Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Mapag Sasih Romadon

NU Cilacap Online — Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Mapag Sasih Romadon kali ini menyajikan hal yang perlu dan merupakan tradisi masyarakat Sunda maupun Jawa dalam menyambut bulan suci Ramadhan dengan penuh sukacita dan persiapan spiritual maupun sosial.

Adapun kegiatannya meliputi silaturahmi (munggahan), ziarah makam leluhur (nyadran), berbagi sembako, serta saling bermaafan untuk menyucikan hati sebelum ibadah saum.
Tradisi tersebut dalam rangka memperkuat tali persaudaraan dan mendekatkan diri kepada Tuhan.

Baca juga: Khutbah Jumat bahasa Sunda, Jalma Nu Panon Hatena Lolong

Berikut ini Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Mapag Sasih Romadon

Khutbah Pertama

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْـدُ: فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُواالله َحَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. وَقَالَ الله ُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, قَدۡ أَفۡلَحَ مَن زَكَّىٰهَا .

Hadirin Jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Alhamdulillah urang sadaya masih dipasihan kanikmatan utamina nikmat islam, iman sareng ihsan ku Alloh SWT. Sakedap deui urang bakal lebet kana sasih anu istimewa. Sasih anu pinuh ku kaunggulan. Nyaéta sasih Romadon rajana bulan.

Naha urang parantos siap dina mayunannana atanapi teu acan?… Upami para sahabat mah sareng salafussholihin parantos mempersiapkeun diri dua bulan sateuacan Romadon sumping, sakumaha do’a anu parantos masyhur serinG diaos ku urang sadaya, anu ngaisyaratkeun kana persiapan Romadon:

اَللًّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِي رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ

“Ya Allooh, berkahan abdi sadaya dina Rojab sareng Syakban, sareng dugikeun abdi sadaya kana sasih Romadon. (HR. Baihaqi)

Hadirin anu sami mulya,
Minimalna aya opat persiapan kanggo kaum muslimin dina mayunan sasih Romadon anu bakal karandapan ku urang sadaya:
Persiapan anu kahiji, nyaéta persiapan qolbiyah (haté). Persiapan qolbiyah nyaéta ku cara ngabersihan manah tina pirang-pirang panyakit haté sapertos Musyrik, sombong, sarakah, syahwat, hasud, gede ambek, pedit, jeung dendam.

Sangkan ibadah urang ditarima ku Alloh SWT.
Ku haté anu beresih (suci) maka bakal ngajantenkeun niat anu ikhlas dina manah urang sareng kiat akidahna, margi ieu téh pondasi anu utami dina persiapan qolbiyah.

Tanpa akidah anu leres, tiasa janten hiji jalma bakal tigebrus kana kamusyrikan, sarta kamusyrikan salamina moal bakal ngabuahkeun kaikhlasan. Akidah anu leres téh mangrupakeun koncina, teras anu baris disaur ku Alloh sangkan ngalakonan ibadah saom ogé nyaéta jalmi anu iman ka Mantenna.

Ngabersihkeun haté atawa tazkiyatun nafsi ogé hiji perkara anu kalintang pentingna dina mayunan Romadon.

Alloh SWT parantos nguningakeun kautamian jalmi anu parantos tiasa ngabersihkeun manahna (tazkiyatun-nafsi) dina al-Qur’an. Anu unggelna:

قَدۡ أَفۡلَحَ مَنْ زَكَّىٰهَا

Hartosna: “Saéstuna Bagja pisan jalmi anu ngabersihkeun jiwana.” (QS. Asy-Syams : 9)

Maka dina wanci ayeuna urang saatna nalungtik diri (muhasabah jiwa) naha panyakit-panyakit haté téh masih aya keneh dina haté urang. Anu salajengna urang ogé kedah mujahadahtu nafsi (enya-enya) dina ngabersihkeun panyakit-panyakit haté. Sahingga Bakal karaos endahna upami parantos dugi kana sasih Romadon.

Ku Ikhlas dina manah urang sapanjang Romadon, maka urang bakal kenging panghampura Alloh SWT. Pidawuh kangjeng Rosul:

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيْمَنًا وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

Hartosna : “Sing jalma anu puasa kalayan iman sarta ikhlas  maka bakal dihampura dosa-dosana anu geus kaliwat.” (Muttafaq ‘alaih)

Hadirin ahli jum’ah anu mulya,
Persiapan anu kadua, nyaéta persiapan fikriyah. Supados Romadon urang leres-leres sampurna amaliyahna, urang kedah mekelan diri kalawan persiapan fikriyah.

Sateuacan Romadon dugi, saéna urang atos mekelen diri kalawan elmu pangaweruh, utamana anu patali sacara langsung sareng amaliyah dina sasih Romadon. Ngeunaan kawajiban puasa, kautamaan puasa, hikmah puasa, sarat sarta rukun puasa, anu ngabatalkeun kana puasa, sarta sunnah-sunnah puasa.

Ogé ulah hilap tarawih, Iktikaf, zakat, sarta amal anu sanesna. Ilmu tanpa amal moal bakal aya buahna jeung amal tanpa élmu gagal (moal ditarima).

Persiapan anu katilu, nyaéta persiapan jasadiyah. Romadon meryogikeun persiapan jasad (Badan) anu kuat.

Tanpa persiapan anu cukup urang bakal reuwas, nyakitu deui ibadah urang henteu sampurna. Margi Romadon téh nyiptakeun siklus keseharian anu bénten. Urang ditungtut kudu angger produktif kalawan pagawéan urang sewang-sewang sanaos dina kaayaan puasa margi sami éta ogé kawajiban.Urang bakal ngalakonan ibadah dina kaayaan anu langkung lami tinu biasana sapertos sholat tarowih.

Kumargi kitu, urang peryogi nyiapkeun jasad urang, pola makan, tidur, kalayan olah raga sacara teratur, ngajagi kasehatan badan, sarta kaberesihan lingkungan.

Margi mukmin anu kuat tur sehat éta  bakal  langkung dipikacinta ku Alloh SWT. Sakumaha pidawuh kangjeng Rosul:

اَلْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرُ وَأَحَبُّ مِنَ الْمُؤْمِنِ الضَّعِيْفِ

Hartosna : “Mukmin anu kiat éta langkung saé sarta langkung dipicinta ku Alloh batan mukmin anu lemah (HR. Muslim, Ibnu Majah, Al-Baihaqi)

Hadirin Jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Saterasna persiapan anu kaopat, nyaéta persiapan maaliyah/materi. Persiapan maaliyah anu diperlukeun dina ngabageakeun sasih Romadon lain jang meuli baju anyar, atanapi nyadiakeun kueh-kueh nikmat jang lebaran. Tapi sangkan bisa loba infaq/shodaqoh, masihan kanggo takjil (buka puasa) ka batur sarta ngabantu jalma anu susah.

Tangtos waé kanggo anu ngagaduhan harta anu nepi nishob sarta haulmah wajib nyiapkeun zakat maal-na.

Nyakitu deui, lamun urang urang sanggup umroh dina Romadon éta mangrupa ibadah anu bernilai istimewa sepertos ibadah haji sareng Rosululloh SAW.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Kualitas Iman Islam: Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّسَبِّتْ اَقْدَمَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ . رَبَّنَااَتِنَافِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Tilu Sifat Haté Manusa

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button