Khutbah Jumat bahasa Sunda, Kasaéan Dunia Akherat

NU Cilacap Online – Tujuan utama setiap muslim adalah kebaikan hidup dunia dan akherat oleh karenanya redaksi kali ini mengetengahkan Khutbah Jumat bahasa Sunda, berjudul Kasaéan Dunia Akherat.

Khutbah ka I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَنْعَمَ عَلَيْنَابِنِعْمَةِ اْلاِيْمَانِ وَاْلاِسْلاَمِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَه اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُا َنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُوا االلهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّوَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. وَٱذۡكُر رَّبَّكَ فِي نَفۡسِكَ تَضَرُّعٗا وَخِيفَةٗ وَدُونَ ٱلۡجَهۡرِ مِنَ ٱلۡقَوۡلِ بِٱلۡغُدُوِّ وَٱلۡأٓصَالِ وَلَا تَكُن مِّنَ ٱلۡغَٰفِلِينَ

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh..
Kangjeng Rosul sholallohu alaihissalam kantos ngadawuh:

اَرْبَعٌ مَنْ اَعْطَى هُنَّ فَقَدْ اَعْطَى خَيْرَ الدُّنْيَا وَاْلاَخِرَةَ: لِسَانٌ ذَاكِرٌ وَقَلْبٌ شَا كِرٌ وَبَدَنٌ عَلَى اْلبَلاَءِصَابِرٌ وَزَوْجَةٌ لاَ تَبْغِيْهِ خَوْفًا عَنْ نَفْسِهَا وَلاَ عَنْ مَالِهِ . ( رواه البيهقى )

Hartosna: Aya opat perkara, saha jalmi nu dipaparin opat perkara éta maka tos dipaparin kasaéan dunya jeung Akherat: Lisan anu salamina dianggo Dzikir (éling) ka Alloh, haté anu dianggo sukur ka Alloh, badan anu salamina sabar dimana kénging cocobi, istri sholehah anu tara hianat kacarogéna ngenaan tidirina jeung tina hartana. (HR. Baihaqi)

Dina hadits nembé diuningakeun ku kangjeng Rosul, jalmi anu midamel opat perkara bakal kenging kasaéan dunya jeung akherat. diantawisna nyaéta:

1. Lisanna jalmi anu salamina dianggo dzikir (eling) ka Alloh SWT.

Sawiji waktos sayidina Ali tumaros kakangjeng Rosul, yaa Rosul jalan numana nu paling caket tur pang gampilna dugi ka Alloh? nabi ngawaler: Sing aya letah anjeun anu salamina baseuh ku Dzikir ka Alloh SWT.,

Teras sayidina Ali Karomallohuwajhah tumaros deui: Ya Rosul sadaya jalmi sok Dzikir, tah ari abdi kedah Dzikir numana? nabi ngawaler deui: pek peureumkeun dua soca anjeun, kupingkeun ucapan kami terus ucapkeun ku anjeun tilu kali! Sayidina Ali meureumkeun soca teras Nabi ngucapkeun kalimat LAAILAAHAILLALLOH, tilu kali teras dituturkeun ku sayidina Ali karomallohuwajhah.

2. Haté anu salamina syukuran ka Alloh Ta’ala., Diantawisna nyaéta aya tilu ciri haté anu syukuran ka Alloh Subhanahu Wata’ala:

Kahiji; Haté anu tumarima kana satiap pamasihan ti Alloh SWT ngarasa yakin yen ieu téh anu langkung saé mungguh Alloh kanggo dirina, sabab hal nu ceuk urang alus pikeun diri urang, mungguh Alloh mah can tangtu saé, nyakitu deui dina hal nu ceuk urang goreng pikeun urang cek Alloh mah can tangtu goreng kanggo urang. Mangka jelas pilihan Alloh téh langkung saé batan pilihan urang.

Kadua; Haté nu ikhlas dina ngalaksanakeun satiap aktipitasna samata-mata pikeun milari karidhoan Alloh Subhanahu Wata’ala

Katilu; Haté nu salawasna tetep mayeng emut ku asma Alloh SWT, sakumaha dawuhan Alloh:

وَٱذۡكُر رَّبَّكَ فِي نَفۡسِكَ تَضَرُّعٗا وَخِيفَةٗ وَدُونَ ٱلۡجَهۡرِ مِنَ ٱلۡقَوۡلِ بِٱلۡغُدُوِّ وَٱلۡأٓصَالِ وَلَا تَكُن مِّنَ ٱلۡغَٰفِلِينَ

Hartosna: Jeung sing inget kapangeran anjeun dina hate anjeun bari kaayaan handap asor tur rasa sieun kumantena bari tanpa narikeun sora, diwaktu isuk-isuk, sore-sore, jeung ulah aya tiantara aranjeun jalma anu paroho ka Alloh.

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh..
3. Jalmi anu baris kenging kasaéan nyaéta, Badan anu sabar kana sagala musibah/cocobi ti Alloh.

Jalmi nu sabar moal eureun tina ikhtiar, jeung mung ka Alloh dirina bakal gumantung, maka dirina bakal dipaparin solusi tina setiap masalah anu keur karandapan.

4. Istri sholihah nu tara khianat kacarogéna, naha dina ngajaga kahormatan dirina atanapi hartana.
Saur nabi dunya téh istri laksana perhiasan, pangsaé-saéna perhiasan dunya téh nyaéta istri sholehah.

Istri sholehah mah seu’eur anu ngadambakeun tapi jarang ngawujud dina rumah tangga, istri sholehah mangrupakeun investasi mahal dina rumah tangga, sabab kana batin bakal tenang, kana rizki matak gampang, nu utami ka turunan matak jadi tuladan. Ogé jalan pikeun nyiptakeun istri solehah téh diantarana didik jeung contoan ku atikan Agama ogé darigama.

Mudah-mudahan opat kasaean nembe tiasa kamiliki ku urang sadaya, sahingga tiasa nganteurkeun urang Kana kabagjaan di dunia ogéa kasalametan di akherat. Aamiin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah ka II

اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـهِ نَسْتَعِيْـنُ عَلَى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَةُ وَالسَّـلاَمُ عَلَى اَشْرَفِ اْلاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ. اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنُ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ اْلاَمِيْـنُ، اَللَّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْا اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللّـَهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلْاَحْياءِ مِنْـهُمْ وَاْلاَمْـوَاتِ، رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ . رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ .رَبَّـنَا اَتِـنَا فِى الدُّنْـيَا حَسَنَـةً وَفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ. وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button