Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Panyakit Paling Bahaya

NU Cilacap Online – Ada dua penyakit paling berbahaya dalam rohani kita yakni sombong dan pamer (riya’), maka khutbah Jumat Bahasa Sunda kali ini ketengahkan dengan judul Panyakit Nu Paling Bahaya.
Kesombongan oleh sebab merasa paling berilmu, dan sifat riya’ yang melekat pada ibadah.
Meski kedua penyakit ini berbeda dalam sifat dan manifestasinya, dia berpotensi merusak esensi dari ilmu dan ibadah yang seharusnya membawa kita lebih dekat kepada Allah SWT.
Khutbah I
اَلْحَمْدُللهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ, اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِاْلاَمِيْنُ, اَللّهُمَّ فَصَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ, فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُواللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . ٱلَّذِينَ تَتَوَفَّىٰهُمُ ٱلۡمَلَٰٓئِكَةُ ظَالِمِيٓ أَنفُسِهِمۡۖ فَأَلۡقَوُاْ ٱلسَّلَمَ مَا كُنَّا نَعۡمَلُ مِن سُوٓءِۢۚ بَلَىٰٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمُۢ بِمَا كُنتُمۡ تَعۡمَلُونَ ٢٨ فَٱدۡخُلُوٓاْ أَبۡوَٰبَ جَهَنَّمَ خَٰلِدِينَ فِيهَاۖ فَلَبِئۡسَ مَثۡوَى ٱلۡمُتَكَبِّرِينَ ٢٩
Hadirin Ahli Jum’ah rahimakumullah…
Sombong mangrupa salasahiji panyakit rohani anu kacida hésé diobatanana, lamun ges nerap kahiji jalma.
Sombong éta tisipatan iblis nyaéta saperti ngarasa diri paling mulya, paling gagah, paling kuat, paling loba kahadéan. Ku ayana perasaan éta moal canggung-canggung bakal nganggap handap jeung enteng ka batur. Perasaan sombong akhirna kaluar lewat obrolanana, égo dina sagala rupa hal, kaluar obrolan-obrolan saperti :
“Tah ieu Aing !, Mun teu aya Aing mah !, Saha téa kuring!, Bisa naon manéhna !, Boga naon manéhna!, “
Ciri-ciri jalma sombong, lamun ngariung jeung batur biasana sok nonjolkeun dirina, dina babadamian ngarasa kaéraan lamun pamanggihna ditolak atawa teu kapake.
Lamun dinasehatan tara narima, sabalikna lamun nganaséhatan maké cara kasar, lamun ditolak naséhatna terus ngambek jeung nyarékan.
Manusa kudu apal jeung ngarti, yen jalma anu hadémah jalma anu hadé numutkeun paningal ajaran Islam, nu saé isukan diakherat, sedeng hal éta téh teu aya anu terang, ngan Allah Ta’ala wungkul anu uninga, anu husnul khotimah.
Ari cara ngaleungitkeun panyakit sombong dina haté, sakumaha anu dijelaskeun ku Imam Al-Ghazali anu mangrupi cariosan Sultonul Auliya Syekh Abdul Qodir Jaelani qoddasallohu sirroh, nyaéta:
Di mana-mana ningali budak alit, sanaos ka putra nyalira, kedah ngarasa yén éta murangkalih téh can gaduh dosa saeutik-eutik acan, sedengkeun sorangan mah tos seueur migawé dosa, margi dina dasarna manusa moal luput tina gawé maksiat ka Allah Ta’ala. Jadi ku kituna, yakin yén éta murangkalih langkung saé batan diri urang.
Di mana-mana ningali sepuh, maka kedah gaduh peraosan yén éta jalmi sepuh tos ti heula ibadahna ka Allah, diri mah can lahir, sedeung éta sepuh tos seueur ibadahna. Maka teu diragukeun deui éta jalmi langkung saé batan dirina nyalira.
Upami ningali jalmi nu ngagaduhan elmu (ajengan/kiai), sakuduna ngarasa yén éta jalmi téh jalmi pinter, tangtos seueur dipasihan elmu ku Gusti Allah anu sorangan mah can dipasihan can nepi jeung can ngartos, sehingga ajengan/kiai tiasa sukses jeung ngartos pangalaman sarta rupa-rupa elmu.
Kukituna dirina moal mungkin tiasa nandinganana, sahingga tangtosna éta kiai/ajengan ngagaduhan kaunggulan dibanding dirina sorangan.
Lamun ningali jalma bodo, kedah ngarasa yén anu bodo seueur salahna jeung dosana teh lantaran ku kabodoanana.
Sedeungkeun diri sorangan anu dipasihan élmu ku Allah Ta’ala tapi hanjakal masih resep jeung seueur kénéh doraka, seueur kénéh ngalakonan dosa. Tangtos tuntutan Allah kadirina di akherat lewih berat batan jalma anu bodo.
Ditambah teu apal, kumaha akhir kahirupan jalma bodo jeung kumaha akhir kahirupan diri.
Lamun ningali jalma kafir, non muslim, tetep kedah ngarasa yén teu apal kalawan yakin tiasa jadi isuk atawa jaganing geto jadi jalma Islam, satuluyna dina akhir kahirupanana migawé amal soleh anu jadi cukang lantaran dihampura sadaya dosana ku Allah, kenging curahan maghfirah Allah, saé akhir hirupna, kenging ganjaran ti Allah tina margi tobatna di tampi ku Allah.
Sedengkeun dirina mungkin baé migawé kajahatan dina tungtung umur, jadi jalma goreng tungtung, imanna teu kacandak maot (Na’udzubillahi min dzalik).
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah…
Sombong teh kalakuan iblis, anu jadi sabab manehna jeung balad-baladna (syetan) meunang bebendon Allah, isukan bakal jadi ahli naraka.
قَالَ أَنَا۠ خَيۡرٞ مِّنۡهُ خَلَقۡتَنِي مِن نَّارٖ وَخَلَقۡتَهُۥ مِن طِينٖ ٧٦
“Iblis ngajawab: “Aing leuwih alus batan manehna (Adam). Gusti ngayugakeun seuneu, sareng Gusti ngayugakeun manehna tina taneuh”. (Surat Shod: 76)
Muga-muga urang sadaya dijauhkeun tina sifat sombong sangkan hirup sareng hurip urang dipikaridha ku Allah SWT. Amiin !
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah ka II
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَا بِكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ.اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِ ابْنِ عَبْدِ اللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُو اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَاحَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Khutbah Jum”at Bahasa Sunda ini disusun oleh Jamal Shidiq dengan Penyelaras Bahasa oleh Imam Hamidi Antassalam





