Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Kamulyaan Jalmi nu Takwa

NUCOM — Orang yang bertakwa (muttaqin) dijanjikan berbagai kemuliaan dan keutamaan hidup dalam dunia maupun akhirat. Berikut ini redaksi ketengahkan Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Rupa-rupi Kamulyaan Jalmi nu Takwa.
Berdasarkan ajaran Islam, takwa adalah perisai sekaligus jalan mencapai kedudukan tinggi di sisi Allah SWT.
Al-Qur’an menyebutkan bahwa “sesungguhnya yang paling mulia di antara kamu di sisi Allah adalah orang yang paling bertakwa” (QS. Al-Hujurat: 13).
Ini menegaskan bahwa takwa adalah satu-satunya tolok ukur kemuliaan yang hakiki, melampaui nasab, harta, maupun jabatan.
Sebagai perisai, takwa menjaga hati dari penyakit duniawi, dan sebagai jalan, ia menjanjikan jalan keluar (mahraja) serta rezeki dari arah yang tidak disangka-sangka bagi pelakunya.
Khutbah Pertama
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْه ُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اما بعـد قال الله تعالى: اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ.
يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا.
Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Saleresna Alloh moal bakal ngalalaworakeun kasaéan sareng katakwaan hamba-Na. Mantenna moal sulaya nyumponan kana jangji-Na, kalebet jangji ka para hamba-Na anu takwa, imma di dunya wa imma di akherat.
Rupa-rupi kamulyaan (kamuliaan) jalmi nu takwa ka Allah SWT di dunya sareng akherat kacida seueurna. Takwa mangrupa konci kasalametan dunya rawuh akherat.
Dina leresan ieu, Imam Al-Ghozali parantos nguningakeun sababaraha rupi kamulyaan anu disiapkeun ku Alloh kanggo jalmi-jalmi takwa di akherat.
Kahiji, jalmi takwa bakal diringankeun sareng digampilkeun ku Alloh nalika mayunan
sakaratul maut.
Sedengkeun sakaratul maut téh numutkeun hiji riwayat, nyerina ibarat dicabutna hiji
tangkal cucukan tina lebet padaharan sakaligus.
Kadua, jalmi takwa bakal disalametkeun tina patarosan sareng fitnah kubur. Benten sareng jalmi-jalmi kufur, jalmi-jalmi anu takwa mah sapertos diajarkeun sareng ditungtun dina ngawaler patarosan-patarosan malaikat Munkar Nakir.
Sakumaha dina sababaraha riwayat, patarosan-patarosanna téh di antawisna perkawis Pangeran anu diibadahan, agama anu dicepeng, rosul anu dituturkeun, kitab anu janten padoman, sareng dulur nalika di alam dunya.
Hal ieu ogé teu leupas tina jangji Alloh:
يُثَبِّتُ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِالْقَوْلِ الثَّابِتِ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِى الْاٰخِرَةِۚ
Hartosna: “Alloh neguhkeun (iman) jalmi-jalmi anu iman kalayan ucapan anu teguh dina kahirupan dunya sareng akherat,” (Q.S. Ibrahim ayat 27).
Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Katilu, jalmi takwa bakal dipasihan bewara anu bagja, karidhoan, sareng rasa aman ku Alloh,
sakumaha dina dawuhan-Nana:
اَلَّا تَخَافُوْا وَلَا تَحْزَنُوْا وَاَبْشِرُوْا بِالْجَنَّةِ الَّتِيْ كُنْتُمْ تُوْعَدُوْنَ
Hartosna: “Aranjeun ulah rek sieun sareng ulah rek ngaraos sedih; anggur mah kudu bungah
ku surga anu tos dijangjikeun ku Alloh ka aranjeun,” (QS. Fushilat ayat 30).
Ieu ngandung hartos, moal aya kasieun keur jalmi-jalmi anu takwa kana naon rupi hal anu baris dipayunan di akherat.
Kaopat, jalmi takwa bakal dilapangkeun di alam kuburna, dipasihan cahaya anu caang, sareng
ditempatkeun dina salah sawios taman surgana Alloh dugia poé kabangkitan.
Dina salah sawios hadits disebatkeun, saparantosna hiji hamba ngawaler pertarosan Munkar-Nakir kalayan lancar, maka kadangu sasauran, “Maka pek amparkeun hiji taman surga keur manehna.” (HR. Abu Dawud).
Kalima, jalmi takwa bakal diselamatkeun tina huru-hara Kiamat, dibangkitkeun sareng
dikumpulkeun dina poé Kiamat dina kaayaan agung tur mulya, wajah na moncorong, bari nganggo dikumpulkeun dina poé Kiamat dina kaayaan agung tur mulya, wajah na moncorong, bari nganggo anggoan mahkota kalayan dipersiapkeun kanggo papayun-payun sareng Pangeran aranjeunna sakumaha dawuhannana:
وُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ نَّاضِرَةٌۙ
Hartosna: “Wajah-wajah jalmi mu’min dina poe éta sumringah. Ka Pangerannana aranjeunna bakalningali,” (Q.S. al-Qiyamah : 22-23).
Kagenep, jalmi takwa dipasihan kitab catetan amal ti palih payun atanapi ti katuhu.
Sedengkan, jalmi anu cilaka bakal dipaparin kitab catetan amal ti palih tukang atanapi ti palih kenca. Ku hal sakitu hayu urang seueurkeun ngaos doa ieu nalika wudhu:
اللَّهُمَّ أَعْطِنِي كِتَابِي بِيَمِينِي وَحَاسِبْنِي حِسَابًا يَسِيرًا
Hartosna, “Ya Alloh, pasihkeun kitab catetan amal abdi ti palih katuhu, ogé hisab abdi ku hisaban anu enteng.”
Katujuh, jalmi takwa bakal diringankan dina hisaban, malahan sapalih di antarana bakal lolos
tina hisaban. Di antawis perkara anu dihisab téh nyaéta harta kakayaan.
Diriwayatkeun, Nabi Isa AS salaku nabi pang miskinna, lebet surgana langkung payun lima ratus tahun tinimbang Nabi Sulaiman AS salaku nabi pang beungharna. Lambatna Nabi Sulaiman AS lebet surga gara-garana mayunan hisab harta.
Kadalapan, jalmi takwa bakal dibeuratkan timbangan amalna, malahan sabagian di antawis aranjeunna dibebaskeun tina timbangan amal.
Kasalapan, jalmi takwa bakal dihadirkeun kana telaga Kangjeng Nabi SAW sareng dipasihan waktos kanggo ngaleueut caina, di mana teu aya hiji jalmi anu ngaleueueut air talaga Kangjeng Rosul anging moal ngaraos hanaang deui dugika lebet surga.
Kasapuluh, digampilkeun sareng disalametkeun nalika meuntas dina jembatan as-Shiroth.
Peryogi kauninga, jembatan as-Shiroth teh mangrupikeun jembatan anu ngahubungkeun surga sareng neraka.
Sing saha waé anu tikosewad maka bakal ragrag kana naraka. Saluyu sareng amal masing-masing, manusa dina waktos harita nu meuntas jembatan ieu aya nu sacepet kilat, anu nu jiga lumpat, aya anu mapah biasa, aya ogé ngarangsod. Sanaos ti éta, keur jalma anu cilaka, seukeutna éta jembatan lir ibarat mata pedang.
Kasabelas, jalma anu takwa bakal dipasihan syafaat ti para nabi sareng rosul. Sakumaha kauninga, syafaat pang ageungna téh disebat syafa‘atul udhma Kangjeng Nabi Muhammad SAW anu sakaligus janten syafaat pembuka. Salajengna, nembe hamba-hamba anu sanes tiasa maparin syafaat.
Kadua belas, jalmi takwa bakal dipasihan balesan anu ageung, salajengna dilebetkeun kana surga kani’matan anu abadi, sareng ngengingkeun ridho Alloh, malahan tiasa langsung pendak sareng Mantenna, anu mangrupikeun kanikmatan anu teu aya padana, sareng teu tiasa digambarkeun ku bahasa. (Imam Ghozali, Minhajul ‘Abidin, 104-105).
Mudah-mudahan urang sadayana sing kalebet jalmi takwa anu kenging rupi-rupi kamulyaan ti Alloh, di dunia miwah akheratna. Amin ya robbal alamin.
باَرَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي القُرْآنِ العَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيّاكُمْ بِالآياتِ وذِكْرِ الحَكِيْمِ. إنّهُ تَعاَلَى جَوّادٌ كَرِيْمٌ مَلِكٌ بَرٌّ رَؤُوْفٌ رَحِيْمٌ





