Sajatina Cinta ka Kangjeng Nabi ﷺ
Khutbah Jumat Bahasa Sunda

NU Cilacap Online – Selama bulan Maulid ini pastinya kita meningkatkan rasa cinta kepada Nabi Muhammad ﷺ. Kelahiran beliau merupakan simbol terbitnya fajar budi pekerti dan nilai-nilai luhur kemanusiaan serta keilahian. Oleh karenanya kami tengahkan Khutbah Jumat Bahasa Sunda berjudul Sajatina Cinta ka Kangjeng Nabi ﷺ
Beribu rasa syukur kepada Allah SWT karena telah mengutus seorang nabi-Nya yang menjadi suri teladan yang mulia. Nabi Muhammad ﷺ. Sebagi utusa-Nya ke muka bumi ini tak lain adalah sebagai rahmat bagi seluruh alam.
Rasa gembira akan kedatangan Rasulullah ﷺ merupakan pertanda kita mencintainya. Biasanya orang yang cinta akan selalu berharap berjumpa dengan yang dicinta-Nya.
Berikut Khutbah Jumat Bahasa Sunda berjudul Sajatina Cinta ka Kangjeng Nabi ﷺ
Khutbah Pertama
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ
اَللّهُمَّ فَصَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّايَعْدُ: فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا االلهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. قُلْ إِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّونَ اللَّهَ فَاتَّبِعُونِي يُحْبِبْكُمُ اللَّهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَحِيمٌ.
Hadirin Jama’ah Jum’ah Rahimakumullah,
Dina sasih Rabi’ul Awal (Maulid), sasih dibabarkeunnana Kangjeng Nabi Muhammad ﷺ.
Rupa-rupa kagiatan diayakeun buktos cinta sajati ka Kangjeng Nabi ﷺ, pribadi anu panggedena jasana pikeun urang sadaya sahingga urang janten jalmi nu Islam, Iman jeung Ihsan.
Teras naon minangka wujud cinta ka anjeunna? Hadits Riwayat Muslim, an-Nasa’i, al-Bazzar, sareng Ibnu Khuzaimah nyebutkeun bilih waleranana kataji, sakumaha anu kantos didugikeun ku Anas bin Malik RA:
“Urang Arab naros ka Kangjeng Rasul, “Iraha poé kiyamat?” Rasulullah ﷺ malik naros ka anjeuna, “Naon anu geus ku anjeun disiapkeun pikeun nyanghareupan Poé Kiamat?” Anjeuna ngajawab, “Cinta ka Allah sareng Rasul-Na.” Mantena sasauran: “Anjeun bakal bareng jeung jalmi anu ku anjeun dipikacinta.”
Tangtos, teu aya saurang Muslim ogé anu teu hoyong sasarengan sareng Kangjeng Nabi ﷺ. Kumargi kitu, cinta ka Nabi ﷺ kedah diwujudkeun ti ayeuna.
Baca juga Khutbah Jumat Bahasa Jawa Mangayubagyo Maulid Nabi Muhammad SAW
Lain rasa cinta anu asal-asalan, komo deui cinta palsu. Tapi cinta anu nyata tur sampurna.
Anas bin Malik RA ngadugikeun yén Rasulullah ﷺ ngadawuh:
لاَ يُؤْمِنُ أَحَدُكُمْ حَتَّى أَكُونَ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِنْ وَالِدِهِ وَوَلَدِهِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ
Hartosna: “Teu sampurna iman salasaurang ti aranjeun sahingga kaula leuwih dipikacinta ku anjeun tinimbang anakna, Indung Bapana, jeung sakabéh manusa.” (H.R Al-Bukhari, Muslim, Ahmad, Ibnu Majah, an-Nasai, al-Baihaqi, al-Hakim, sareng Ibnu Hibban).
Tah kitu, kunaon kapungkur para sahabat sok paboro-boro nembongkeun kacinta aranjeuna ka Rasulullah ﷺ
Anjeuna tos biasa mayunkeun Rasulullah ﷺ dina sagala urusan jeung kapentingan maranéhna.
Aranjeuna leuwih ngutamakeun Rasul ﷺ timbatan saha baé ogé, kaasup dulur jeung karabat maranéhna, komo deui kolot maranéhna sorangan.
Hadirin Jama’ah Jum’ah Rahimakumullah,
Rasulullah Muhammad ﷺ ngadawuh:
ثَلاَثٌ مَنْ كُنَّ فِيهِ وَجَدَ حَلاَوَةَ الإِيمَانِ: أَنْ يَكُونَ اللَّهُ وَرَسُولُهُ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِمَّا سِوَاهُمَا، وَأَنْ يُحِبَّ الْمَرْءَ لاَ يُحِبُّهُ إِلَّا لِلَّهِ، وَأَنْ يَكْرَهَ أَنْ يَعُودَ فِي الكُفْرِ كَمَا يَكْرَهُ أَنْ يُقْذَفَ فِي النَّارِ
Hartosna: “Aya tilu perkara, lamun tilu perkara éta aya disaha baé, tangtu manéhna bakal ngarasakeun amisna iman: Allah jeung Rasul-Na leuwih dipikacinta ku manéhna teu aya anu dipikacinta iwalti kaduana; manéhna mikacinta hiji jalma ngan karana Allah; sarta manéhna ngéwa kana kakufuran sakumaha manéhna teu resep diasupkeun kana naraka”. (HR Bukhari sareng Muslim).
Baca juga Maulid Nabi, dan Sajak Cinta Para Pujangga
Kumargi kitu, cinta ka Allah SWT kudu dibuktikeun sacara nyata ku cara nuturkeun sarta nyonto Rasulullah ﷺ, nyaéta kucara nuturkeun sunah Mantena boh dina ibadah ka Allah (mahdhoh) atanapi ibadah jeung papada manusa (ghoer mahdhah). Allah SWT ngadawuh:
قُلْ إِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّونَ اللَّهَ فَاتَّبِعُونِي يُحْبِبْكُمُ اللَّهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَحِيمٌ
Hartosna: “Pok caritakeun, “Lamun aranjeun bener-bener cinta ka Allah, tuturkeun kaula, tanwandé Allah bakal mikacinta ka aranjeun sarta ngahampura dosa-dosa aranjeun. Allah Maha pangampura ogé Maha Asih”. (Ali Imron: 31).
Imam Ibnu Katsir dina Tafsîr al-Qurân ngajelaskeun ayat ieu ku nyebatkeun, “Ayat anu mulya ieu netepkeun yén saha baé anu ngaku cinta ka Allah, sedengkeun manéhna kaluar tina jalan Muhammad ﷺ, Maka manéhna masih kénéh bohong nepika manéhna nuturkeun kana ajaran Nabi Muhammad ﷺ sagemblengna.
Baca juga Khutbah Jumat, Agama adalah Akhlaq yang Mulia
Hadirin Jama’ah Jum’ah Rahimakumullah,
Kumargi kitu, ucapan cinta ka Nabi ﷺ kudu ngawujud dina kacintaan kana ajaran Islam.
Jeung ieu téh bakal ngahasilkeun karesep dina amaliyah (rajin ibadah). resep dina ngamalkeun ajaran Islam bakal ngalahirkeun amal sarta perjuangan pikeun ngawujudkeun Islam anu kaffah (sampurna).
Ieu bakal jadi konci pikeun meunangna pangraksa ti Allah SWT. Rasulullah ﷺ ngadawuh:
اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ احْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ
“Prak raksa Allah tanwandé Allah bakal ngaraksa ka anjeun. Prak raksa Allah tangtu anjeun bakal ngengingkeun anu dipikaharep ku anjeun.” (HR at-Tirmidzi sareng Ahmad).
Baca juga Khutbah Jumat Bahasa Jawa Gesang Langkung Manfaat
Al-Hafizh Ibnu Rojab dina Jâmi’ al-‘Ulum wal-Hikam ngajelaskeun: Ihfadhillâh (raksa Allah) maksudna nyaéta ngaraksa hudud (hukum), hak-hak, paréntah-paréntah jeung cegahan-cegahan Mantena.
Ngaraksa éta sadaya nyaéta ku cara taat kana paréntah-paréntah Allah, sareng ngajauhan cegahannana.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ.اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِرَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ
اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِمِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ رَبَّنَا أَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ
رَبَّنَااتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاخِرَةِحَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Demkian Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang berjudul Sajatina Cinta ka Kangjeng Nabi ﷺ sebagai penyusun Jamal Shidiq, dan Penyelas bahasa Imam Hamidi Antassalam