Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Kualitas Iman Islam: Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh

NU Cilacap Online — Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Kualitas Iman Islam: Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh, hal ini sebagai bentuk usaha secara terus-menerus dalam menjalani kehidupan beragama dengan cara yang bijaksana, tidak kasar, dan penuh kasih sayang.
Demikian filosofi sunda untuk membersihkan diri dari penyakit hati, seperti sombong, iri, dengki agar iman menjadi lebih murni dan halus, lembut/berkualitas.
Iman Islam berkualitas bukan sekadar beriman secara formal, tetapi meresapi keyakinan tersebut dalam perilaku sehari-hari dengan sopan santun (tata krama/akhlakul karimah).
Dalam konteks Indonesia, ini sejalan dengan konsep ta’dzim (menghormati) dan ihsan (beribadah dengan kualitas terbaik) dalam ajaran Islam, yang menekankan kehalusan budi pekerti sebagai cerminan iman yang kuat.
Berikut Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Ningkatkeun Kualitas Iman Islam: Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh
Khutbah Pertama
الْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَنْعَمَ عَلَيْنَابِنِعْمَةِ اْلاِيْمَانِ وَاْلاِسْلاَمِ وَالْاِحْسَانِ.اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُبِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواللهَ حَقَّ تَقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّوَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. الَّذِيْ اَنْزَلَ السَّـكِيْنَةَ فِيْ قُلُـوْبِ الْمُؤْمِنِيْنَ لِيَزْدَادُوا اِيْمَانًا مَّعَ اِيْمَانِهِمْ
Hadirin ahli Jum’ah Rahimakumulloh.
Alloh nguningakeun dina surat al-fath ayat 4 anu unggelna kieu: “Nya mantenna Dzat anu geus nurunkeun katengtreman dina haté jalmi-jalmi Mukmin sangkan nambahan iman maranehna kana imana anu geus aya.
Sacara lahiriyah mafhumna éta ayat ngajentrekeun yén jalmi awam kaimanan hiji waktos sok ngalaman pasang surut sakumaha pasang surutna cai laut.
Hadirin ahli Jum’ah h Rahimakumullah,
Pasang surutna kaimanan urang geus biasa kaalaman ku sakabeh manusa nu awam tur lumrah. Kadang kala dina hiji mangsa mah ngalakonan ibadah téh karasa asa ngareunah genah, kawajiban anu fardu dilaksanakeun ogé khusyu’, sagala amalan pasunatan tara elat katinggaleun, pon nyakitu deui zikir kalayan minuhan kalbu jeung fikir.
Tapi dina mangsa anu séjén, ibadah urang sok ngolémbar, hambar taya rasa. Kakhusyuan asa beuki ngajauhan, jumlah ibadah beuki ngurangan, nyakitu deui dina ngalaksanakeun amalan pasunatan, dalah kawajiban anu fardu ogé sok luntur ku kakedal tur kamumul, dzikir jeung du’a ngan saukur sakasampeurna.
Hadirin ahli Jum’ah Rahimakumulloh,
Faktor-faktor panyabab naek turunna kaimanan téh henteu hesé nyuprih sarta neanganana. Kabeh aya dina diri urang sarta bisa karasa ku sorangan, teu kudu jauh-jauh nyukcrukna sarta teu kudu mukaan kitab-kitab pikeun neangan tur ngabahasna. Urang cukup merhatikeun kajadian-kajadian nu kaalaman sapopoé.
Sok sanajan halna sapele, tapi hikmah tur faedahna pohara gedena. Contona bae hiji hal anu enteng bari katingali sapopoe nyaéta masalah kasehatan diri urang pribadi.
Analisana kieu, upama urang tulaten ngarawat diri, sagala kabutuhan kasehatan diperhatikeun, boh kadaharan atawa ngurus kabersihan badan, sarta ngajauhan hal-hal anu matak ngaruksak, mangaruhan tur ngarugikeun kana awak, pastina urang bakal ngarasa tumaninah ngalakonan kahirupan.
Pon nyakitu dina nyumponan paréntah Pangeran, malahan lamun kondisi kasehatan urang keur meujeuhna hadé, ceuk paribasana dahar jeung uyah ogé asa dahar jeung ati bayah, saking nikmat-nikmatna, sok sanajan urang henteu nyaho ti mana datangna eta kanikmatan. Upama diperhatikeun saliwat mah kumaha rek bisa nikmat dahar, ari deungeunnana ngan sa ukur uyah guruntulan dibaturan cengék.
Tapi sabalikna, upama urang henteu mirosea kana kasehatan diri urang, tapi lain tur cadu kana ngurusna, henté ieuh pulah pilih mana anu bakal nguntungkeun jeung ngarugikeun kana kasehatan, anu tungtungna mah diri urang teh kaserang ku panyakitan.
Kaayaan atawa kondisi diri, ku urang bakal ka sawang. Sok sanajan menu kadaharan dikumplitan “Empat Sehat Lima Sempurna“, sagala rupa inuman atawa buah-buahan anu matak nyegerkeun disadiakeun, ari dirina keur gering mah tetep baé moal rék nikmat.
Dahar karasana parait jeung asa weureu, ceuk paribasana mah “cai asa tuak, bari kejo asa catang bobo“ taya mirasa saeutik-eutik acan.
Tah masalah kaimanan ogé kitu kaayaanana. Upama urang teu pinter-pinter ngarawatanana, malihara terus-terusan ku kataatan jeung loba zikir (ngadeukeutkeun diri) ka Alloh, kalawan geten nyinglaran hal-hal anu matak ngabahayakeun tur mangaruhan kana nguranganana kaimanan urang, tangtuna urang bakal bisa ngajaga kasinambungan kaimanan. Malahan bisa jadi leuwih kuat tur leuwih kandel ti batan kaayaan anu ka tukang, grafikna terus muncung naek ka luhur.
Atuh dina henteuna ogé, éta grafik téh tetep aya dina kaayaan stabil sakumaha bihara bihari. Sabalikna, upama éta kaimanan téh henteu dipiara, diabur sina ngalajur napsu nepi ka tara pisan kaantelan pupuk kataatan, ulah rek diharepkeun yen éta kaimanan teh bakal langgeng ayana dina diri urang. Malah henteu nutup kamungkinan kaimanan eta bakal leungit nalika geus kalimpudan ku kamaksiatan sarta urang geus wani-wani mopohokeun ka Alloh tur nglalaworakeun kana ibadah.
Ahli jum’ah Rahimakulloh, Amirul Mukminin Umar Ibnu Al-Khothob anu dipikaserabeun lain baé ku nu ngamusuhan Islam, dalah ku setan, sok umajak ka para sohabat anu sanesna ku ngucapkeun,
هَلُّمَ نُجَدِّدُاْلاِيْمَانَ …. هُلَّمَ نُجَدِّدُاْلاِيْمَانَ
Hayu urang ngomean kaimanan …. hayu urang ngomean kaimanan ….
Nalika ningali yén kaimanan para sohabat geus mimiti turun, anjeunna ngageuing para sohabat sangkan ngaweuteuhan imanna. Komo deui urang anu saban poé pagilinggisik jeung tingkah laku setan, tangtuna kudu leuwih soson-soson ngomean éta kaimanan.
Ku kituna, hayu urang sami-sami ngajaga sarta ngariksa kaimanan anu ku urang nu kungsi dirintis ti anggalna, malah mandar urang bisa ningkatkeun ka nu leuwih tibatan anu baheula.
Mangga urang merhatoskeun naon-naon anu kantos didugikeun ku sohabat Abud Darda r.a. anu unggelna :
مِنْ فِقْهِ اْلعَبْدِ اَنْ يَتَعَاهَدَ اِيْمَانَهَا وَمَانَقَصَ مِنْهُ، وَمِنْ فِقْـهِ اْلعَبْدِ اَنْ يَعْلَمَ اَنْ يَزْدَادَ هُوَ اَم ْيَنْقُصَ
“Diantara tanda-tanda Pahamna hiji hamba kana Agama teh nyaeta mageuhan tali kaimannana sarta ngomean kakurangan-kakurangannana, nya kitu deui diantara tanda-tanda kafakihan hiji hamba teh nyaeta nganyahokeun naha kaimanan teh nambahan atawa ngurangan.”
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ , وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ ابْنِ عَبْدِاللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ .رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَة حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْن





