Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda, Ngalestarikeun Kabagjaan Jeung Kasucian

NUCOM — Melestarikan kebahagiaan dan kesucian Idul Fitri yakni dengan cara merawat hati agar tetap bersih, menjaga tradisi silaturahmi, saling memaafkan, serta berbagi melalui zakat atau sedekah. Inilah Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda, Ngelestarikeun Kabagjaan Jeung Kasucian.
Suasana idul fitri penuh kesucian, lahir batinnya saling memaafkan, penuh kebahagiaan, dan menghindari perilaku berlebihan.
Idul Fitri adalah momentum untuk meningkatkan kualitas iman dan sosial secara berkelanjutan, bukan sekadar tradisi tahunan.
Kembali ke fitrah adalah cara memohon maaf lahir dan batin, menghilangkan dendam, serta menjaga konsistensi ibadah pasca Ramadhan.
Khutbah Pertama
اَللهُ اَكْبَرْ (٩x). لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ, اَللهُ اَكْبَرُ وَ للهِ الْحَمْدُ, اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَّسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلاً. لاَاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ, صَدَقَ وَعْدَهُ, وَنَصَرَ عَبْدَهُ, وَاَعَزَّجُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَه. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى فَضَّلَنَاعَلَى كَثِيْرٍ مِّنْ عِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْـدُ: فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُواالله َ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. وَقَالَ الله ُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ . يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
اَللهُ اَكْبَرُ وَ للهِ الْحَمْدُ
Jamaah sholat ‘Idul Fitri anu sami mulya.
Asa kakuping kénéh galindengna takbir dina waktos dintenan Lebaran taun kamari, dinten ieu manah urang parantos dieundeurkeun deui ku soanten takbir anu nutug kana kalbu, sumarambah kana manah. Ngagugahkeun raos bagja, sapertos anu kantos katunda. Kabagjaan anu basajan, nanging teu tiasa ical tina manah sareng emutan. Kiwari eta raos bagja teh minuhan deui dada sareng carios kahirupan urang.
Anapon tatapakanana mah, éta kabagjaan téh éstuning basajan pisan. Anu kahiji, wirehna dikersakeun ku Gusti Alloh tiasa ngalaksanakeun ibadah saom, campleng sasasih lamina. Anu kadua, wireh dikiatkeun ngalaksanakeun sholat sunat tarowih saban wengi.
Anu katilu, dipaparinan kasempetan kanggo tadarus Al-Qur’an, sakedikna sanajan kenging satamatan. Anu kaopat, dipaparina rejeki kanggo mayar zakat fitrah, mangrupi panyampurna ibadah saom. Anu kalima, dina dintenan Lebaran ieu, diparengkeun deui tiasa kumpul riung sareng sadaya kulawargi katut wargi. Anu biasana paanggang langki tepang, ayeuna ngumpul tiasa silih hapunten. Tiasa patarema dampal panangan. Jauh dijugjug anggang ditéang, nyorang lalampahan sakitu tebihna, mudik bari di jalan heurin usik, alhamdulillah diijabah ku Gusti Alloh. Anu kagenepna, ka sadaya sepuh sareng baraya, nu kiwari parantos teu tiasa tepang, wirehna parantos ngantunkeun, alhamdulillah gaduh waktos kanggo ziarah ka kuburanana. Minangka ngintunan du’a, malar anu parantos ngalih ka alam kalanggengan kenging kabagjaan anu lana.
Anu teu kinten matak bagjana, wireh Kangjeng Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wasallam parantos dadawuh:
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيْمَنًا وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Hartosna ; “Singsaha jalmi anu ngalaksanakeun saom bari iman sareng miharep ganjaran (ti Gusti Alloh) dihapunten dosana anu parantos kalangkung,“ (Hadits Riwayat Imam Bukhori ).
Tinangtos, urang samudayana moal aya nu luput tina dosa. Boh anu karaos boh nu teu karaos, boh anu ageung boh anu alit, tinangtos pada gaduh. Sedengkeun Kangjeng Nabi parantos dadawuh kitu. Atuh janten ageung pangharepan, kiwari diri urang nu mung hiji-hijina ieu, leres-leres wangsul deui kana kasucianana. Suci lir ibarat orok anu nembe lahir. Saluyu sinareng hartos tina kecap ‘Idul Fithri, anu hartosna wangsul deui kana kasucian.
اَللهُ اَكْبَرُ وَ للهِ الْحَمْدُ
Jama’ah sholat ‘Idul Fitri, anu sami dimulyakeun ku Gusti Alloh. Tangtos, ibadah saom urang téh, teu cekap mung saukur aya kautamianana. Nanging langkung ti kitu kedah ngabuah, saluyu sinareng pidawuh Gusti Alloh:
يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ .
Hartosna:“He jalmi-jalmi anu ariman! Parantos diwajibkeun ka aranjeun saom, sapertos parantos diwajibkeun ka jalmi-jalmi samemeh aranjeun, supados aranjeun tarakwa.“(Serat al Baqoroh:183)
Buahna tina ngalaksanakeun saom téh éta, takwa ka Gusti Alloh. Ibadah saom anu ngalahirkeun katakwaan dina diri, lir ibarat tangkal anu pageuh akarna, rangsog tangkalna, hejo ngemploh daunna, turta meuhpeuy leubeut buahna. Sawangsulna, ibadah saom anu teu ngalahirkeun katakwaan, lir ibarat tangkal nu teu bubuah.
Dupi nu disebat jalmi takwa, aya karakterna numutkeun Al-Qur’an. Diantawisna sakumaha dawuhan Mantenna;
الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِى السَّرَّۤاءِ وَالضَّرَّۤاءِ وَالْكَاظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَۚ.
إِذَا فَعَلُوا فاحِشَةً أَوْ ظَلَمُوا أَنْفُسَهُمْ ذَكَرُوا اللَّهَ فَاسْتَغْفَرُوا لِذُنُوبِهِمْ وَمَنْ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ إِلاَّ اللَّهُ وَلَمْ يُصِرُّوا عَلَى ما فَعَلُوا وَهُمْ يَعْلَمُونَ.
Hartosna: “Nya éta jalmi-jalmi anu kersa derma dina waktos senang sareng dina waktos sesah, sareng anu nahan amarahna, sareng anu ngahapunten ka jalmi-jalmi, sareng Alloh mikacinta jalmi-jalmi anu ngalampahkeun kasaéan. Sareng jalmi-jalmi anu dina mangsa ngalampahkeun kajahatan atanapi anu nganiaya kana dirina, saenggalna aranjeunna émut ka Alloh, sarta teras neneda dihapunten tina dosa-dosana, sareng naha lian teu aya deui anu ngahapunten kana dosa lintang ti Alloh, sareng aranjeunna henteu tonggoy dina kaawonana anu dilampahkeunana bari aranjeunna téh tarerang.“ ( Serat Ali Imron ayat 134-135 ).
Kiwari nitih wanci nu utami ninggang mangsana nu lugina, éta karakter katakwaan téh, urang gejradkeun (ngarealisasikeun) dina saneskanten aspek kahirupan urang. Diajar janten jalmi berehan. Utamina nuju senang, luhur darajat bari seueur artos. Atuh upami nuju ninggang tigerat (kakirangan), nuju saneskanten kirang, teu kenging ngirangan kana kabageuran. Malihan saleresna mah, jalmi anu berehan dina nalika seueur rejeki, éta téh teu aneh. Sawangsulna, anu hébat mah, tiasa janten jalmi berehan, dina waktos nuju tigerat.
Salajengna, karakter jalmi takwa téh, tiasa nahan amarah. Hiji sipat, anu ku Gusti Alloh ‘Aza wa Jalla diciptakeun, supados manusa tiasa ngabela diri, upami aya nu ngahina. Naha ngahina ka diri nyalira, ka kulawargi, kana agama, ka nagara, palih dituna aya anu takabur dugi ka wantun ngahina ka Gusti Alloh. Tah dina nalika kitu, amarah tiasa digunakeun. Malihan dina waktos kitu mah, amarah teh kedah. Upami teu amarah, tiasa janten lepat. Imam Syafi’i nyebatkeun, hiji jalmi anu dipayunkeun kana piamaraheun, nanging anjeunna teu amarah, berarti anjeunna téh keledai.
Nanging omat, amarah teu kenging diumbar, margi kitu peta téh baris ngusir urang tina katakwaan. Sok komo amarah disalahgunakeun, dugi ka dianggo ngareksak harta banda sareng jiwa. Eta teu dipiharep ku ajaran Islam. Komo palih dituna, dugi ka dianggo ngareksak nagara sareng bangsa. Tinangtos dibenduan ku Gusti Alloh. Imam Al-Ghozali nyaurkeun, amarah téh ku Gusti Alloh diciptakeun tina seuneu. Sedengkeun setan oge ku Gusti Alloh diciptakeun tina seuneu.
Janten jalmi anu sok ngumbar amarah téh, parantos ngamilik karakter sétan.
Teu kenging hilap, sing tiasa janten jalmi anu pinter nyuhunkeun dihapunten, sareng pinter ngahapunten ka batur. Utamina ka nu rumaoseun gaduh kalepatan ka urang.
Langkung utamina, ka nu teu rumaoseun waé lepat. Teu kenging koret ku pangapunten, bilih janten jalmi anu katerapan ku sipat ngunek-ngunek, tur ka dituna baris ngalahirkeun sipat hasud, anu baris janten kasakit kana kaimanan urang. Kapan dawuh Gusti Nabi ogé;
اَلْمُؤْمِنُ لَيْسَ بِحَقُوْدِ
Hartosna: “Jalmi iman mah tara ngunek-ngunek“ (Alhadits ).
اَللهُ اَكْبَرُ وَ للهِ الْحَمْدُ
Nanging nya kitu, geuning jalmi takwa ogé tara lempeng sapapaosna. Keukeuh sok keuna ku tijalikeuh. Aya kalana tumiba kana dosa, atanapi ngadoliman diri nyalira. Mung waé, nu takwa mah tara kajongjonan dina kalepatanana, sok enggal-enggal nyeueurkeun dzikir ka Gusti Alloh. Boh dzikir ku lisanna, nya éta nu disebat dzikir jahar. Boh dzikir ku manahna, nu disebat dzikir khofi. Margi ku dzikir ka Gusti Allooh teh baris tiasa ngaberesihkeun deui diri, tur wangsul deui napak dina jalan Gusti Alloh ‘Azza wa Jalla.
Jama’ah sholat ‘Idul Fitri anu sami bagja. Karakter katakwaan diadumaniskeun sinareng kakiatan ibadah saom, insyaa Alloh baris ngalahirkeun pribadi-pribadi anu sampurna. Pribadi anu sampurna, mangrupi modal kanggo ngawangun kulawargi anu ayem tengtrem. Kulawargi anu ayem tengtrem, mangrupi tatapakan kanggo ngadegna lingkungan anu merenah, turta baris ngajanggelek janten nagara anu aman sejahtera, baldatun thoyyibatun warobbun ghofur.
Ku saha deui ngabebenah diri sareng nagri, upami sanes ku urang. Iraha deui, upami sanes ti ayeuna. Meungpeung masih dipaparin mangsana. Da geuning teu karaos, jatah hirup urang téh teras ngirangan.
Hurang deui, keting deui
Tetela sumur ngorotan
Beurang deui peuting deui
Tetela umur ngolotan
Mangga, urang sami-sami ngaronjatkeun kaimanan katakwaan, ngaleukeunan padamelan kasaéan, ngawewegan kayakinan ku elmu pangaweruh, turta diajar langkung jembar manah ngalegaan sikep toleransi. Mugia Gusti Allooh nampi saneskanten ‘amal ibadah urang.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ, وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلأَيَاتِ وَالذِّكْرِاْلحَاكِيْم اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ ,وَتَقَبَّلْ مِنِّى تِلَاوَتَهُ اِنُّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
Khutbah Kadua
7 x اَللهُ اَكْبَرُ
. لاَاِلهَ اِلَّااللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ, اَللهُ اَكْبَرُ وَ لله اْلحَمْدُ, اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لله كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلَا. لاَاِلهَ اِلَّااللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اَللهُ اَكْبر َو للهِ اْلحَمْدُ, اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي تَمَّ عَلَيْنَا عِبَاْدَةَ الصِّيَاْمِ, بِزَكَاةِالْفِطْرِ وَيَوْمِ الْعِيْدِ وَصِلّةِ اْلأَرْحَامِ. اَشْهَدُ اَنْ لَااِلهَ اِلَّااللهُ الْمَلِكُ اْلقُدُّوْسُ السَّلَامُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبعُوثُ رَحمَةً وَنَثْرَ الْأَمَانِ, وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى شَمْسِ الْمُرْسَلِيْنَ وَقَمَرِ اْلأَنَامِ, سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ أَكْمَلِ الْمُرْشِدِ اِلَى كَافَةِ الْاِنْسِ وَالْجَانِ, وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ يَهدِى بِهُدَاهُ اِلَى دَارِ السَّلَامِ. فَيَاأَيُّهَااْلحَاضِرُونْ, أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَااللهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَّمَكَانٍ, لِيَجْعَلَ اللهُ لَكُمْ مَخْرَجًا مِنْ كُلِّ ضَيْقٍ وَّحِرْمَانِ. اَللّهُمَّ اِغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ, وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنْاتِ, اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاِتِ, اَللّهُمَّ اغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَلِوَاِلدَيْنَا وَلِلْمُؤْمنِيْنَ يَوْمَ يَقُوْمُ اْلحِسَابَ, رَبَّنَااَنْزِلْنَا مُنْزَلًا مُّبَاَرَكً وَّاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ ,رَبَّنَاافْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا باِالْحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ, رَبَّنَااَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ اَقْدَاَمَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْنَ. رَبَّنَا تَقَبَّلْ وُضُوْءَناَ وَصَلَاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَخُسُوْعَنَا وَتَخَسُّوْعَنَا وَلَاتَضْرِبْ بِهَا وُجُوْهَنَا وَيَا اِلَهَا اْلعَالَمِيْنَ, وَيَاخَيْرًالنَّاصِرِيْنَ, اِجْعَلْنَا مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالفَائِزِيْنَ, بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الَّرَّاحِمِيْنَ وَاْلحَمْدُ للهِ رَبِّ اْلعَالَمِيْن





