Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tilu Paristiwa Penting Sasih Syakban

NU Cilacap Online — Dalam penanggalan Hijriah, Syakban merupakan bulan ke delapan. Ada tiga peristiwa penting dalam bulan ini sebagai peringatan maka kami ketengahkan melalui Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tilu Paristiwa Penting Sasih Syakban.
Bulan Syakban Terbilang Istimewa
Dalam sejarah kebudayaan Islam bulan Syakban terbilang istimewa, namun kaum muslimin seringkali melupakannya, di sisi lain syakban juga bulan ibadah dengan pahala yang berlioat ganda.
Syaban adalah bulan persiapan menjelang bulan Ramadan. Baik secara kuantitas dan kualitas, yang seharusnya Syaban sebagai bulan “pemanasan” untuk menyambut ibadah bulan Ramadhan.
Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Syakban Bulan Ngabersihkeun Haté
Bulan Syaban sendiri, ada beberapa peristiwa penting yang pernah terjadi. Di antaranya adalah 3 peristiwa yang sangat berpengaruh terhadap perkembangan Islam saat itu.
Pertama, Bulan Turunnya Ayat Perintah Bershalawat, kedua, Bulan Syakban Bulan Turunnya ayat suci Perintah untuk berpuasa pada Bulan Ramadan, ketiga. Perpindahan Kiblat Dari Masjidil Aqsa ke Masjidil Haram.
Berikut ini Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tilu Paristiwa Penting Sasih Syakban
Khutbah Pertama
إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
…أَمَّا بَعْدُ
فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ:
فَإِذَا قُضِيَتِ الصَّلَاةُ فَانتَشِرُوا فِي الْأَرْضِ وَابْتَغُوا مِن فَضْلِ اللَّهِ وَاذْكُرُوا اللَّهَ كَثِيرًا لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُونَ
Ma’asyiral muslimin Rahimakumulloh, Upami ningal kana kamus, Syakban hartosna jalan diluhur gunung. Dina tradisi Jawa-Sunda, bulan Syakban disebut bulan Ruwah. Asalna tina kecap “arwah”, lantaran tradisi ngadoa ka karuhun anu kasebat sasih Nyadran. Makna nu ieu téh sajalan kanggo mayunan bulan shiam sasih Ramadan.
Ieu ogé mangrupikeun kiasan yén bulan anu kadalapan dina kalender Hijriyah ieu téh mangrupikeun hiji momen anu kawilang tepatna kanggo nganapaki jalan kasaéan, nyaéta bulanna kanggo nyiapkeun bekel ogé nyambut bulan anu mulya, nyaéta bulan suci Ramadan.
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah, Allah SWT ngamuliakeun sasih Syakban ku tilu perkara keistimewaan nyaéta;
Kahiji: Bulan Sya’ban Bulan Turun Wahyu Parentah Shalawat
Allah SWT nurunkeun hiji ayat tentang parentah shalawat ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, sakumaha nu aya dina Al-Quran surat Al-Ahzab ayat 56;
إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَٰٓئِكَتَهُۥ يُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِىِّ ۚ يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ صَلُّوا۟ عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا۟ تَسْلِيمًا
Ma’asyiral muslimin Rahimakumulloh, mayoritas ulama sepakat yén ayat ieu téh lungsurna di bulan Syakban. Nu mana Ayat ieu diturunkeun dina taun ka-5 Hijriyah di Madinah dina bulan Syakban, ku kituna mindeng disebut Syahru Shalawat atawa Sasih Shalawat. Salah hiji rujukan utama pikeun ieu nyaéta kitab “Madza fi Syakban” karya Sayyid Muhammad bin Alawi Al-Maliki.
Secara bahasa, shalawat dicandak tina kalimat shalat nu hartosna doa, sementawisna dina ieu ayat aya tilu shalawat: nu kahiji, shalawatna Allah; nu kadua, shalawatna malaikat; sareng nu katilu parentah shalawat kanggo umatna Nabi
ayat ieu janten buktos ogé yén Kanjeng Nabi SAW ngagaduhan kadudukan anu mulya dipayunen Allah, dina pada Allah nurunkeun rahmat ogé kasaéan, malaikat ngadoa.
Kadua: Bulan Syakban Bulan Turun Paréntah Shaum Bulan Ramadan
Bulan Syakban mangrupikeun bulanna turun ayat anu eusina maréntahkeun sakabeh umat Islam pikeun shaum di bulan Ramadhan, ayat anu dimaksud Al-Quran surat Al-Baqarah ayat 183, Allah SWT ngadauh,
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
“Wahai jalma-jalma anu iman, geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saacan aranjeun, supaya aranjeun jadi takwa.” (QS. AlBaqarah: 183)
Ma’asyiral Muslimin, parentah puasa nu ku Allah didugikeun ka hamba-hamba na, ieu mangrupikeun rohmat ogé kawelas asih ti mantenna, naon margina? Margi puasa janten perisai, sahingga saha waé jalma anu ngajalankeun, maka éta puasa bisa nahan sareng ngaredam nafsu anu seringna éta nafsu téh nganungtut pikeun dimamanja.
Bulan Syakban janten hiji bulan anu ngarekam sajarah difardhukeun puasa di éta bulan pikeun sakabeh jalma muslim salami sabulan pinuh.
Bulan Syakban janten tonggak dina pada hadirna hiji bulan anu mangrupikeun anugerah istimewa ti Allah, sahingga sagala rupi kasaéan pahalana dilipatgandakeun.
Dina hiji riwayat Sayyidah ‘Aisyah dina waktosna ditaros perkawis kumaha shaumna kanjeng Nabi di bulan Syakban, anjeunna ngawaler, saurna,
لَمْ يَكُنِ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَصُومُ شَهْرًا أَكْثَرَ مِنْ شَعْبَانَ، فَإِنَّهُ كَانَ يَصُومُ شَعْبَانَ كُلَّهُ
“Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam pernah puasa dina sabulan langkung seueur puasana di bulan Syakban, sabab satemenna anjeunna ngalakukeun puasa bulan Syakban sagemblengna.” (HR. Al-Bukhari No. 1834; HR. Muslim No. 1957)
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah, Katilu: Bulan Syakban Bulan Pindah Kiblat
Cara Allah ngamuliakeunana, bulan Syakban ogé janten sajarah dimulaina Ka’bah janten kiblat na umat Islam sabakdana masjid Al-Aqsa, sajarah pindahna ieu kiblat téh ditandai ku turunna ayat Al-Quran surat Al-Baqarah Ayat 144, Dawuh Allah SWT:
قَدْ نَرَىٰ تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِى ٱلسَّمَآءِ ۖ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَىٰهَا ۚ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ ٱلْمَسْجِدِ ٱلْحَرَامِ ۚ وَحَيْثُ مَا كُنتُمْ فَوَلُّوا۟ وُجُوهَكُمْ شَطْرَهُۥ ۗ وَإِنَّ ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ لَيَعْلَمُونَ أَنَّهُ ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّهِمْ ۗ وَمَا ٱللَّهُ بِغَٰفِلٍ عَمَّا يَعْمَلُونَ
“Saéstuna Kami (sering) ningali raray anjeun neuteup ka langit, tuluy Kaula baris malikkeun anjeun ka kiblat anu ku anjeun pikaresep. Ngalieuk ka arah Masjidil Haram. Di mana waé anjeun aya, malikkeun wajah anjeun ka arahna. Jeung satemenna jalma-jalma (Yahudi jeung Nasrani) anu dibere Kitab (Taurat jeung Injil) geus nyaho yén balik ka Masjidil Haram téh bener ti Pangéran maranéhna; jeung Allah henteu malire kana naon anu maranehna laksanakeun.” (QS. Al-Baqarah: 144)
Ma’asyiral muslimin, Imam Al-Qurthubi dina tafsirna Al-Jaami’ li Ahkamil Quran sawaktosna anjeunna nafsirkeun ieu ayat ku ngutip pendapatna Abu Hatim Al-Busti, anjeunna nyebatkeun yén Allah Nu Maha Kawasa maréntah ka kanjeng Rasul SAW pikeun mindahkeun kiblat dina wungian dinten salasa bulan Syakban anu bertepatan sareng wungian nana nisfu Syakban.
Kiblat janten hiji simbol katauhidan, margi sakabéhna jalma muslim ngadep ka hiji tujuan, salain ti éta, pindahna kiblat ti masjidil Aqsa ka Masjidil Haram téh negaskeun ka urang sadaya yén Allah Nu Maha Kawasa teu butuh kana waktos ogé tempat.
Hal ieu sakumaha sajarah perobihan katangtuan kiblat anu teu mutlak ka saarah wungkul. Umat Islam dina waktosna henteu aya dina kaayaan nyembah Ka’bah atanapi masjidil Aqsa, balikna sakabéhna umat Islam aya dina kaayaan nyembah ka Allah SWT.
Ku ayana kitu, mudah-mudahan urang sadaya kalebetkeun dina barisan jalma-jalma anu dipaparin kakiatan ku Allah pikeun ngisi ieu bulan Syakban ku kataatan anu sampurna kalayan lisan urang setiap waktos baseuh ku zikir ka Allah, istighfar tina sagala rupi kasalahan, sareng baseuh ku seueurna shalawat ka kanjeng Nabi Muhammad SAW,
Sahingga dina waktosna urang dugi ka bulan mulia bulan suci Ramadan, urang siap kanggo nyambutna kalayan haté anu bersih tur raga anu maksimal dimanfaatkeun dina kataatan ka Allah SWT.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ, أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Ngalakokan Sunah Nabi, Kabagjaan Dunia Akherat
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، إِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ وَكَفَرَ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلَائِقِ وَالْبَشَرِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ، اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا.
اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّdِنَا إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى سَيِّdِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّdٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّdِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّdِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِي الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللّٰهُمَّ وَارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، سَادَاتِنَا أَبِيْ بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ، وَعَنْ بَاقِي الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِcِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ.
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُsْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ، يَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ.
اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هٰذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ.
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَىٰ وَيَنْهَىٰ عَنِ الْفَحْशَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.
…أَقِيْمُوا الصَّلَاة
Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Kualitas Iman Islam: Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh





