Khutbah Jum’at Bahasa Sunda, Ngamuliakeun Taun jeung Sasih Muharam

NU Cilacap Online – Khutbah Jum’at Bahasa Sunda kali ini mengetengahkan tema tentang memulyakan Tahun Baru Islam pada bulan Muharam dengan judul Mulyakeun Taun jeung Sasih Muharam. Merayakan tahun baru bukanlah momen euforia semata, melainkan saat untuk memperbaharui niat, memperkuat ibadah, dan memaknai kembali arti perjuangan.
Marilah kita jadikan Tahun Baru Islam ini pada bulan Muharam ini sebagai awal perubahan menuju kehidupan yang lebih berkah dan bermanfaat, baik bagi diri sendiri, keluarga, bagi agama, nusa dan bangsa serta masyarakat luas.
Khutbah I
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ فَضَّلَ بَيْنَ الشُّهُوْرِ وَاْلاَيَامِ. فَجَعَلَ شَهْرَعَاشُوْرَاءِ مِنْ اَفْضَلِهَافَفَضْلُهُ قَدْ سَاعَ بَيْنَ اْلاَنَامِ وَفَضَّلَ يَوْمَ عَشُوْرَاءِ عَلَى جَمِيْعِ اْلاَيَامِهِ وَجَعَلَهُ لِعِقْدِ اَيَّامِ الشَّهْرِ وَاسِطَةِ النِّظَامِ. اَشْهَدُ اَنْﻵاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَالْبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مَحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَ ئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ.
اَمَابَعْدُ : فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ ٱتَّقُواْ ٱللَّهَ وَلۡتَنظُرۡ نَفۡسٞ مَّا قَدَّمَتۡ لِغَدٖۖ وَٱتَّقُواْ ٱللَّهَۚ إِنَّ ٱللَّهَ خَبِيرُۢ بِمَا تَعۡمَلُونَ
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah…
Langkung tipayun mangga urang sasarengan sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Alhamdulillah dina kasempatan ieu Mantenna masih maparinan rahmat sareng kanikmatan ka urang sadaya, sahingga dina danget ieu urang sadaya tiasa dugi kana sasih anu enggal nyaéta Muharam Taun 1447 H, kalayan disarengan ku sehat wal-afiyat jeung tho’at ka Mantenna.
Salajengna shalawat sareng salam mugia didugikeun ka panutan alam nyaéta kangjeng Nabi Muhammad SAW, sareng ka kulawargina, para sahabatna, tabi’it-tabi’in dugi ka urang sadaya salaku umatna anu tumut kana sunahna.
Hadirin ahli jum’ah anu sami mulya,
Ku datangna bulan Muharam, hartosna urang lebet kana taun anyar, sapertos anu parantos diuningakeun dina ajaran Islam, nyaéta waktos Rasulullah SAW, aya dina kajayaan waktos ngalaksanakeun syi’ar Islam sareng dakwahna khususna dina ngadugikeun kalimat tauhid Laailaahaillallah. Sajabi ti éta bulan muharam téh mangarupikeun bulan pergantian taun Islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijrah atanapi taun baru Islam”.
Salajengna upami urang ngayakeun peringatan dina taun anu munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun taun baru Islam utamina pikeun ngagungkeun syiar Agama Islam. Anu kalintang penting nyaéta urang kudu daék nyaliksik diri (muhasabah) jeung nimbang jiwa urang sorangan saméméh urang balitungan sakabeh amal urang boh anu hadé atawa nu goreng dipayuneun Allah Ta’ala.
Dina poean wawales, sakumaha Tanbih (pangeling ngeling) ti Allah dina Al-Qur’an anu unggelna:
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ ٱتَّقُواْ ٱللَّهَ وَلۡتَنظُرۡ نَفۡسٞ مَّا قَدَّمَتۡ لِغَدٖۖ وَٱتَّقُواْ ٱللَّهَۚ إِنَّ ٱللَّهَ خَبِيرُۢ بِمَا تَعۡمَلُونَ
Hartosna: Yeuh inget jalma-jalma nu ariman, kudu takwa aranjeun kabéh ka Allah jeung kudu merhatikeun diri kana naon-naon anu geus dilakonan pikeun poé isuk jeung kudu tarakwa aranjeun kabéh ka Allah saéstuna Allah anu waspada kana naon perkara anu ku aranjeun dipigawé. (QS Al-Hasr: 18).
Ogé kasauran sahabat Umar bin Khathab:
حَا سِبُوْااَنْفُسَكُمْ قَبْلَ اَنْ تُحَاسَبُوْا
“Kudu diperhitungkeun hadé goreng diri aranjeun saméméh aranjeun ditimbang ku Allah Ta’ala.”
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah…
Supaya dina ngamimitian hirup dina taun anu anyar ieu urang kalebetkeun jalmi anu anu dirahmat ku Allah, anu kurang alus cuang tingkatkeun sing bisa jadi alus jeung naon anu rusak di urang omean sarta sadaya nu tos saé supaya bisa dilakonan kalayan istikamah, teras diamalkeun, dilestarikeun jeung dijaga kalayan ditingkatkeun kunu langkung saé timbatan amal nu geus kaliwat.
Ku hal sakitu, dina mayunan taun anu enggal ieu, hayu urang sami-sami nyeueurkeun amal-amalan anu sae.
Meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu laluawasa kénéh, hayu urang gunakeun sareng ngempelkeun amal ibadah ka Allah Ta’ala.
Dawuhan Kangjeng Rasul dina salah sawios hadisna:
اِغْتَنِمْ خَمْسًا قَبْلَ خَمْسٍ: حَيَاتَكَ قَبْلَ مَوْتِكَ، وَصِحَتَكَ قَبْلَ سَقَمِكَ، وَفِرَاغَكَ قَبْلَ شُغْلِكَ، وَشَبَابَكَ قَبْلَ هَرَمِكَ، وَغِنَاكَ قَبْلَ فَقْرِكَ
Hartosna : “Jaga lima perkara saméméh datang lima perkara (1) meungpeung hirup samemeh datang maot, (2) meungpeung cager samemeh gering, (3) meungpeung nyalse samemeh riweuh, (4) meungpeung ngora samemeh kolot, (5) meungpeung beunghar samemeh Fakir (sangsara)”.
Ku cara ngagunakeun waktu hirup saméméh datang ajal, dianggo kasempetan ibadah sareng amal shaleh, éta téh ngandung hartos urang kedah bebekelan engké di mana urang mulih ka jati mulang ka asal (maot), ka alam kalanggengan.
Di akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi haté anu slamet tina panyakit haté jeung pamusyrikan, ogé anu midamel amal shaleh nalika hirup di alam dunyana.
Rupina sakitu khutbah taun hijrah anu tiasa kapihatur, dina raraga ngamulyakeun sasih Muharam anu mulya anu dimulyakeun kunu maha mulya nyaeta Allah SWT.
Mudah-mudahan Allah Ta’ala ngahapunten kana sadaya dosa nu parantos dilakonan ku urang dina taun anu kalangkung, kalayan Allah SWT salamina mugi maparin pituduh sareng rahmatna ka urang sadaya kalayan aya dina kasalametan dunya rawuh akherat. Aamiin ya Rabbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُم وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ ﻵاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍنِابْنِ عَبْدِاللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ
اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَعَلَى طَعَةِاللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ رَبَّنَاأَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ أَقْدَامَنَاوَانصُرْنَاعَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ. رَبَّنَااَتِنَا فِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْن
Panyalaras Bahasa Ku Imam Hamidi Antassalam
Disusun Ku Jamal Shidiq, S.Pd.I
Baca Juga : Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Hijrah Jeung Muhasabah Sangkan Berkah





