Khutbah Jumat Sunda: Barudak Anu Ngabakti ka Indung Bapana

NU CILACAP ONLINE – Khutbah Jumat Bahasa Sunda kali ini berjudul Barudak Anu Ngabakti ka Indung-Bapana yang membahas perihal bakti anak kepada kedua orang tuanya dan hubungan antara keduanya.

Dalam Alquran, ada banyak ayat yang mengandung perintah Allah SWT mengenai hal tersebut. Bahkan, penegasan untuk taat hanya kepada-Nya kerap dikaitkan dengan bakti seorang anak kepada orang tuanya.

Allah SWT berfirman dalam surah al-Israa ayat 23, yang artinya, “Dan Tuhanmu telah memerintahkan supaya kamu jangan menyembah selain Dia dan hendaklah kamu berbuat baik pada ibu bapakmu dengan sebaik-baiknya.”

Baca juga Khutbah Jumat: Bakti Anak Kepada Orang Tua

Bagi setiap muslim ada satu hal yang wajib diperhatikan terkait ridha dan murka Allah SWT. Itu adalah hubungan antara orang tua—khususnya ibu—dan anak.

Rasulullah bersabda, “Ridha Allah bergantung kepada keridhaan orang tua, dan murka Allah bergantung kepada kemurkaan orang tua” (HR Thabrani).

Hadits itu mengisyaratkan keutamaan seorang anak berbakti kepada kedua orang tuanya.

Dan apabila seorang anak durhaka kepada orang tua, maka tunggulah datangnya kemurkaan Allah SWT.

Khutbah Ka I

الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن .أمَّا بَعْدُ: فَيَاعِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ: قَالَ اللهُ تَعَالى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ، وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِۚ حَمَلَتْهُ اُمُّه وَهْنًا عَلٰى وَهْنٍ وَّفِصَالُه فِيْ عَامَيْنِ اَنِ اشْكُرْ لِيْ وَلِوَالِدَيْكَۗ اِلَيَّ الْمَصِيْرُ

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah..,
Sakabeh manusa pastina ngaduhan indung jeung bapa. Kumargi kitu, teu aya hiji jalmi anu leupas tina kawajiban ngabakti jeung hormat ka nu janten sepuhna minangka pusaka hirup anu kedah dipupusti.

Malihan, barudak atawa anak anu ngabakti jeung hormat ka indung-bapa téh sanes mung kawajiban sareng akhlak mulia anu aya dina Agama Islam, tapi aya dina satiap Agama sareng budaya Nagara Kasatuan Republik Indonesia.

Sabab Indung jeung Bapa téh jalmi anu tos ageung pisan jasana nu moal bisa bayar ogé digantian ku harta banda.

Ti kawit ngandungan, ngalahirkeun, ngagedekeun, sareng ngadidik kalayan pinuh kadeudeuh jeung kanyaah.

Pengorbanan sareng perjuangan aranjeuna tos moal kaitung ageungna ku urang sararea.

Sahingga sapantesna urang kudu bales budi ka aranjeuna ku cara nunjukkeun sikap hormat jeung rasa syukur anu pang saé-saéna, sahingga katarimakeun ku Indung jeung Bapa malah sing ngarasa sugema, bagja jeung bangga boga Anak teh sapapaosna.

Hadirin Sidang Jum’ah anu dimulyakeun ku Allah SWT..,
Hormat ka indung-bapa tiasa diwujudkeun ku urang ti kawit anu sederhana dugika nu luar biasa. Urang tiasa nunjukkeun sikep hormat sareng syukur ngalangkungan basa anu sopan tur lemah lembut.

Ngadangukeun naséhat sareng piwurukna, ngabantos padamelan aranjeunna, sareng sajabina. Kalih ti éta, urang tiasa nunjukkeun rasa kadeudeuh jeung kanyaah ka aranjeuna ku cara nyaréngan waktos diperyogikeun, sareng nyuhunkeun panghampura sareng kabarokahan kanggo aranjeuna dunya sareng akhératna.

Baca juga Khutbah Jumat; Have Child Sebuah Fitrah, Anugerah dan Amanah

Agami Islam parantos nganyatakeun yén keur ka satiap anak, hormat jeung ngabakti ka indung-bapa téh mangrupakeun kawajiban.

Ku cara hormat jeung ngabakti ka Indung jeung Bapa insya Allah urang bakal kenging karidhoan Allah SWT, jeung kabarokahan hirup, sareng kabagjaan dunya-akherat.

Kantenan, indung mah sosok anu langkung ageung perjuangannana. Ku hal sakitu, Agami netepkeun kaayaan indung tilu kali leuwih luhur darajatna ti batan bapa. Sahingga dina mulang tarimana ogé, ka indung mah kedah dipayunkeun.

Kitu sakumaha dina hadits Rasul riwayat Imam Al-Bukhari sareng Muslim nguningakeun:

جَاءَ رَجُلٌ إِلَى رَسُولِ اللّٰهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، فَقَالَ:يَا رَسُولَ اللّٰهِ مَنْ أَحَقُّ النَّاسِ بِحُسْنِ صَحَابَتِي؟ قَالَ: أُمُّكَ قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أُمُّكَ. قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أُمُّكَ. قَالَ: ثُمَّ مَنْ؟ قَالَ: ثُمَّ أَبُوكَ

Hartosna: “Hiji waktos dongkap saurang lalaki sahabat nabi pameget nepangan Rasulullah SAW, teras anjeuna sasauran: Yaa Rasulallah, saha jalmi anu paling hak diperlakukeun sae ku kaula? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Indung anjeun. Pameget tadi tumaros deui: Teras saha deui? Mantenna ngawaler: Teras bapa anjeun,” (HR Al-Bukhori – Muslim).

Hadits ieu nunjukkeun, yén jalmi anu paling berhak dikawulaan kalayan pang saé-saéna nyaéta indung. Sahingga Kangjeng Rasul ngauihan éta pesen dugika tilu kalina.

Éta téh nunjukkeun pentingna ngabakti kanu janten indung. Indung téh jalmi anu ageung pisan jasana. Ti kawit ngandung, ngalahirkeun, ngasuh oge ngatik ngadidik urang kalayan pinuh ku kadeudeuh jeung kanyaah.

Sahingga, moal kanilai ageungna perjuanganana sareng pengorbanan nu janten indung ka urang sami.

Baca juga Khutbah Jumat : Membentuk Anak Yang Sholih

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Allah..,

Dina hadits riwayat Abdullah bin Amr, dicarioskeun aya salah sawios sahabat nu nyuhunkeun widi ka Kangjeng Rasul kanggo ngiringan jihad, tapi Kangjeng Rasul malih miwarang uih deui supados ngalaksanakeun jihad ku cara bakti ka indung-bapana heula.

Hal ieu nunjukkeun yén jihad pang ageungna dikawitan ti bumi urang, nyaéta nyumponan kewajiban sareng tanggung jawab urang salaku anak ka Indung jeung Bapa.

Allah SWT ngadawuh t­i Surat Luqman ayat 14:

وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِۚ حَمَلَتْهُ اُمُّه ُوَهْنًا عَلٰى وَهْنٍ وَّفِصَالُهُ فِيْ عَامَيْنِ اَنِ اشْكُرْ لِيْ وَلِوَالِدَيْكَ

Hartosna, “Kaula ngawasiatkeun ka manusa (supaya migawé hadé) ka indung-bapa. Indungna tos ngandung dina kaayaan lemah anu teras-terasan sareng nyapihna dina yuswa dua taun). (Wasiat Kaula,) Kudu syukur anjeun ka Kaula jeung ka dua indung bapa anjeun,” (Surat Luqman: 14).

Syekh Nawawi al-Bantani dina kitab tafsirna nguningakeun, ayat di luhur téh netelakeun yén parentah Allah SWT ka sadayana manusa keur ngabakti ka indung-bapa.

Parentah ieu ngagambarkeun kalintang beuratna perjuangan hiji indung nalika ngandung jeung ngalahirkeun nu jadi Anakna. Ti kawit kandungan alit keneh dugika ageungna, teu luput tina kapayahan keur indungna.

Tiasa dibayangkeun kumaha susah payahna indung urang nalika kakandungan tambih lami tambih ageung tur beurat. Anu tangtosna mingkin nyusahkeun tur ngalemahkeun.

Kukituna, salaku Anak anu hoyong kenging ridha Allah, hayu urang sami-sami ningkatkeun babakti urang ka indung sareng ka bapa.

Kantenan indung bapa urang anu masih jumeneng di alam dunya keneh mah. Anu tos ngantunkeun ogé ulah alit manah, ziarahan kuburannana. Doakeun supaya kenging panghampura sareng rohmat Alloh di alam kuburna.

Hadirin Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Allah..,

Malihan, para ulama parantos nyebatkeun, yen di antara balesan Alloh anu kontan dizohirkeun di alam dunya keneh salah sawiosna nyaeta dosa ka indung jeung bapa.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمْ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ انَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

KHUTBAH Ka II

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ إِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ وَكَفَرَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلَائِقِ وَالْبَشَرِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْمَحْشَرِ. أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، اَلْأَحْياءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَاوَلِوَالِدَيْنَاوَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَاصِغَارًا، اَللًّهُمَّ أَرِنَاالْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَااتِّبَاعَهُ وَأَرِنَاالْبَاطِلَ بَاطِلًا وَارْزُقْنَااجْتِنَابَهُ. رَبَّنَاآتِناَ فِى الدُّنْيَاحَسَنَةًوَفِى اْلآخِرَةِحَسَنَةًوَقِنَاعَذَابَ النَّارِ. وَاَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ

Disusun ku: Jamal Shidiq, Panyalaras Bahasa Ku Imam Hamidi Antassalam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button