Khutbah Gerhana Bulan Bahasa Sunda | NU Cilacap Online

Khutbah Gerhana Bulan Bahasa Sunda untuk melengkapi pelaksanaan Shalat Sunat Khusuf (Shalat Gerhana Bulan) yang dianjurkan untuk dilaksanakan.

Khutbah I

اَلسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ خَلَقَ الشَّمْسَ نُوْرًا وَالْقَمَرَ ضِيَآءً, وَبِهِمَا يَقُوْمُ الدُّنْيَا وَنَمُوْتُ وَنَحْيٰ, وَبِعَدَمِحِمَا يَهْلِكُ جَمِيْعُ الْكَائِنَاتِ هَلْكَى, اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَٰهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ اِلٰهٌ أَزَلِيٌّ لَمْ يَزَلْ وَلاَ فَنَاءَ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِىْ دَعَانَا اِلَى النُّوْرِ مِنَ السَّوْدَاءِ, اَلّٰلهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ الْعَالَمِيْنَ وَهَادِى الْأُمَّةِ ٳِلىٰ سَبِيْلِ الْهُدٰى وَعَلَى اٰلِه وَأَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْهُ لِيَفُوْزُوْا فِى يَوْمِ الْجَزَآءِ, اَمَّا بَعْدُ: يَا ٳخْوَانِى رَحِمَكُمُ اللّٰهُ أُصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللّٰهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ وَأَحُثُّكُمْ عَلَى الطَّاعَةِ وَتَرْكِ الْمَعْصِيَّةِ فِى جَمِيْعِ الْحَالاَةِ, وَاسْتَغْفِرُوْا اللّٰهَ الْعَظِيْمَ ٳنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ. اَعُوْذُ بِااللهِ السَّمِيْعِ الْعَلِيْمِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : يَسْأَلُ أَيَّانَ يَوْمُ الْقِيَامَةِ, فَإِذَا بَرِقَ الْبَصَرُ, وَخَسَفَ الْقَمَرُ, وَجُمِعَ الشَّمْسُ وَالْقَمَرُ, يَقُولُ الإنْسَانُ يَوْمَئِذٍ أَيْنَ الْمَفَرُّ, كَلاَّ لاَ وَزَرَ, إِلَى رَبِّكَ يَوْمَئِذٍ الْمُسْتَقَرُّ.

Hadirin Rahimakumullah !
Sadaya puja sareng puji disanggakeun ka Gusti Allah Rabbul Izzati, Pangeran anu Maha Kawasa ngadamel sareng ngurus ngatur sadaya alam. Shalawat sareng salam kawilujengan mugi dilimpahkeun ka jungjunan alam Nabi Ageng Muhammad SAW anu janten sabab ayana ieu alam raya sareng mugi dilimpahkeun ka para shohabatna, ka kulawargina sareng sadaya umatna dugi ka akhir jaman.

Ayana samagaha téh nuduhkeun kana Maha Kawasana Allah Ta’ala anu murbeng alam. Nuduhkeun yen lumakuna panonpoe, bulan, bentang, bumi (jagat) jeung anu sejen-sejenna teh memang aya anu ngadamel, aya nu ngatur, aya nu ngurus, aya nu ngajaga, nyaéta Allah Swt.

Sakumaha dawuhana-Na dinia al-Qur’an surat Yasin kieu : وَكُلٌّ فِي فَلَكٍ يَسْبَحُونَ “sadaya perkara lumaku dina falakna/alamna panonpoe berjalan, bulan berjalan, oge jagat atawa anu disebut planet-planet téa berjalan dina jalana anu ditangtukeun ku Gusti Allah Ta’ala.

Jalana ieu planit-planit ibarat tingeleyerna kendaraan di kota-kota gede, pabuis ka ditu ka dieu, malah dina hiji jurusan teh sok aya anu tilu atawa opat mobil anu ngarendeng, tegesna matak pikapaureun (pikasalempangeun) anu ninggal.

Sok melang bisi patubruk diaradu, padahal éta mobil téh pada ngagaduhan jalan masing-masing, da berjalan dina hiji peraturan anu dikaluarkeun ku pangawasa, nya éta Undang-undang (peraturan) lalulintas. Upama éta mobil-mobil téh aya anu diadu, matak diadu deui anu sejénna, atawa sakurang-kurangna perjalanan jadi macet.

Baca juga Tata Cara Shalat Gerhana Bulan

Hadirin anu dimulyaken Gusti Allah Ta’ala.
Ayana samagaha nurutkeun ahli ilmu falaq (Astronomi) mah nyaéta ku sabab kahalanganana sorot sinar panonpoe kana bulan ku bumi. Tah eta kaayaan kitu teh nuduhkeun kana kakawasaan Allah Taala anu mutlak anu nyiptakeun, anu ngadamel sareng anu ngurus/ngatur sadaya alam (Rabbul’alamiin). Ku ayana samagaha, urang sadaya kedah areling, yen :

1. Upama jalanna (lumakuna) panonpoe, bulan, bentang-bentang, bumi katut anu sejénna diistirahatkeun ku Gusti Allah, tinangtu ieu sadaya mahluk teh bakal ancur lebur, bakal maraot, sabab hirupna sakabeh jalma, ingon-ingon, pepelakan jeung anu sanesna, sababiyah-na ku ayana panas jeung tiis, ku ayana caang jeung poek. Upama sinar surya teu parat nyaangan (manasanana) ka urang sabulan we lilana, tinangtu urang teh maraot, ingon-ingon katut pepelakan oge paraeh.

2. Ku ayana samagaha ngandung isarah, yen upama Allah Ta’ala bade ngancurkeun ieu jagat anu sakieu legana téh gampileu pisan, ku digeserkeun jalanna (falaqna) panonpoe atawa bulan atawa falaqna bumi oge tinangtu ancur lebur ieu alam dunya teh, nyaeta lebur kiamah tea. Jadi ayana lebur kiamah teh masalah anu gampileun pisan kanggo Gusti Allah mah, ku margi kitu urang kedah leres-leres percanten kana bakal kajadianana lebur kiamah teh.

Baca juga  Indonesia Akan Alami Gerhana Matahari

3. Ku ayana kitu, urang kedah ngaraos yakin sarta leres-leres ngestukeun kana Maha Kawasana Gusti Allah, kedah enggal-enggal tobat tina sadaya dosa urang, seueurkeun maos istigfar, sangkan Allah Ta’ala nurunkeun rahmat-Na sareng pangampura-Na ka urang, sareng kedah gaduh kayakinan, yen upama Allah Ta’ala bade ngancurkeun ieu alam semesta (kiamah) kanggo Gusti Allah mah gampilen pisan.

4. Urang sadaya kedah ngaraos sukur ka Gusti Allah bet diayakeun di daerah anu iklimna sae, tengah-tengah, antara panas jeung tiis. Da mahluk-mahluk anu aya di kutub mah boh kutub utara atawa selatan, aya panas jeung tiis atawa caang jeung poek teh henteu sapertos di urang, pohara repotna da pepelakan oge henteu patos jaranten.

5. Kaayaan panon poé sareng bulan dina waktu kiamah, didawuhkeun ku Gusti Allah dina surat Al-Qiyamah ayat 6 – 12 kieu :

يَسْأَلُ أَيَّانَ يَوْمُ الْقِيَامَةِ, فَإِذَا بَرِقَ الْبَصَرُ, وَخَسَفَ الْقَمَرُوَجُمِعَ الشَّمْسُ وَالْقَمَرُ, يَقُولُ الْإِنْسَانُ يَوْمَئِذٍ أَيْنَ الْمَفَرُّ, كَلاَّ لاَ وَزَرَ وَإِلَى رَبِّكَ يَوْمَئِذٍ الْمُسْتَقَرُّ.

Hartosna : “Jalma-jalma naranyakeun, iraha waktuna kiamah téh? Nyaéta di mana panon poé jalma-jalma tingbuncelik kasieunan. Jeung di mana bulan leungit cahayana. Panonpoe jeung bulan jadi hiji (ngahiji/diadu). Tah di mana geus kajadian kitu, jalma-jalma ting jarerit : ka mana pilumpateun urang? Dawuhan Allah : Entong ka mana-mana da moal aya tempat panyalindungan ka ditu ka dieu oge. Ngan wungkul ka Pangeran tempat pangbalikan. ( QS. A l- Qiyamah : 6-12 )

Baca juga

Ku ayana kajadian kitu, mangga urang nyeueurkeun tobat ka Gusti Allah ti ayeuna keneh supados urang sadaya kenging pangampura-Na sangkan urang kenging rohmat sareng pangraksa mantenna. Aamiin.

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

= KHUTBAH KADUA =

الْحَمْدُ للهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا اَمَرَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَٰهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ اِرْغَامًا لِمَنْ جَهَدَ بِه وَكَفَرْ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَتَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلاَ ئِقِ وَالْبَشَرْ. صَلَّى اللهُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. اَمَّا بَعْدُ: اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَزَجَرَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ يَااَيُّهَااالَّذِيْنَ امَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَلّلهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى الِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَلّلهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْ مِنِيْنَ وَالْمؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ. اِنَّكَ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ. اَلّٰلهُمَّ انْصُر اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ اصْلِحْ اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ ارْحَمْ اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ انْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ. وَخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ وَاجْعَلْ بَلْدَتَنَا اِنْدَوْنِسِيَا هٰذِهِ بَلْدَةً طَيِّبَةً تَجْرِىْ فِيْهَا اَحْكَا مُكَ وَسُنَّةُ رَسُوْلِكَ. يَاحَيُّ يَاقَيُّوْمُ يَااِلٰهِنَا وَاِلٰهَ كُلِّ شَيْئٍ هٰذَا حَالُنَا لاَيَخْفٰى عَلَيْكَ. اَلّٰلهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلاَءَ وَالْبَلاَءَ وَالْفَخْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ وَالْمُخْتَلِفَةَ وَالسَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ مِنْ بُلَدِنَا هٰذَا خَآصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَآمَّةً اِنَّكَ عَلٰى كُلِّ شَيْئً قَدِيْرٌ. رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِاِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَ بِالْاِيْمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِى قُلُوبِنَا غِلاًّ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا رَبَّنَا اِنَّكَ رَءُوْفٌ رَحِيْمٌ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَلَمِيْنَ. عِبَادَاللهِ, اِنَّ اللهَ يَأْ مُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَاِيْتَائِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ يَذْ كُرْكُمْ وَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ.

Khutbah Gerhana Bulan Bahasa Sunda disusun ku: H. Dadang Solihin, M.M (Kasi Bimas Islam)
Di kaluarkeun ku: Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kota Banjar, Jawa Barat. Panyalaras Bahasa ku : Imam Hamidi Antassalam (Penulis, Editor NU Cilacap Online)

Baca juga  Khutbah Shalat Gerhana Bulan Untuk Tafakur dan Tadzakur

Download Khutbah Gerhana Bulan Bahasa Sunda file .pdf >> di sini

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button