Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Jalma Anu Bagja

Khutbah Jumat NU Cilacap Online

NU CILACAP ONLINE – Setiap muslim pasti memiliki visi dalam hidupnya ingin selamat dan bahagia di dunia dan akhirat. Hal tersebut dalam pengertian bahasa sunda disebut “Jalma Anu Bagja”.

Hanya saja, dalam praktiknya, kita sendiri terkadang abai terhadap jalan keselamatan tersebut.

Sebaliknya, tanpa disadari jalan yang ditempuh malah jalan yang mencelakakan.

Mengingat hal tersebut, kita perlu menjauhkan diri dari sikap yang akan mencelakakan diri, seraya bergegas menjalankan sikap terpuji yang akan membawa pada kebahagiaan.

Teks khutbah Jumat berikut ini dengan judul “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Jalma Anu Bagja”. Semoga bermanfaat!

Khutbah I

إِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن،

أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ: قَالَ اللهُ تَعَالى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ: وَلَا تُلْقُوا بِأَيْدِيكُمْ ‌إِلَى ‌التَّهْلُكَةِ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Maasyiral Muslimin Rahimakumullah!
Hadirin Jamaah Jum’ah Anu Dimulyakeun Allah SWT.
Mangga urang sami-sami muji syukur ka dzat Allah rabbun ghafur, dzat anu parantos masihan kasehatan, katenangan, kakiatan, hidayah sarta taupik kaurang sadaya.

Shalawat sareng salam mugia salamina didugikeun kajungjunan alam Rasulullah Muhammad ﷺ miwah kulawargina, sahabat, tabi’in, tabi’it tabi’in tug dugi ka sadaya umatna anu tumut taat ka Mantenna.

Ogé kaurang sadaya anu tumut ka Anjeuna, anu salamina miharep kabagjaan dunia rawuh akhirat.

Baca juga: Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Fadlilah Dzikir

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah, anu sami mulya..
Peryogi diémutkeun yén ku ayana percaya atawa iman kana ayana Allah Ta’ala sareng sipat-sipat kasampurnaannana nyaéta anu jamak kasebat Al-Asmaul Husna, urang bakal tiasa ngagaduhan dua rupi anu utami diantawisna nyaéta:

Kahiji, urang bakal ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya.

Upami jalmi jiwana henteu tenang, pikiranna kalang kabut, maka padamelanana ogé moal bakal bérés. Badanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.

Kadua, Cahaya haté anu caang ku nur illahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah SWT. Sarta salamina kenging panangtayungan ti mantenna sareng réa-réa deui.

Teras ku iman kana poé akhir, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang, tinangtu mangrupikeun panahan napsu anu ngaberung, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih saé.

Moal wantun jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, ka sasatoan ogé teu wantun nyiksa, malah timbul rasa kanyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poé akhir. Sakumaha dawuhan Allah SWT;

قَدۡ اَفۡلَحَ الۡمُؤۡمِنُوۡنَۙ
الَّذِيۡنَ هُمۡ فِىۡ صَلَاتِهِمۡ خَاشِعُوۡنَ
وَالَّذِيۡنَ هُمۡ عَنِ اللَّغۡوِ مُعۡرِضُوۡنَۙ
وَالَّذِيۡنَ هُمۡ لِلزَّكٰوةِ فَاعِلُوۡنَۙ
وَالَّذِيۡنَ هُمۡ لِفُرُوۡجِهِمۡ حٰفِظُوۡنَ
اِلَّا عَلٰٓى اَزۡوَاجِهِمۡ اَوۡ مَا مَلَـكَتۡ اَيۡمَانُهُمۡ فَاِنَّهُمۡ غَيۡرُ مَلُوۡمِيۡنَ‌ۚ‏

Hartosna: Satemenna bakal bagja jalmi-jalmi mukmin. nyaéta jalmi-jalmi anu shalatna kharusu. Sareng jalmi anu sok ngabalieur tina pagawěan anu henteu aya gunana. sareng jalmi-jelmi anu kana zakatna sok marigawe. Sareng jalmi-jalmi sok ngaraksa farjina (tina zinah), anging ka pamajikannana atawa ka amatna tah éta mah henteu dicela.” (al-Mu’minun: 1-6)

Para hadirin sadaya anu sami mulya..,
Nembe dawuhan Allah téh ngandung harti, yén manusa sangkan meunang kabagjaan teh kudu iman bener-bener jeung ka Allah henteu kacampuran ku musyrik sarta dibarengan ku amal shaleh.

Ari amal shaleh téh aya anu patali jeung batin, aya anu patali jeung lahir. Diantawisna nyaéta:
1. Anu tumali jeung batin (haté), ku cara dzikir ngaberesihan jiwa tina rupa-rupa kokotor, saperti:
kadedemes kana harta banda, gumedé, pupujieun, dengki ka batur, telenges ka batur, ujub riya, medit, ngunek-ngunek jeung sipat anu goréng sejenna.

Baca juga: Khutbah Jumat Sunda: Barudak Anu Ngabakti ka Indung Bapana

Salain gutu téh kudu ngeusian jiwana ku sipat-sipat ka utamaan, saperti: ngalobakeun dzikir (eling) ka Allah, sukur kana nikmat, sabar kana musibah, tawekal, ikhlas beramal, isin ku Allah, ngarep-ngarep rahmat Allah, handap asor, nyaahan, welas asih, berehan, mikacinta ka Allah jeung ka Rasulna.

2. Anu tumali jeung pagawéan lahir, kanyaning; ngaberesihan badan, tina najis, atawa hadas, ngalakonan rukun Islam anu lima perkara, ngurus mayit, sedakah, tulung-tinulung ka sasama mahluk Allah, néangan harta anu halal, amar ma’ruf nahi munkar, miara budak yatim, ngamumulé tempat ibadah, tempat pangajian, ngadidik kulawarga jeung tatangga, ngabéla kapentingan jeung kamaslahatan umum, ngabarantas kamungkaran

Saperti: palacuran, perjudian, pamabokan jeung kakacowan, taat ka indung-bapana dina hal-hal anu henteu pasalia jeung aturan Agama jeung sajaba
ti éta.

Mugi-mugi gusti Allah masihan taufik sareng hidayahna ka urang sadayana sahingga urang tiasa ngamalkeun leres-leres kana parentah Allah SWT. Aamiin!

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ ، رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Jalma Anu Bagja Disusun ku Jamal Shidiq, Panyalaras bahasa ku Imam Hamidi Antassalam.

Baca juga : Jalmi Anu Kenging Kanikmatan Sareng Kabagjaan

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button