Jalmi Mahabbah Tur Makrifat ka Allah Ta’ala

Khutbah Jumat Bahasa Sunda NU Cilacap Online

NU CILACAP ONLINE – Khutbah jumat bahasa sunda kali ini berjudul Jalmi Mahabbah Tur Makrifat ka Allah Ta’ala yang merupakan bagian penting seorang muslim yakni tentang mahabbah (cinta) dan makrifat (pengenalan). Karena Cinta lahir bukan dari rasionalisasi ilmiah melainkan lahir dari kedalaman rasa, maka kenalilah dirimu. 

Mahabbah sendiri dalam Alquran memiliki dua makna mendasar. Pertama, cinta Allah kepada hamba-Nya dan cinta seorang hamba kepada Allah. Kedua, cinta seorang hamba pada hal-hal yang bersifat duniawi.

Kedua bentuk cinta ini adalah fitrah manusia. Meski begitu, baginya untuk lebih mengutamakan kecintaannya kepada Allah Swt. Ini bisa diwujudkan dengan menjalankan semua perintah-Nya dan menjauhi larangan-Nya.

Secara bahasa, mahabbah berasal dari kata ahabba-yuhibbu-mahabbatan, yang berarti mencintai secara mendalam atau kecintaan yang mendalam. Sedangkan Makrifat adalah jalan menuju cinta atau mahabbah. Terlepas dari itu dan makrifat adalah satu paket yang tidak terpisahkan.

Baca Juga: Khutbah Jumat Sunda: Barudak Anu Ngabakti ka Indung Bapana

Imam al-Ghazali mengatakan, mahabbah itu adalah buah manis makrifat. Tidak mungkin akan memilih mahabbah bila tidak didahului tentang makrifat. Sedangkan makifat ini lahir dari indra keenam manusia, yaitu hati. Jika hati dipenuhi makrifat, maka ia akan memiliki mahabbah. (Abdul Azhim Abdussaslam Syarfuddin, Ibnu Qayyim al-Jauziah: Ashrihi wa Minhajihi wa Araihi fi al-Fiqh wa al-Aqidah wa al-Tasawuf, Dar al-Qalam Kuwait, 1984: 481).

Imam al-Ghazali mengatakan faktor penyebab mahabbah itu menguatnya ma’rifatullah, cakrawala pengetahuannya tentang Allah semakin luas, dan pengetahuan itu menguasai hatinya setelah usaha penyucian hati dari seluruh kesibukan duniawi (Imam al-Ghazali, Ihya’ Ulumddin, Thaha Putra Semarang, 4/308). Jadi, semakin luas pengetahuan seseorang (makrifat) tentang Allah maka semakin dalam cintanya pada Allah (mahabbah).

Jalmi Mahabbah Tur Makrifat ka Allah Ta’ala

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ هَدَانَا لِهَذَا وَمَاكُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ اَنْ هَدَانَا اللهُ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِيَ بَعْدَهُ. اَللَّـهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ. اَمَّابَعْدُ:فَيَـااَيُّـهَااْلحَاضِرُوْنَ, اِتَّقُوْاالله َحَيْثُمَا كُنْتُمْ وَاِنَّ اْلجَنَّـةَ اُعِـدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ .وَمَا خَلَقۡتُ ٱلۡجِنَّ وَٱلۡإِنسَ إِلَّا لِيَعۡبُدُونِ .

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah,
Urang ulah kajongjonan, sakumaha betahna hirup di alam dunya urang bakal maot lain ngan saukur jasad bilatungan tapi bakal balitungan amal di akherat.

Ngalangkungan surat Adz-Dzariyat, Alloh parantos ngadawuh, sakumaha nu tos diaos dina mukadimah tadi;

وَمَا خَلَقۡتُ ٱلۡجِنَّ وَٱلۡإِنسَ إِلَّا لِيَعۡبُدُونِ

Hartosna, “Teu pati-pati Kaula nyiptakeun jin jeung manusia anging supaya ibadah ka Kaula,” (Adz-Dzariyat ayat 56).

Imam Ibnu Abbas parantos nafsirkeun, sakumaha anu parantos dikutip ku Imam al-Qusyairi, kalimat illa liya’budun dina éta ayat maksudna nyaéta illa liya’rifun. Hartosna kacuali supaya makrifat ka Kaula (Allah).

Hal ieu loyog sareng anu diuningakeun ku para ulama tauhid yen kawajiban munggaran keur jalma muslim teu aya deui nyaeta makrifat ka pangerananana, nyaéta Allah Subhanahu wata’ala.

Sabab, moal sampurna ibadah ka Allah upami teu ma’rifat ka Mantenna, naha makrifat kana dzat-Na, makrifat kana sifat-sifat-Na, makrifat kana padamelan-padamelan-Nana.

Salajengna ku Syekh Nawawi njelaskeun yen makna makrifat ka Allah sanes ukur uninga, nanging kedah nekadkeun jeung ngayakinkeun.

Sanés kanten ti eta, saur Syekh Nawawi, hiji jalmi moal dugi kana tingkatan ma’rifat, nekadkeun, sareng ngayakinkeun ka Allah salami teu acan tiasa mahabbah atanapi cinta ka Allah.

Baca Juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Al-Qur’an Pituduh Jalmi Nu Iman

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah,
Ari cinta ka Allah éta ngagaduhan makna atanapi tanda anu kedah ngancik dina haté jalmi nu hoyong makrifat, di antawisna nyaéta:
Kahiji, nékadkeun yén Allah téh Maha Sae sareng Maha Terpuji dina sagala widang sareng dina sagala sifat-Na.

Hartosna teu aya anu awon sagala rupi anu dongkap ti Allah. Sakalieun aya perkara anu katingal awon, éta mah mungguh paningal urang sareng paningal makhlukna. Margi upami dititénan leres-leres mah sagala papastén Allah pasti aya hikmah anu saéna.

Contohna nalika urang dipaparin panyawat. Eta panyawat tangtosna katingal ku urang mah janten susah sareng pilara. Nanging sing émut hikmah Allah berjalan dina éta panyawat. Naha sapertos kumaha? Nalika urang teu damang téh, urang kedah émut dawuhan Kangjeng Rasul, yén panyawat bakal janten kafarot atanapi tetebus kana dosa urang salaku jalma anu ngarandapannana.

Matak teu damang ogé, saur para ulama, dina diri urang téh aya dosa anu moal dihampura anging kudu ditibanan ku panyawat, teras panyawat téh janten ujian kaimanan jeung kasobaran keur urang.

Kadua, ciri jalma anu cinta ka Allah téh nekodkeun yén Allah maha sae ka sadaya hamba-Na, maha maparin nikmat, maha ngunggulkeun hamba-hamba-Na.

Hartosna, kedah diyakinkeun dina haté yén Allah maha saé ka sadayana hamba-Na, badé hamba anu bageur atanapi anu henteu. Allah maha béréhan ka sadaya hamba-Na, badé hamba anu taat atanapi anu henteu.

Katilu, nékodkeun yén kasaéan Allah ka hiji hamba-Na langkung seueur sareng langkung agung saupamina dibandingkeun sareng syukur ogé amal si hamba sanaos amal éta hamba teh kacida saé sareng seueurna.

Kaopat, nekodkeun yén papastén sareng pamrih Allah hanteu seueur alias saalit. Ngalangkungan makna nu katilu sareng kaopat ieu, urang sakedahna yakin yén papastén Allah sareng pamrih ibadah-Na anu dipasihkeun ka urang téh saalit, dibanding sareng melimpahna nikmat-nikmat anu dikucurkeun ku Mantenna ka urang.

Mangga urang sami-sami tafakuran, Dina sapoé sapeuting, ukur lima waktu Mantenna ngawajibkeun shalat.

Baca Juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Hakekat Ibadah Shalat

Upami diperhétangkeun sakali shalat keur 5 menit, ukur 25 menit nu dianggo shalat ku urang tina total 24 jam téh. Waktos anu kalintang saalitna.

Matak upami badé ngamaksimalkeun waktos, saur Imam al-Ghazali, urang kedah ngabagi tilu waktos urang. Sabagian kanggo kasab, sabagian kanggo ibadah, sabagian deui kanggo istirahat.

Lamun diémutan mah, urang kalintang isinna ku Allah. Anjeuna mah maparin nikmat teu liren-liren ka urang, malah moal tiasa diétang saur dina Al-Quran, tapi sawalérna, urang kacida talangkena dina ngajalankeun ibadah ka Mantenna.

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah,
Kalima,
kaseuseueuran waktuna dianggo sieun jeung melang lamun Allah méléngos tina dirina, ogé sieun kamakrifatan sareng katauhidan anu parantos dipasihkeun ka dirina dicabut.

Memang kitu pisan keur jalma nu tos aya dina tingkatan cinta atanapi mahabbah ka Allah. Dirina sieun pisan ku Allah. Sieun dibendu ku Allah. Sieun dikaluarkeun tina kamakrifatan sareng katauhidan ka Allah.

Ku hal sakitu, anjeuna sapapaosna waspada bisi kaluar tina paréntah Allah sareng ngareumpak panyegah Allah.

Tina dirina bakal salawasna kaluar sifat takwa kanu Maha Kawasa. Salamina moal gagabah dina tingkah lakuna. Sareng deui moal baha kana sagala nu diparéntah ku Allah sareng rasul-Na sanajan midamel ibadah anu sunah pangkatna.

Mudah-mudahan urang kalebetkeun jalmi anu mahabbah tur makrifat ka Allah. Anu baris berhasil ngengingkeun ridha sareng kanikmatan surga-Na ti yaumil jaza’. Amin ya rabbal ‘alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمْ وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Baca Juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Silaturahmi Jembar Rezeki

KHUTBAH KA II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Disusun ku Jamal Shidiq Panyalaras bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Baca juga : Harta Jeung Katurunan Éta Cobaan Allah SWT

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button