Teladan Kateguhan Iman Nabi Ayub As Kana Nyanghareupan Cobaan Hirup

Khutbah Jumat Bahasa Sunda

NU Cilacap Online – Khutbah Jumat Bahasa Sunda kali ini berjudul “Teladan Kateguhan Iman Nabi Ayub As Kana Nyanghareupan Cobaan Hirup”.

Kisah Nabi Ayub Alaissalam (As) ini dapat menjadikan contoh keteladanan, motivasi hidup, dan pelipur bagi orang-orang yang mendapat coba dan ujian hidup, baik penyakit, rezeki, maupun musibah serta bencana duka derita lainnya.

Mulanya Nabi Ayub As ialah seorang yang sehat walafiat tak kurang suatu apa pun. Namun kemudian Allah menurunkan ujian penyakit kepadanya. Beliau juga seorang yang kaya raya. Kemudian Allah mengujinya dengan kefakiran. Beliau memiliki keluarga yang baik keturunannya, Allah mengambil semuanya.

Mesti menghadapi deretan ujian yang panjang, yang luar biasa, beliau tetap bersabar, tegar, teguh imannya, tak mengeluh hingga Allah SWT memberikan jalan keluar atas cobaan dan segala ujian hidupnya.

Khutbah Pertama

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَتِ اْلاِيْمَانِ وَاْلاِسْلاَمِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُوااللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ : اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . وَاَيُّوْبَ إِذْنَادَى رَبَّهُ اَنِّيْ مَسَنِّيَ الضُّـرُّوَاَنْـتَ اَرْحَمُ الرَّاحِمِيْنَ. فَاسْتَجَبْنَالَهُ فَكَشَفْنَامَابِهِ مِنْ ضُرٍّوَّاَتَيْنَهُ اَهْلَـهُ وَمِشْلَهُمْ مَعَهُمْ رَحْمَةًمِّنْ عِنْدِنَاوَذِكْرَى لِلْعَبِدِيْنَ . وَأَيُّوبَ إِذْ نَادَى رَبَّهُ أَنِّي مَسَّنِيَ الضُّرُّ وَأَنْتَ أَرْحَمُ الرَّاحِمِينَ . فَاسْتَجَبْنَا لَهُ فَكَشَفْنَا مَا بِهِ مِنْ ضُرٍّ وَآتَيْنَاهُ أَهْلَهُ وَمِثْلَهُمْ مَعَهُمْ رَحْمَةً مِنْ عِنْدِنَا وَذِكْرَى لِلْعَابِدِينَ

Hadirin jamaah jum’ah Rahimakumullah..
Langkung ti payun mangga urang sami-sami muji syukur ka Dzat anu maparin nikmat.

Shalawat miwah salam mugia salamina tetep disanggakeun ka jungjungan urang sadayana, Nabiyullah Muhammad SAW. Teu hilap ka kuluwargina, ka para sahabatna tug dugi ka urang sadayana anu tumut ka Mantenna.

Dina raraga wasiat ku takwa, sumangga urang sami-sami nitenan perjalanan hirup hiji hamba Allah, Nabiyullah Ayub As.

Nabi Ayub teh hiji jalmi nu sarwa cukup, aya paripaos “bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah imah.” Di sagigireun eta Nabi Ayub oge kagungan putra-putri sareng estri anu shalih tur shalihah.

Sajabina ti éta anjeuna dina kahirupan kamasyarakatan, kalintang saéna. Nya kitu deui dina ngajalankeun ibadah ka Allah dicumponan kalayan sapuratina.

Diriwayatkeun yen Nabi Ayub dipaparinan nikmat anu melimpah-limpah ku Allah SWT, nyaéta harta banda, kasehatan, istri anu shaleh, jeung turunan anu taat.

Baca juga Harta Jeung Katurunan Éta Cobaan Allah SWT

Tapi, nikmat ieu lalaunan dicabut ku Allah SWT, teras diganti ku ujian hirup anu luar biasa. Allah mencabut berkah-Na ti Nabi Ayub pikeun nguji kasabaran jeung kateguhanana.

Disangka aya tilu ujian anu dipaparinkeun ku Allah SWT ka Nabi Ayub, nyaéta: Leungitna Harta, Leungitna Barudak atawa katurunan jeung Leungitna Nikmat Kasehatan.

Diriwayatkeun iblis datang madep ka Allah tur nyarita, anu intinana ngabandungan pari polah Nabi Ayub, Iblis nyarita laporkeun ka Allah, pokna,

“Saestuna ibadah Ayub teh henteu ikhlas. Ayub ngan wungkul ngaharepkeun sangkan sakabeh nikmat anu aya, dipaparinkeun ku Allah ka manehna. Upama tea mah Allah nyabut eta nikmat, tinangtu Ayub bakal ka asup jalma fasik tur ingkar ka Allah SWT.”

Baca juga Khutbah Bahasa Sunda, Pentingna Duduluran Mageuhken Iman

Kanggo ngabuktikeun yen Ayub hiji hamba Allah anu leres ikhlas, Allah ngalungsurkeun ujian ka Nabi Ayub mangrupi dicabutna kakayaan, nepi ka anjeunna miskin.

Dugi kana hiji waktos mah Nabi Ayub leres-leres bangkrut teu kagungan kanggo dapur-dapur acan. Ku dicabut sagala hartana, ibadah anjeunna tetep teu pernah surut.

Para putrana anu teu kinten dipikanyaahna, saurang-saurang dipundut ku Nu Maha Kawasa Allah SWT, mulih ka jati mulang ka asal dicandak sadaya ku dzat anu ngusikkeun makhluk.

Sabakda diuji ku harta nu diludeskeun, putra sadayana ngantunkeun, Allah SWT Ngalungsurkeun ujianana ku tingleosna istri-istrina ngantunkeun anjeunna, kajaba hiji istri anu tetep setia nyarengan anjeunna bari dina kaayaan miskin.

Baca juga Robi’ul Awal; Bulan Maulud Penuh Keteladanan

Nanging sok sanaos kitu ujian anu dilungsurkeun ku Allah ka anjeunna teu matak ngurangan sumanget ibadahna ka Allah SWT.

Salajengna, Iblis nyebarkeun bibit panyakit ka anjeunna. Lajeng Nabi Ayub ngalaman sagala rupa panyakit kayaning muriang, batuk jeung panyakit kulit.

Awak Nabi Ayub katingali langkung kurus, kakuatanana langkung lemah, sareng rarayna langkung pucat. Nabi Ayub dijauhan ku jalma lantaran geringna.

Anjeunna kaleungitan baraya, baraya sareng réréncangan. Sanajan kitu, pamajikanana nu solehah tetep satia marengan jeung ngurus manéhna.

Sanajan gering parna, Nabi Ayyub teu pernah ninggalkeun kabiasaanana. Manéhna terus ibadah jeung nyieun dzikir ka Allah SWT. Anjeunna tetep sabar sareng henteu ngangluh pisan.

Ku sabab taatna, Iblis néangan cara séjén pikeun ngagoda manéhna. Anjeunna ngagoda pamajikan Nabi Ayyub pikeun nginget-nginget nikmat anu dipaparinkeun ku Allah ka dirina dina mangsa katukang sarta ngabandingkeunana jeung anu ayeuna.

Gagal tina ngagoda Nabi Ayub, iblis mengkolkeun godaanana ka istrina, sangkan ngantunkeun Ayub anu tos teu aya harepan naon-naon.

Akhirna istri Nabi Ayub hasil diolo. Dina waktos ujian anu kalintang abotna, Ayub tetep dina ka ayaan iman anu panceg. Dina waktos eta Ayub munajat ka Allah SWT anu ngamilik sadaya ujian.

Kalintang endahna dina Al-Qur’an Allah ngaganbarkeun, pidawuhna :

وَأَيُّوبَ إِذْ نَادَى رَبَّهُ أَنِّي مَسَّنِيَ الضُّرُّ وَأَنْتَ أَرْحَمُ الرَّاحِمِينَ . فَاسْتَجَبْنَا لَهُ فَكَشَفْنَا مَا بِهِ مِنْ ضُرٍّ وَآتَيْنَاهُ أَهْلَهُ وَمِثْلَهُمْ مَعَهُمْ رَحْمَةً مِنْ عِنْدِنَا وَذِكْرَى لِلْعَابِدِينَ

Hartosna: “Jeung inget nalika Ayub munajat ka Pangeranana. Saestuna kuring tos ditimpa kasusah, sedengkeun Gusti anu welas tur maha asih. Maka kami ngaijabah kana doana eta tuluy kami ngaleungitkeun kasusah anu tumiba ka dirina. Kami mulangkeun deui anjeunna (Nabi Ayub As) katurunan tur kulawargana sareng tambahanana saperti kaayaan mimiti, salaku rahmat ti Allah tur salaku pangeling-ngeling pikeun jalma anu ngahambakeun dirina. (Q.S. Al-Anbiya : 83-84)

Dina salah sawios hadits dicarioskeun, yen teu lami sabakda doa Nabi Ayub dikabulkeun, Ayub dipiwarang nenjragkeun sampeanana ka bumi, sakali tenjragan.

Harita keneh ngaburiak cai anu herang malah cai eta pisan anu dianggo siram ku Nabi Ayub nepi ka sapada harita damang deui tina panyawatna.

Nalika istrina uningaeun, yen Ayub parantos damang deui, istrina mulih deui. Singkat carios, Ayub sareng istrina ngahiji deui nepi ka putraan sababaraha.

Sadaya Nabi diuji ku Allah langkung tina ujian anu dilungsurkeun ka manusa biasa. Ujian kitu teh taya sanes, sangkan jadi ibroh atanapi pelajaran pikeun jalma anu miharep tepang sareng Allah.

Hirup jeung kahirupan jalma, moal lesot tina ujian. Upama aya jalma boga anggapan, yen hirup teh mangrupa kesempatan pikeun milari kanikmatan, nepi ka sagala kahayang dicumponan, tinangtu maranehna bakal ngudag saneskara nu babari. Ku kituna eta jalma bakal ngahalalkeun sagala cara pikeun nyumponan karesep jeung kahayangna.

Kacida bedana jeung jalma nu ngamaknaan hirupna pikeun tempat pepelakan. Upama sagala kahayangna dicumponan saniskara kanikmatan dipaparin, tanwande kanikmatan teh moal dipake suka bungah, tapi bakal dipake bekel sampeureun jaga nalika madep ka Dzat Allah anu maha maparin nikmat.

Hadirin Jama’ah Jum’ah nu Dimulyakeun ku Allah SWT,
Para Nabi sareng para Rasul teh, anu mibanda cita-cita anu luhur. Aranjeunna teu mikir ngan keur hirup ayeuna wungkul, nanging tembus kana mangsa anu bakal datang.

Upama aranjeunna ditibanan musibah, ujian atanapi cobaan, aranjeunna baris tiasa nampa kalayan ridha tur sabar. Ujian atawa cobaan teh kudu kaalaman ku jalma ariman sangkan jentre kaimanannana.

Mugia Allah SWT nyalamatkeun urang sadayana tina ujian nu teu kadada-kaduga ku urang sadaya. Amin ya Rabbal’alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْاٰيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَيَا فَوْزَ الْمُسْتَغْفِرِيْنَ وَيَا نَجَاةَ التَّائِبِيْنَ

Khutbah Kadua

اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـه نَسْتَعِيْـنُ عَلَى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَةُ وَالسَّـلاَمُ عَلَى اَشْرَفِ الْاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ. اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنُ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ اْلاَمِيْـنُ، اَللّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْ اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـه وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللّـهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلْاَحْياءِ مِنْـهُمْ وَاْلاَمْـوَاتِ، رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّـنَااتِـنَا فِى الدُّنْـيَاحَسَنَـةًوَفِى اْلاخِرَةِحَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ. وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ

Disusun ku Jamal Shidiq, Panyalaras Bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Baca juga Khutbah Jumat: 3 Hal Yang Melemahkan dan Memperkokoh Iman

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button