Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Hijrah Anu Berkah

NU CILACAP ONLINE – Khutbah Jumat Bahasa Sunda kali ini mengambil judul Hijrah Anu Berkah (Hijrah yang Mendatangkan Keberkahan). Berharap berkah rahmat Allah SWT menjadi momentum yang tepat dalam menguatkan komitmen diri untuk lebih baik di masa yang akan datang dalam peringatan Tahun baru Islam, hijriyah.

Adapun sejarah hijriyah ini tidak bisa lepas dari sejarah hijrah Nabi Muhammad SAW dari Makkah ke Madinah. Dari momentum hijrah tersebutlah Islam bisa menyinari peradaban dunia.

Dalam rangka menyambut tahun baru Islam ini, NU Cilacap Online Media kali ini mengusung khutbah Jumat bahasa sunda berjudul Hijrah Anu Berkah

Khutbah I

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ فَضَّلَ بَيْنَ الشُّهُوْرِ وَاْلاَيَامِ. فَجَعَلَ شَهْرَعَاشُوْرَاءِ مِنْ اَفْضَلِهَافَفَضْلُهُ قَدْ سَاعَ بَيْنَ اْلاَنَامِ وَفَضَّلَ يَوْمَ عَشُوْرَاءِ عَلَى جَمِيْعِ اْلاَيَامِهِ وَجَعَلَهُ لِعِقْدِ اَيَّامِ الشَّهْرِ وَاسِطَةِالنِّظَامِ. اَشْهَدُ اَنْﻵاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدَنَا مَحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَ ئِمَّةِ اْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ , اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ, فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ .وَمَن جَٰهَدَ فَإِنَّمَا يُجَٰهِدُ لِنَفۡسِهِۦٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ لَغَنِيٌّ عَنِ ٱلۡعَٰلَمِينَ

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah,
Dina taun baru hijrah ieu hayu urang sami-sami tingkatkeun sumanget hijrah anu berkah nyaéta kucara mujahadatunnafsi (mérangan hawa nafsu), sangkan tiasa hijrah anu hakiki (saényana), sahingga robah kaayaan jadi aya peningkatan dina taun ayeuna.

Dawuh Allah SWT QS Al-Baqarah, ayat 218

إِنَّ الَّذِينَ آمَنُوا وَالَّذِينَ هَاجَرُوا وَجَاهَدُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ أُوْلَئِكَ يَرْجُونَ رَحْمَةَ اللَّهِ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَحِيمٌ

Hartosna: “Saéstuna jalma-jalma anu iman, jalma-jalma anu hijrah jeung ikhtiar di jalan Allah, maranéhna miharep rahmat Allah. Saéstuna Allah Maha Pangampura jeung Maha Asih.

Pikeun hijrah anu berkah atanapi miharep rahmat Allah, ngalakukeun kana hiji parobahan anu langkung saé, tambah taun meningkat amalna, saé akhlakna, berkah kaharti ziyadatul khaira.

Hijrah anu berkah éta téh kudu maké kakuatan anu rongkah ogé butuh pangorbanan harta banda bahkan nyawa.

Sabab ari kana kahadéan mah sok aya hijab atawa penghalangna boh tiluar atawa ti jero, béda jeung kana kagoréngan, éta mah sok gampang pisan bahkan loba nu ngadukungna.

Tapi kana bener atawa kaalusan mah, nu bakal ngajurungkeun ka sawarga gogoda na téh loba pisan, anu pang rongkahna gogoda téh lain anu datangna ti luar kayaning jin jeung manusa atawa sétan, tapi nyaéta anu aya dina diri urang sorangan anu disebut nafsu téa anu jadi panggedéna hijab.

Nafsu téh nyaéta saperti musuh gerotan, di mana datang maka wajib diperangan ku urang sorangan.

Allah ngadawuh dina surat Al-Ankabut ayat 6:

وَمَن جَٰهَدَ فَإِنَّمَا يُجَٰهِدُ لِنَفۡسِهِۦٓۚ إِنَّ ٱللَّهَ لَغَنِيٌّ عَنِ ٱلۡعَٰلَمِينَ

Hartosna: “Jeung sing saha anu jihad (perang), saéstuna (ganjarana) jihadna téh pikeun dirina sorangan, saéstuna Allah téh henteu butuh kana naon-naon ti sakuliah alam.” ( Al-Ankabut: 6 )

Nafsu téh mangrupikeun hiji hijab (penghalang) antara manusa jeung pangérana kana wushul (tepina) ka Allah SWT

Maksudna nafsu téh bakal jadi penghalang manusa kana midamel kasaéan ka Allah jeung papada manusa, nyaéta nafsu amarah anu sok ngajak kana kagoréngan, saperti jadi sombong, sarakah, syahwat, hasud, gede ambek, pelit jeung dendam.

Upami urang tiasa merangan nafsu janten saé, sapertos tina amaroh janten nafsu lawwamah teras nafsu Muthmainnah.

Nafsu lawwamah téh nyaéta haté anu geus meunang nur (cahaya kamulyaan) ti Allah SWT, sabab haténa seueur dianggo dzikir ka Allah.

Teras ari nafsu Muthmainnah mah (jiwa anu tenang), nyaéta nafsu anu parantos sampurna cahayana, ku nur (cahaya) dina haténa bakal leungit sifat anu awona, bakal berakhlak kalayan akhlak anu mulya, luhur darajatna, sahingga janten jalmi anu kenging ridhona Allah Subhanahu Wata’ala.

Pidawuh Alloh dina al Qur’an:

يَٰٓأَيَّتُهَا ٱلنَّفۡسُ ٱلۡمُطۡمَئِنَّةُ ٢٧ ٱرۡجِعِيٓ إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةٗ مَّرۡضِيَّةٗ ٢٨ فَٱدۡخُلِي فِي عِبَٰدِي ٢٩ وَٱدۡخُلِي جَنَّتِي ٣٠

Hartosna: “Yeuh jiwa anu tenang (muthmainnah). Géura balik anjeun ka Pangéran anjeun kalayan ridha jeung dipiridha. Geura asup ka golongan anu kumawula ka kami. Jeung geura asup ka sawarga kami. (Al-Fajr: 27-30)

Baca juga Khutbah Jumat Sunda, Kasiena Jalma Iman

Hadirin Ahli Jum’ah anu Sami Mulya,
Janten musuh anu pang beratna ternyata lain batur tapi diri sorangan, perang anu pang beuratna téh nyaéta sanes perang jeung Israel jeung sakutu-sakutuna, tapi merangan hawa nafsu sorangan.

Manusa anu kuat nyaéta lain anu bisa ngelehkeun penjahat, tapi manusa anu kuat nyaéta manusa anu bisa ngandalikeun syahwat tina maksiat atawa anu bisa meruhkeun hawa nafsuna. Kanjeng Rasul dawuh;

لَيْسَ الشَّدِيْدُ بِصُرْعَةِ اِنَّمَاشَدِيْدُالَّذِىْ يَمْلِكُ نَفْسَهُ عِنْدَالْغَضَبِ .(متفق عليه)

Hartosna: “Lain jalma anu kuat anu meunang dina gulat, saenyana jalma anu kuat nyaéta jalma anu bisa ngandalikeun dirina (nafsuna) dina keur ngambek. (Mutafaq alaih)

Kumargi kitu, nafsu téh kedah dilatih atanapi kedah kandalikeun supados saé.

Sapertos kucara Riyadhatunnafsi (ngalatih diri), ku ningkatkeun amal ibadah ka Allah, kayaning ku ningkatkeun disiplin waktu shalat ulah sok telat, awal waktu sareng berjamaah di Masjid.

Margi éta téh anu teu biasamah karasana beurat jeung wegah komo berjamaah shalat shubuh mah. Kade ulah kajongjonan, ulah asal shalat, margi kanjeng Rasul sasauran: “Sholat Isya jeung Shubuh éta téh beurat keur jalma munafik mah.

Janten upami urang tiasa ningkat tina ngedul kana rajin, isya jeung shubuhna tos ningkat, maka kaimananna janten sampurna lain iman anu munafik deui. Malih ganjarana shalat subuh berjamaah saperti shalat sunat sapeuting jeput.

Jalmi anu teuacan salamet tina kamunafikan bakal ditempatkeun ku Allah di akherat dina panghandapna naraka.

Pidawuh-Na dina surat Annisa Ayat 145:

إِنَّ ٱلۡمُنَٰفِقِينَ فِي ٱلدَّرۡكِ ٱلۡأَسۡفَلِ مِنَ ٱلنَّارِ وَلَن تَجِدَ لَهُمۡ نَصِيرًا ١٤٥

Hartosna: ”Saenyana jalma-jalma munafik téh (ditempatkeun) dina tingkatan anu pang handapna tina naraka. Jeung moal bakal meunang pitulung pikeun manehannana. (an Nisa: 145)

Mugi-mugi urang sadaya dipasihan hidayah, sareng taufik ku Allah Subhanahu Wata’ala sahingga tiasa merangan hawa nafsu , digampilkeun dina tha’at atanapi ibadah ka mantena Amiin ya Rabbal Alamiin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah Ka II

اَلْحَمْدُللهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكِثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُاَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ وَمَنْ وَالاَهُ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. ، رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ، رَبَّنَاأَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ أَقْدَامَنَاوَانصُرْنَاعَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ.رَبَّنَااَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَة حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Demikian Khutbah Bahasa Sunda berjudul Hijrah Anu Berkah disusun Jamal Shidiq, Penyelaras bahasa Imam Hamidi Antassalam.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button