Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tujuan Utama Jalma Puasa

NU Cilacap Online — Tujuan utama diperintahkan berpuasa berdasarkan perintah Allah SWT dalam surat Al-Baqarah ayat 183 adalah agar menjadi orang yang bertakwa (la’allakum tattaquun). Berikut ini Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tujuan Utama Jalma Puasa

Hamba yang beriman dan bertakwa adalah bermakna meningkatkan ketaatan, mengendalikan hawa nafsu, serta membentuk pribadi jujur, disiplin, dan peduli sesama.

Khutbah Pertama

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا الله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى

Hadirin jamaah jum’ah rohimakumulloh,
Satiap manusa pasti ngabogaan hawa nafsu (kahayang), ari hakekatna puasa téh nyaéta ngendalikeun hawa nafsu, lain maéhan hawa nafsu. Tegesna mah, ngendalikeun hawa nafsu téh éta tujuan utama dina ibadah puasa. Diantawisna nyaéta nafsu anu tilu: nafsu muthma’innah, lawwamah, jeung ammaroh.

Nafsu muthma’innah nyaéta nafsu anu ngajak kana kasaéan, syukur nalika urang meunang nikmat, jeung ngajak sabar nalika urang dipaparin cocoba. Nafsu lawwamah nyaéta nafsu anu nyalahkeun/hanjakal nalika urang migawé salah jeung dosa.

Teras nafsu amaroh nyaéta nafsu anu sok ngajak urang kana migawe kagorengan. Tegesna, éta sadayana nafsu téh, terutama nafsu amaroh, kedah dikendalikeun ku urang, lain kalah urang anu dikendalikeun nafsu. Hiji waktu mah urang ogé butuh ku nafsu, contona nafsu barang dahar supaya jadi sabab kuatna awak urang, nafsu syahwat kanu janten bojo urang supaya jadi sabab lahirna turunan urang, jeung sajabana.

Tah ibadah puasa téh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula. Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak/sapatemon jeung bojo urang. Teras nalika dicumponannana ogé ulah dianteur sakahayangna. Sabab urang téh puasa téa.

Puasa hartina nahan perkara anu asalna halal dipigawé ti beurang, komo lamun anu teu halal mah. Leuwih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah meunang karugian.

Hadirin jamaah jum’ah anu sami mulya,
Sanes kanten ti éta, puasa urang téh ulah ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat larangan wungkul, tapi kudu ditingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu sanesna. Ngajauhan perkara anu mantak ngabatalkeun ibadah puasa ogé pahala ibadah puasa.

Kalolobaannana urang karek tiasa ninggalkeun perkara anu ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur Kangjeng Nabi téa mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:

كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالعَطْشُ
Hartosna, “Loba pisan jalmi anu puasa, tapi teu meunang bagean nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu haram, cepil puasa tina ngupingkeun perkara anu teu aya gunana, panangan puasa tina midamel perkara anu dilarang, sampéan puasa tina ngalengkah anu teu dipikaridho ku Alloh, sareng sajabina. Margi, Kangjeng Rosul sasauran: moal ditarima puasana jalmi anu tetep teu ninggalkeun pagawaean anu goreng.

مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّوْرِ والعَمَلَ بهِ فَلَيْسَ للهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طعَامَهُ وشَرَابَهُ
Artinya, “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan dosa, maka Alloh moal narima puasana dina nahan dahar jeung nginum.” (HR. al Bukhori).

Eta puasa téh nembé kagolongkeun puasa pancaindra jeung anggota dzohir. Kalih ti éta, urang sadayana kedah ningkatkeun deui tina puasa dzohir kana puasa batin.

Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna haté tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hadé, saperti syirik alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam, dengki, ujub, takabur, jeung sajabana. Anggur mah, pinuhan haté urang jeung basehan lisan urang ku loba dzikir ka Alloh. Sabab, yakin éta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang sareng ka Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios sifatna, nyaéta teu tuang teu leueut.

Tegesna, puasa téh nyaéta cara manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana supados langkung caket sareng Alloh Subhanahu wata’ala.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh,
Salajengna, kanggo ngiatkeun sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida saéna upami urang uninga kana hikmah-hikmahna puasa. Salah sawiosna anu parantos disinggung di luhur, nyaéta ngahontal darajat takwa.

Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu ngabatalkeun puasa, sok sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku lampah téh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos disaksikeun jeung diawaskeun ku Alloh.

Kedah sieun midamel anu matak ngondang bebendon Alloh. Lamun urang atos takwa insya Alloh, urang gaduh bekel anu pangsaé-saéna dina mayunan kahirupan dunya rawuh akherat, sakumaha pidawuh Alloh.

وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى
Hartosna: “Aranjeun kudu bebekelan. Maka saenya-enyana bekel anu paling alus nyaéta takwa.” (al-Baqoroh: 197).

Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah anu singkat ieu, urang sadayana sing tiasa leres-leres ngajalankeun ibadah puasa kalayan ngengingkeun darajat jalma nu takwa. Amin ya robbal alamin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُحْسِنِيْنَ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ.رَبَّنَاأَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ أَقْدَامَنَاوَانْصُرْنَاعَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button