنَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ ,وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ, إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ, . رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَتُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنْيَاحَسَنَةً وَّفِى اْلاَخِرَةِحَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَ النَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ





