Khutbah Jum’at Bahasa Sunda, Hidayah Kagungan Allah SWT

NU Cilacap online – Khutbah Jum’at Bahasa Sunda berjudul Hidayah Kagungan Allah SWT ini mengupas bahwasannya hidayah atau petunjuk hanyalah milik Allah SWT

Bagaimana pun upaya kita untuk merubah seseorang, bagaimana pun kerja keras kita untuk menyadarkan seseorang semua upaya itu tidak ada artinya jika Allah tidak menghendaki hidayah kepadanya, orang tersebut tidak akan berubah sampai Allah memberikannya hidayah.

Allah berfirman yang artinya “Sesungguhnya kamu tidak akan dapat memberi petunjuk kepada orang yang kamu kasihi, tetapi Alloh memberi petunjuk kepada orang yang dikehendaki-Nya, dan Alloh lebih mengetahui orang-orang yang mau menerima petunjuk.” (QS Al Qashash: 56).

Hidayah Kagungan Allah SWT

Khutbah I

 

إنَّ الْحَمْدَ للهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَاوَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا .وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا

اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ ,فَمَنْ يُرِدِ اللَّهُ أَنْ يَهدِيَهُ يَشْرَحْ صَدْرَهُ لِلْإِسْلَامِ وَمَنْ يُرِدْ أَنْ يُضِلَّهُ يَجْعَلْ صَدْرَهُ ضَيِّقًا حَرَجًا كَأَنَّمَا يَصَّعَّدُ فِي السَّمَاءِ كَذَالِكَ يَجْعَلُ اللَّهُ الرِّجْسَ عَلَى الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ

Hadirin Ahli Jum’ah, Rahimakumullah…
Nalika Kanjeng Nabi Muhammad SAW maoskeun dawuhan Gusti Allah anu nembe diaos, Mantenna teras ngadawuh:

اِذَا دَخَلَ نُوْرُ الْإِسْلَامِ الْقَلْبَ اِنْشَرَحَ وَانْفَسَحَ, فَقِيْلَ هَلْ لِذَالِكَ مِنْ عَلَامَةٍ ؟ قَالَ: نَعَمْ, اَلتَّجَافِى عَنْ دَارِ الْغُرُوْرِ وَ الْإِنَابَةُ اِلَى دَارِ الْخُلُوْدِ وَالْإِسْتِعْدَادُ لِلْمَوْتِ قَبْلَ نُزُوْلِهِ

Hartosna: “Di mana-mana cahaya Islam lebet kana haté, maka éta haté jadi jembar sareng lapang dada. Nabi SAW ditaros: ‘ Naha aya tawisna ?’ Waler Nabi: ‘ Kantenan aya, nyaéta nebihan panipuan dunya sareng balik ka akherat nagri abadi sarta siap-siap bebekelan pikeun mayunan maot memeh sumping maot”. ( Tanbihul Ghofilin).

Jalmi anu dipaparin hidayah ku Allah, haténa bakal dipasihan kajembaran, lapang dada anu di antara cirina nyaéta nebihan (salamet) tina panipuan kahirupan dunya margi badé mulang nuju ka akherat sahingga salamina tihot-hat beramal pikeun bekel ka akherat samemeh sumping ajal.

Hampang birit dina enggoning ibadah sareng midamel rupi-rupi amal soleh, naha ibadah anu langsung atanapi anu teu langsung. Tos lir anu wajib anu sunatna oge dikeureuyeuh.

Leresan larangan, bujeng anu haram, anu makruh ogé sakiat tanagi dikantunkeun. Langkung ti éta jalmi anu manahna dipasihan hidayah ku Allah, bakal jembar dada, pasrah sumerah, nampi dina mayunan rupi-rupi kajantenan anu tumiba dina kahirupan, teu weleh syukur dina nikmat sareng sobar tawekal dimana-mana nampi karerepet atanapi musibah.

Samulihna, jalmi anu baris disasarkeun ku Allah, jalmi anu teu dipasihan pituduh, bakal dipasihan haté anu rupek, heureut deuleu pondok lengkah, beurat sareng hoream ngalaksanakeun syare’at agama.

Bujeng ngalaksanakeun pasunatan, nyingkahan pamakruhan; ngalakasanakeun kawajiban sareng nyingkahan paharaman oge bakal ngaraos beurat, hoream, dugika teu aya kamampuhan ngalakonan tugas-tugas ti Gusti Allah.

Pirang-pirang alesan dijadikeun panghalang pikeun ngalakonan ibadah, anu éta alesan teh ari jang pidunyaeun mah teu sing jadi halangan.

Jalmi anu disasarkeun manahna ku Allah, ngalaksanakeun ibadah téh saolah-olah dipiwarang naek ka langit, dina pada sesah sareng beuratna tanjakan (QS. Al-An`am, ayat 125 )

Hadirin Rahimakumullah..
Anu dimaksad ku hidayah nyaéta cahaya (nur) anu aya dina dawuhan Allah:

اَ فَمَنْ شَرَحَ اللَّهُ صَدْرَهُ لِلْإِسْلَامِ فَهُوَ عَلَى نُورٍ مِنْ رَبِّهِ فَوَيْلٌ لِلْقَاسِيَةِ قُلُوبُهُمْ مِنْ ذِكْرِ اللَّهِ أُولَئِكَ فِي ضَلَالٍ مُّبِينٍ

Hartosna: “Nya naha anu dijembarkeun dadana ku Allah kana (narima) Islam teh manehna lumampah dina cahaya ti Pangeranana (sarua jeung anu teu bogaeun pikiran?). Nya kacilakaan pikeun anu tareuas haténa tina eling ka Alloh. Maranehna teh dina kasasaran anu tetela”. {QS. Az-Zumar, ayat 22}.

Jalaran hidayah téh mutlak hak Allah sakersa Anjeuna ka sing saha baé anu badé dikersakeun nampi éta hidayah, teu ningal status sareng tuturus, atuh sing saha baé anu nampi kana eta hidayah, digampilkeun midamel pirang-pirang ibadah sareng amal shaleh, digampilkeun nyingkahan pirang-pirang panyegah Alloh, maka kedah syukuran, kedah muji ka Gusti Allah, teu kenging diangken ladang katiasa jeung kamampuhan nyalira, bari teu petot-petot disarengan neneda nyuhunkeun ka Mantenna supados éta hidayah teh henteu dicabut dugika maot sahingga aya dina husnul khotimah.

Sabalikna sing saha anu teu dipasihan hidayah ku Allah, sesah sareng beurat dina ngalakonan ibadah sareng amal soleh, kalah resep dina midamel laranganana; teu kenging nganaha-naha ka Allah, teu kedah ngalepatkeun batur, tapi lepatkeu bae dirina nyalira, kunaon bet teu ngagunakeun akal.

Kasauran Kanjeng Nabi Muhammad SAW, dina hadits arbain hadits ka 24:

مَنْ وَجَدَ خَيْرًا فَلْيَحْمَدِ اللهَ وَ مَنْ وَجَدَ غَيْرَ ذَالِكَ فَلَا يَلُوْمَنَّ اِلَّا نَفْسَهُ

Hartosna: ” Sing saha anu mendakan kasaean {tiasa amal soleh}, maka kedah muji ka Alloh, sareng sing saha anu mendakan salian ti eta, maka ulah ngala`nat iwal ti ngala`nat ka dirina sorangan”. (HR. Muslim – Iqodul Himam, kaca 249).

Mugi-mugi urang sadaya salamina kenging hidayah Gusti Allah dugika waktosna sumping ajal, aya dina husnul khatimah disarengan kanyaah sareng pangampura Allah SWT.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Khutbah Ka II

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ هَدَانَا لِهَذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ. اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الَّذِى لاَ نَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَ ا نْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَ زَجَرَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَارِ وَاَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button