Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Isra Mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad SAW

NU Cilacap Online — Khutbah Jumat Bahasa Sunda, pada bulan Rajab kali ini mengetengahkan peristiwa luar biasa dalam Islam, yakni Isra Mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad SAW,

Perintah Shalat 5 Waktu

Isra Mi’raj merupakan Peristiwa penting Nabi SAW dalam perjalanan malam hari (Isra) dari Masjidil Haram ke Masjidil Aqsa, lalu naik (Mi’raj) ke langit hingga Sidratul Muntaha untuk menerima perintah shalat lima waktu langsung dari Allah SWT.

Isra mi’raj merupakan suatu mukjizat besar yang menguatkan iman dan menunjukkan kebesaran Allah. Perjalanan ini melibatkan kendaraan khusus bernama Buraq dan pertemuan dengan para nabi nabi di setiap tingkatan langit,

Di setiap langit, Rasulullah bertemu dengan nabi-nabi terdahulu seperti Adam AS (langit pertama), Isa AS dan Yahya AS (langit kedua), Yusuf AS (langit ketiga), Idris AS (langit keempat), Harun AS (langit kelima), Musa AS (langit keenam), dan Ibrahim AS (langit ketujuh).

Hikmah Isra mi’raj

Isra mi’raj Kanjeng Nabi Muhammad SAW memberi hikmah kita memperkuat keyakinan akan kekuasaan Allah SWT yang Maha Agung, dan beri makna mendalam tentang keimanan, kesabaran, dan mengajarkan kita kesabaran dan keteguhan akan pertolongan Allah.

Adapun ujian dan Pertolongan itu menunjukkan bahwa di setiap kesulitan pasti ada kemudahan.

Waktu dan Tahun Kejadian

Mengenai waktu kejadian Isro’ Mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad SAW terjadi pada malam 27 Rajab, sekitar tahun 620-621 Masehi, sebelum Hijrah ke Madinah, meskipun ada perbedaan pendapat di kalangan ulama mengenai tahun pastinya.

Berikut ini naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Isro’ Mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad SAW

Khutbah Pertama

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ أَسْرى بِعَبْدِه لَيْلاً, وَعَرَجَ مِنَ الْمَسْجِدِاْلأَقْصَى اِلَى سِدْرَةِ الْمُنْتَهى, أَشْهَدُ أَنْ لاَّاِلهَ إَلاَّاللهُ وَلاَ مُمَاثِلاً, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْ لُهُ خَيْرٌ النَّبِىِّ أُرْسِلَ, أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى, وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ صِدْقِ وَالْوَفىَ. أَمَّابَعْدُ: فَيَا أَيُّهَاالْحَاضِرُونْ. أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَّكُمْ فَائِزُوْنَ. أَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِه لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا الَّذِيْ بٰرَكْنَا حَوْلَه لِنُرِيَه مِنْ اٰيٰتِنَاۗ اِنَّه هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh,
Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh SWT. Malah mandar urang kenging kabagjaan hirup di dunya sarta akherat. Salajengna dina ieu kasempetan khotib umajak, hayu urang sami-sami ngalenyepan kana kajantenan anu istimewa dina bulan rojab.

Bulan rojab sajabi bulan anu di agungkeun ku Alloh, ogé ngandung sajarah anu kalintang penting sareng ahéngna. Nyaéta di isro’keun sareng di mi’rojkeunnana Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wasallam ti masjidil harom di mekkah ka Masjidil Aqso’ anu aya di Palestina, bahkan Mi’roj nepi ka langit ka tujuh geusan nyumponan undangan Alloh Subhanahu wata’ala.

Numutkeun kaol anu masyhur, Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wasallam., di-isro’keun sareng dimi’rojkeun téh dina wengi senen kaping 27 Rojab taun ka duabelas saba’da diangkat janten nabi sareng rosul sateuacan hijrah ka Kota Madinah.

Sateuacan angkat isro’, kumargi kangjeng nabi badé jengkar ti alam dunya ngalangkungan alam mulki, alam malakut sareng alam jabarut dugi ka alam lahut, anjeunna kantos diberesihan heula manahna, dibeulah dadana sarta diberesihan manahna ku cai zam-zam, salajengna dieusian hikmah.

Manah Kangjeng Nabi dilebetan kaimanan sarta kaislaman, kayakinan anu teu kinten kiatna. Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wasallam., disarengan ku Malaikat Jibril nganggo tunggangan anu kasebat Buroq, anu di anggo isro sareng mi’roj’.

Salebet perjalanan antawis Mekah sareng Palestina kangjeng nabi kantos istirahat dina lima tempat; nyaéta liren di Thoyibah, di Mina, di Gunung Sinai, di Baitullahmin, kalimana; di Masjidil Aqso’.

Dina tempat-tempat nembe, Kangjeng Nabi ngalaksanakeun sholat sunat dua raka’at. Saterasna ti masjidil Aqso kangjeng Nabi Mi’roj ka langit ka hiji, langit ka dua, langit katilu, kaopat, kalima, kagenep sareng langit ka tujuh.

Ku kakawasaan Alloh Subhanahu wata’ala, sok sanaos jarak anu teu kinten tebihna antara mekah, ka Palestina sarta mi’roj dugi ka langit ka tujuh teu aya anu teu mungkin pikeun Alloh, kun fayakun.

Kajadian isro’ mi’roj dijelaskeu ku Alloh Subhanahu wata’ala dina al-Qur’an:

سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِهٖ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا الَّذِيْ بٰرَكْنَا حَوْلَهٗ لِنُرِيَهٗ مِنْ اٰيٰتِنَاۗ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ

Hartosna: “Maha Suci Alloh anu parantos miangkeun Abdi-Na dina hiji wengi ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsho , anu ku Kami tos diberkahan sakurilingeunana, sangkan Kami mintonkeun Ka anjeunna tina sabagian tanda-tanda (kaagungan) Kami. Saestuna Mantenna téh anu Maha Ngadangu tur Maha Ningali. (al-Isro:1)

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh,
Kangjeung Nabi Muhammad SAW. dina salami perjalanan isro’ mi’roj di tepangkeun sareng para Nabi; tikawit Nabi Adam AS. Nabi Yahya as, Nabi Isa, as. Nabi Yusuf as, Nabi Idris as., Nabi Harun as. Nabi Musa as , Nabi Ibrohim as, sareng nabi-nabi anu sanesna anu sadaya éta para pada Nabi ngabageakeun mi’rojna kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Kajabi tepang sareng para Nabi, anu teukinten ahengna nyata Alloh parantos ningalikeun ka Kangjeng Nabi kahirupan Surga sarta Naraka jeung pangesina. Nyakitu deui masihan wahyu anu teu kinten pentingna nyaéta parentah sholat nu lima waktu.

Hadirin, kajantenan isro’ mi’raj mangrupikeun hal anu kudu iman kalayan yakin ka Alloh, yén kanggo Alloh mah ngadamel kajantenan langkung ti isro’ mi’roj ogé pasti kawasa.

Kumargi kitu, pikeun urang sadaya sok sanaos kalebet umat anu akhir, teu kantos nguping langsung ti kangjeng Rosul kana riwayat isro mi’roj, tapi urang tetep kudu iman sarta yakin kana kajadian éta, malah mandar kaimanan jeung katakwaan ka Alloh beuki kuat.

Salah sahiji tina wujud iman jeung takwa ka Alloh SWT. Nyaéta urang kersa ngadegkeun paréntahna nyaéta sholat anu lima waktu, anu mangrupikeun hasil tina perjalanan Isro sareng Mi’rojna Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Poma ulah nepi ka rek ninggalkeun sholat, sabab sholat pikeun urang salaku umat Islam mangrupakeun tihangna Agama, sholat jadi ciri yén urang téh Agama Islam, lamun urang ninggalkeun sholat baris kaasup jalma anu ngaruntuhkan Islam jeung ciri bohong Islamna.

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh,
Mudah mudahan, kudugina yuswa urang kana sasih rojab ieu, mugi sing janten panggeuing ka diri urang supados tetep eling ka Alloh ku ngalaksanakeun sadaya parentahna nyaeta ngadegkeun sholat anu lima waktos, sarta tiasa nebihan naon rupi hal anu dilarang ku Mantenna. Aamiin.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فيِ القُرْآنِ العَظِيْمِ، وَنَفَعَنيِ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنيِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ َإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ.

Khutbah Ka Dua

اَلْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ، وَبِـهِ نَسْتَعِيْـنَ عَلَى اُمُـوْرِ الدُّنْـيَا وَالدِّيـنِ، وَالصَّـلاَة وَالسَّـلاَمُ عَلَى اَشْرَفِ الْاَنْـبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْـنَ، وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْـبِهِ اَجْمَعِيْـنَ، اَشْهَـدُ اَنْ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْـنَ، وَاَشْهَـدُ اَنَّ مُحَمَّـدًا عَبْـدُهُ وَرَسُـوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْـدِ الْاَمِيْـنُ، اَللَّـهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّـدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْـحَابِـهِ اَجْمَعِيْـنَ . اَمَّابَعْـد: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ, اِتَّقُـوْا اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. اَللَّـهُمَّ اغْـفِرْ لِلْمُسْلِمِيْـنَ وَالْمُسْـلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْـنَ وَالْمُؤْمِنَـاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْـهُمْ وَالْاَمْـوَاتِ، رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ.رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَااَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. رَبَّـنَااَتِـنَافِى الدُّنْـيَا حَسَنَـةً وَفِى اْلاَخِرَةِحَسَنَـةً وَقِنَاعَـذَابَ الـنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ, وَالْحَمْـدُ للهِ رَبِّ الْعَـالَمِيْـنَ.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button