Khutbah Jumat Sunda, Opat Perkara anu Ditaroskeun Dina Poé Kiamat

NU Cilacap Online – Khutbah Jumat bahasa sunda kali ini mengetengahkan ikhwal tentang empat perkara yang dipertanggungjawabkan di Hari Kiamat, dengan judul ‘opat perkara anu baris ditaroskeun dina poé kiamat’.

Setiap hamba dalam hidupnya di dunia tidak luput dari pertanggungjawaban atas apa yang diperbuatnya. Mulai dari aktivitasnya, kegiatannya, pekerjaannya, pergaulannya, termasuk anggota badannya terhadap apa yang diperbuat. Sebagaimana Sabda Nabi Muhammad SAW;

لَا تَزُوْلُ قَدَمَا عَبْدٍ يَوْمَ الْقِيَامَةِ حَتَّى يُسْأَلَ عَنْ أَرْبَعٍ عَنْ عُمُرِهِ فِيْمَا أَفْنَاهُ وَعَنْ جَسَدِهِ فِيْمَا أَبْلَاهُ وَعَنْ عِلْمِهِ مَاذَا عَمِلَ فِيْهِ وَعَنْ مَالِهِ مِنْ أَيْنَ اكْتَسَبَهُ وَفِيْمَا أَنْفَقَهُ (رَوَاهُ ابْنُ حِبَّانَ وَالتِّرْمِذِيُّ)

“Kedua kaki seorang hamba tidaklah beranjak dari tempat hisabnya pada hari kiamat hingga ia ditanya mengenai empat hal: (1) umurnya, untuk apakah ia habiskan, (2) jasadnya, untuk apakah ia gunakan, (3) ilmunya, apakah telah ia amalkan, (4) hartanya, dari mana ia peroleh dan dalam hal apa ia belanjakan” (HR Ibnu Hibban dan at-Tirmidzi).

Berikut ini naskah Khutbah Jumat bahasa sunda berjudul opat perkara anu baris ditaroskeun dina poé kiamat

Khutbah I

 

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ اَنْ هَدَانَا اللهُ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِيَ بَعْدَهُ. اَللَّـهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَـااَيُّـهَااْلحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْا اللهَ حَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَ اُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . ثُمَّ لَتُسۡـَٔلُنَّ يَوۡمَئِذٍ عَنِ ٱلنَّعِيمِ    .

Hadirin Sidang Jum’ah Rahimakumullah

Urang sadayana tangtos miharep kasalametan di akherat. Nanging, naha urang atos saleres-leresna ngusahakeun keur ngahontal éta kasalematan di alam dunya anu nuju dialaman ieu?

Di antara usaha anu kedah ku urang dilakonan téh nyaéta nyiapkan jawaban kango pertarosan anu bakal diajengkeun ka urang jaga.

Pertarosanna, perkawis naon waé anu kedah ku urang dipersiapkeun jaga dina poé kiamah? Dina leresan ieu, Kangjeng Rosul parantos maparin gambaran kanggo urang, yen aya opat pertarosan utama anu bakal disodorkeun ka urang téh.

Sahingga dampal sampéan urang moal tiasa ngejet atanapi ngalengkah sateuacan lulus ngawaler opat pertarosan anu éta. Kitu sakumaha dawuhan nabi urang sadayana:

   لَا تَزُولُ ‌قَدَمَا ‌عَبْدٍ يَوْمَ الْقِيَامَةِ حَتَّى يُسْأَلَ

Hartosna: “Moal waka ngageser dua dampal sampéan hiji abdi dina poé kiamah dugika eta abdi teh ditaros.” (HR. At-Tirmidzi).

Éta opat pertarosanna teh diantawisna nyaeta nu kahiji:

 عَنْ عُمْرِهِ فِيمَا أَفْنَاهُ

Hartosna: “Perkawis umurna, diséépkeun kana naon éta umurna.”  

Janten jelas tur jéntré, yen umur anu diamanatkeun ku Alloh ka urang téh kedah ditangelwalerkeun dina poé kiamah.

Naha urang atos sadar dugika palebah dinya? Sedengkeun tos sabaraha puluh tahun yuswa urang ayéuna?

Mungkin aya anu 20 taun, aya anu 40 taun, malihan aya nu tos 60 taun langkung? dianggo naon éta yuswa ku urang téh? Naha seueuer dianggo ta’at, naha seueur dianggo maksiat? Naha seueur dianggo éling ka Alloh, naha seueur di anggo poho ka Alloh?

Bade kumaha waleran urang jaga nalika yuswa urang seueur dianggo doraka ka Alloh? Rupina mah ku hiji pertarosan éta waé urang tos bingung. Kumaha bade mayunan pertarosan sanesna.

Sidang Jum’ah anu sami mulya,..

Pertarosan anu kadua nyaéta:

 عَنْ عِلْمِهِ مَا فَعَلَ بِهِ

Hartosna: “Perkawis elmuna, naon anu tos dipidamel ku elmuna?”

Janten geuning elmu urang teh kedah ditangelwalerkeun di payuneun Alloh dina poé kiamah. Nu matak bagea keur jalma anu ngagaduhan elmu tur diamalkeun elmuna. Naon pangna kedah diamalkeun, supados ringan ngawaler pertarosan jaga dina poé kiamah.

Sabalikna, cilaka jalmi anu ngagaduhan elmu, nanging padamelannana teu acan saluyu sareng nu dipika hoyong ku elmu. Tah éta pisan anu matak ngondang bebendu Alloh, sakumaha anu diuningakeun dina Al-Qur’an:

 كَبُرَ مَقْتًا عِنْدَ اللّٰهِ اَنْ تَقُوْلُوْا مَا لَا تَفْعَلُوْنَ   

Hartosna: “Kalintang ageungna bebendu Alloh, nyaéta anjeun ngucapkeun perkara (elmu) anu teu acan dipidamel ku anjeun.” ( Ash-Shaff : 3).

Kumargi kitu, urang kedah janten ahli elmu, kitu amanat Kangjeng Rosul SAW:

 ‌كُنْ ‌عَالِمًا أَوْ مُتَعَلِّمًا أَوْ مُحِبًّا أَوْ مُتَّبَعًا ، وَلَا تَكُنِ الْخَامِسَ فَتَهْلِكَ

Hartsona: “Anjeun kedah janten jalmi alim, atanapi anu nungtut elmu, atanapi anu mikacinta kana elmu, atanapi anu nurutkeun kana elmu. Nanging ulah janten anu kalima, maka anjeun cilaka.”  (HR. al-Baihaqi).

Saatos janten ahli elmu, maka kedah midamel amal saé nganggo éta elmu. Supados urang hampang-himping mayunan pertarosan di akherat.

Jamaah Jum’ah anu sami mulya,

Pertarosan anu katilu nyaéta:

 عَنْ مَالِهِ مِنْ أَيْنَ اكْتَسَبَهُ وَفِيمَا أَنْفَقَهُ

 Hartosna: “Perkawis hartana, ti mana eta harta dikengingkeun, sareng dikana naonkeun éta harta di infakkeun.”  

Masya Alloh, urang baris mayunan pertarosan perkawis harta urang anu kalintang beuratna. Beurat margi pertarosnana oge sanes sarupi, tapi dua pertarosan sakaligus, tapi timana harta urang dikengingkeun, sareng di infakkeun kana naon?

Hal ieu tangtos emutaneun kanggo urang waktos ayeuna, naha harta urang téh dikengingkeun ngalangkungan jalan anu halal atanapi nu teu halal?

Saatos urang kenging harta, naha tos dianggo dina jalan anu dipakiridho ku Alloh atanapi teu acan. Pantes Alloh ngemutan ka urang sadayana, yen satiap harta, ogé satiap nikmat anu dipaparinkeun ka urang, éta téh bakal ditaroskeun jaga dina yaomil akhir.

 ثُمَّ لَتُسۡـَٔلُنَّ يَوۡمَئِذٍ عَنِ ٱلنَّعِيمِ  

“Saterasna, anjeun sabener-benerna bakal ditanya dina poé éta perkawis kanikmatan (anu megah di dunia tea),” ( At-Takatsur: 8).  

Hadirin Jamaah Jum’ah sadayana,

pertarosan terakhir kanggo urang dina poé kiamah teh nyaéta:

   عَنْ جِسْمِهِ فِيمَا أَبْلَاهُ    

“Perkawis awakna, kana naon éta awakna diruksakeun?”

Ieu ogé pertarosan beurat kanggo urang. Kadang mah urang teu sadar, yen badan anu diamanatkeun ka urang ieu téh bakal dipenta pertanggung jawaban.

Badan anu dipasrahkeun ka urang tikawit gubrag ka alam dunya, utamana ti kawit akil balig, kedah ditangel walerkeun di payuneun Gusti Alloh.

Ku hal sakitu, hayu sami sami persiapkeun ku urang kanggo piwalereunnana, matak geura mangfaatkeun ieu awak urang kana jalan Alloh, geura mangfaatkeun ieu sesa yuswa urang, geura amalkeun elmu urang, geura tasorufkeun harta urang kana jalan nu dipika ridho ku Alloh, supados urang hampang-himping mayunan hisaban Alloh dina poé kiamah.

Mugia Alloh ngahisab urang sadayana kalayan hisaban anu saringan-ringanna.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْاٰيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَيَا فَوْزَ الْمُسْتَغْفِرِيْنَ وَيَا نَجَاةَ التَّائِبِيْنَ

Khutbah II

فَقَالَ اللهُ تَعَالَى اِنَّ اللهَ وَ مَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ يٰأَيُّهَا الَّذِيْنَ أٰمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَ سَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَ عَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى اٰلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ فْي الْعَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ اَللّٰهُمَّ وَارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ. وَعَنْ اَصْحَابِ نَبِيِّكَ اَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِبْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِهِمْ اِلٰى يَوْمِ الدِّيْنِ اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالطَّاعُوْنَ وَالْاَمْرَاضَ وَالْفِتَنَ مَا لَا يَدْفَعُهُ غَيْرُكَ عَنْ بَلَدِنَا هٰذَا اِنْدُوْنِيْسِيَّا خَاصَّةً وَعَنْ سَائِرِ بِلَادِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا اٰتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَ فِي الْاٰخِرَةِ حَسَنَةً وَ قِنَا عَذَابَ النَّارِ. عِبَادَ اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ. وَ اشْكُرُوْهُ عَلٰى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ. وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button