Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Fadlilah Dzikir

NU CILACAP ONLINE – Khutbah jumat bahasa sunda kali ini mengangkat tema Keutamaan Dzikir atau Fadlilah Dzikir oleh karena dzikir merupakan salah satu ibadah yang dianjurkan agama dan ditekankan untuk dilakukan secara rutin.

Berdzikir merupakan praktik mengingat dan memuji Allah SWT dengan mengucapkan kalimat-kalimat keagungan secara terus-menerus dalam hati maupun dengan suara.

Baca juga: Khutbah Jumat Sunda: Barudak Anu Ngabakti ka Indung Bapana

Oleh karenanya praktik spritual dzikir ini memiliki banyak manfaat baik dari segi spiritual maupun psikologis.

Tujuan dari berdzikir adalah untuk mendekatkan diri pada Allah SWT guna meningkatkan ketakwaan, kesadaran diri dan keimanan, serta menguatkan hati dan pikiran.

Fadlilah Dzikir

Khutbah ka I

إنَّ الْحَمْدَ للهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَاوَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا .وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا .اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى: اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ . وَلَاتَقُوْلَنَّ لِشَاْيْءٍ اِنِّيْ فَاعِلٌ ذَالِكَ غَدًا. اِلَّا اَنْ يَشَاءَ اللهُ صَلَى وَ اذْكُرْ رَبَّكَ اِذَا نَسِيْتَ وَ قُلْ عَسَى اَنْ يَهْدِيَنِ رَبِّيْ لِأَقْرَبَ مِنْ هَاذَا رَشَدًا

Hadirin Jamaah Jumah, Rahimakumullah,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW parantos sasauran dina salah sawios Haditsna :

اَكْثِرُوْا مِنْ ذِكْرِ اللهِ عَزَّ وَ جَلَّ عَلَى كُلِّ حَالٍ فَاِنَّهُ لَيْسَ عَمَلٌ اَحَبَّ اِلَى اللهِ وَ لَا اَنْجَى لِعَبْدٍ مِنْ سَيِّئَةٍ فِى الدُّنْيَا وَ الْآخِرَةِ مِنْ ذِكْرِ الله

Hartosna: “ Seueurkeun ku aranjeun eling ka Allah `Azza wa Jalla dina satiap kaayaan, margi saéstuna teu aya hiji amal anu langkung dipikaresep ku Allah jeung langkung nyalametkeun pikeun hamba tina satiap kagoréngan di dunya sareng di akhérat tinimang éling ka Allah.“ (HR Ibnu Sharshariy)

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Al-Qur’an Pituduh Jalmi Nu Iman

Ahli fiqih Abul Laits nyaurkeun: “Saha jalmi anu ngabiasakeun tujuh kalimat, maka bakal jadi jalmi anu mulya mungguh Allah sareng Malaikat, dihampura dosana sanaos dosa-dosana saseueur budah lautan, ogé bakal ngaraoskeun amisna kataatan (betah, tenang, khusyu’) sarta hirup sareng maotna aya dina kasaénan. Nyaéta :

Kahiji, Maos basmalah dina satiap ngawitan padamelan.
Pidawuh kanjeng Nabi Muhammad SAW :

كُلُّ اَمْرٍ ذِىْ بَالٍ لَا يُبْدَأُ فِيْهِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ فَهُوَ أَبْتَرُ اَوْ اَقْطَعُ اَوْ أَجْذَمُ

“Satiap urusan anu ngagaduhan tingkah anu teu dikawitan ku bacaan BISMILLAAHIR RAHMAANIRRAHIIM, Maka éta urusan téh pegat (kurang sampurna, saeutik barokahna) “. (Ianah Tolibin, Juz I, kaca 3).

Maos basmalah ieu tangtosna ogé dina hal padamelan anu saé, mangrupi kataatan, naha anu hukumna wajib atanapi sunat. Sanés padamelan haram.

Kadua, Maos hamdalah dina satiap rengsé padamelanna. Seja syukuran ka Gusti Allah SWT anu tos maparin pitulung, tiasa nyelesaikan hiji padamelan disarengan ku manah anu pinuh ku kabingah kalawan harepan ditampi ku Allah SWT.

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda Hakekat Ibadah Shalat

Katilu, Ngucapkeun istighfar ka Allah dimana-mana katalanjuran ngucapkeun cariosan anu teu aya gunana, sumawona perkara dosa.
Pidawuh Kanjeng Nabi SAW:

اَلَا اَدُلُّكُمْ عَلَى دَائِكُمْ وَ دَوَائِكُمْ اِنَّ دَائَكُمُ الذُّنُوْبُ وَ دَوَاءَكُمُ الْاِسْتِغْفَارُ

Hartosna: “Sing inget, Kaula rek nuduhkeun ka aranjeun kana panyakit-panyakit aranjeun jeung kana ubar-ubar aranjeun. Saénya-ényana ari panyakit aranjeun teméh nyaéta dosa-dosa aranjeun, jeung ari obat-obatna nyaéta istighfar.“ (HR Ad-Dailamiy).

مَنْ لَزِمَ الْاِسْتِغْفَارَ جَعَلَ اللهُ لَهُ مِنْ كُلِّ ضَيْقٍ مَخْرَجًا وَ مِنْ كُلِّ هَمٍّ فَرَجًا وَ رَزَقَهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ

Hartosna: “Saha jalmi anu ngabiasakeun istighfar, maka Allah bakal ngajadikeun pikeun éta jalmi jalan kaluar tina sakur karupekan, jeung kabungah tina sakur kabingung, sareng ngarizkian tina arah-arah anu teu disangka-sangka.“ (HR Imam Ahmad, Abu Daud sareng Ibnu Majah)

Kaopat, Ngucapkeun Insya Allah dina tiap aya rencana padamelan. Ieu, kumargi urang sadaya teu terang, teu acan yakin pasti bakal ngalaksanakeun kana naon rupi padamelan anu direncanakeun, jalaran teu terang kana kajadian anu bakal tumiba engké, enjing atanapi pageto, kajabi upami Allah ngersakeun.

Pidawuh Anu Maha Suci dina bubuka khutbah tadi anu pihartoseunana: “Jeung Poma anjeun ulah nyarita ngeunaan hiji perkara: ‘Keun ku kaula dipigawé isukan‘.

Anging upama dikersakeun ku Allah (ku nyebut Inya Allah) sarta anjeun kudu inget ka Pangeran anjeun mun seug anjeun poho, jeung pok ucaapkeun: ‘Mugia Gusti Pangeran abdi maparin pituduh ka abdi kana jalan anu langkung caket kana leresna tibatan jalan anu ieu‘. (QS.Al-Kahfi: 23-24).

Kalima, Maca Haoqolah nyaéta Laa haula walaa quwwata illlaa billaah, di mana-mana mayunan perkara anu karaos beurat, hoream, teu dipikaresep.

Kagenep, Di mana-mana keuna musibah ngucapkeun istirja’ nyaéta Innalillaahi wa innaa ilaihi raaji’un. Dawuh Allah SWT QS. Al-Baqarah, ayat 156

اَلَّذِيْنَ اِذَا اَصَابَتْهُمْ مُّصِيْبَةٌ لا قَالُوْا اِنَّا لِلَّهِ وَ اِنَّا اِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ

Hartosna:“Nyaeta jalma-jalma anu di mana-mana keuna ka maranehna musibah, maranehna ngucapkeun ‘Saestuna urang sarerea kagungan Allah jeung ka Mantenna urang sarerea bakal baralik“.

Urang sadaya rumaos teu ngamilik naon-naon, sadayana kagungan Allah, darma katitipan sementawis. Awal akhir dicandak deui kunu gaduhna.

Baca juga: Jalmi Mahabbah Tur Makrifat ka Allah Ta’ala

Katujuh, Siang sareng wengi teu elat ngucapkeun Laailaaha illallah Muhammadurrasuulullah. {Nashoihul `Ibad, kaca 33}.

Mugi-mugi Allah SWT maparin hidayah taupek ka urang sadaya tiasa ngalap hikmah sareng makna tina eta kalimat-kalimat dzikirna, sahingga karaos manfaatna sakumaha anu dianjurkeun agami jeung kanjeng Nabi Muhammad SAW. Aamiin Yaa Rabbal Alamiim..

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

KHUTBAH ka II

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِىْ اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِيْنُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَاتَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ. رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَتُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ. اَللَّهُمَّ اَعِنَّا عَلَى ذِكْرِكَ وَشُكْرِكَ وَحُسْنِ عِبَادَتِكَ. اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ الرِّضَى وَالْيَقِيْنَ . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَارِ وَاَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْن

Disusun ku: Jamal Shidiq, Panyelaras Bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda Manusa Kabagi Opat Golongan

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button