Jalmi Anu Husnul Khatimah

Khubah Jumat Bahasa Sunda

NU CILACAP ONLINE – Husnul khatimah adalah tolak ukur satu-satunya apakah seseorang sukses dalam hidupnya atau tidak. Oleh karenanya Khutbah Jumat Bahasa Sunda kali ini mengetengahkan Jalmi Anu Husnul Khatimah.

Memang banyak tolok ukur kesuksesan dalam hidup ini, seperti hidup kaya raya,  memiliki jabatan tinggi, dihormati dalam masyarakat, hidup dalam kondisi kesehatan yang prima dan sebagainya.

Namun apalah arti hidup kaya raya, jika ketika meninggal dunia seseorang tak mampu menyebut nama “Allah”. Apalah arti menduduki jabatan tinggi, jika di akhir hayat seseorang tidak mengenal siapa Sang Penciptanya.

Baca juga Khutbah Jumat: Bakti Anak Kepada Orang Tua

Apalah arti hidup mulia dan dihormati di tengah-tengah masyarakat, jika di akhir hayat seseorang mati dalam keadaan kafir. Na’udzubillahi mindzalik.

Allah SWT berfirman dalam Surat Ali Imran, ayat 102, :

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Artinya: “Hai orang-orang yang beriman, bertakwalah kepada Allah dengan sebenar-benar takwa kepada-Nya; dan janganlah sekali-kali kamu mati melainkan dalam keadaan beragama Islam.”

Intisari ayat di atas Allah SWT mengingatkan agar kita meninggal dunia dalam keadaan beriman kepada Allah. Inilah yang disebut dengan husnul khatimah.

Rasulullah SAW memberikan tuntunan kepada kita berupa doa memohon kepada Allah agar senantiasa menetapkan iman kita sampai akhir hayat kita.

Baca juga Khutbah Jumat : Membentuk Anak Yang Sholih

Doa tersebut sebagaimana termaktub dalam Surat Ali Imran ayat 8, sebagai berikut:

رَبَّنَا لا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ

Artinya: “Ya Tuhan kami, janganlah Engkau jadikan hati kami condong kepada kesesatan sesudah Engkau beri petunjuk kepada kami. Dan karuniakanlah kepada kami rahmat dari sisi Engkau; karena sesungguhnya Engkau-lah Maha Pemberi (karunia).”

Husnul khatimah adalah harga mati yang harus selalu diusahakan dan diupayakan oleh siapa saja yang menginginkan surga dan menetap di sana untuk selamanya.

Cara kita mengupayakan agar diberi husnul khatimah adalah selalu bertakwa kepada Allah SWT, kapan  pun dan di mana pun kita berada.

Husnul khatimah merupakan puncak dari semua kesuksesan hidup di dunia ini. Tanpa husnul khatimah, sia-sialah hidup seseorang karena itu berarti neraka tempatnya di akherat sana.

Khutbah Pertama

الْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَةِ اْلاِيْمَانِ وَاْلاِسْلاَمِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْمُنْفَرِدُ بِالْكَمَالِ وَاْلبَقَاءِ وَالدَّوَامِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَامُحَمَّدًاعَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَشْرَفُ مُرْسَلٍ وَاَفْضَلُ اِمَامٍ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اْلاَئِمَّةِاْلاَعْلاَمِ مَصَابِيْحِ الظَّلاَمِ. اَمَابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّوَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى كِتَبِهِ الْكَرِيْمِ: اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. وَالَّذِيْنَ اَمَنُوْاوَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتَهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَابِهِمْ

Maasyiral muslimin Rakhimakumullah
Hadirin Jamaah Jum’ah Anu Dimulyakeun Allah
Mangga urang sami-sami muji syukur ka dzat Allah rabbun ghafur, dzat anu parantos masihan kasehatan, katenangan, kakiatan, hidayah sarta taupik kaurang sadaya

Shalawat sareng salam mugia salamina didugikeun kajungjunan alam Rasulullah SAW miwah kulawargina, shahabat, tabi’in, ogé kaurang sadaya anu tumut ka Anjeuna, anu salamina miharep kabagjaan dunia rawuh akhirat.

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah..
Gusti Allah parantos ngadamel mangpirang pirang mahluk-Na téh sajodo-sajodo.

Aya lalaki, aya awéwé, aya beurang aya peuting, aya hirup aya maot, aya alam dunya pasti bakal aya alam akhérat Ayeuna urang aya di alam dunya, sakedap deui bakal nyorang alam akhérat.

Samemeh nyorang akhérat, urang bakal nyorang maot asup ka alam kubur. Ari maot téh nya eté papisahna jasad sareng roh.

Maot téh panyeépan kanyeri, margi kumpul sadaya kanyeri, kanyeri tina panyakit, kanyeri bakal papisah jeung kulawarga, papisah jeung harta, papisah jeung dunya.

Baca juga Khutbah Jumat Sunda: Barudak Anu Ngabakti ka Indung-Bapana

Henteu aya anu dibantuan ka alam kubur salain ti boeh sareng amal shaleh urang anu pangwalesanana bakal ngawitan karaos, nikmat atawa siksaanana.

Ngaraoskeun éta pangwalesan sanés sapoé, sanes sataun, sanés sapuluh taun, tapi salalawasna kenging kanikmatan pikeun anu midamel amal shaleh, ogé salawasna kenging siksaan pikeun kapir atawa anu tukang maksiat mah.

Ku ayana kitu mangga kantun milih baé, hayang kamana urang engké.

Para hadirin sadaya anu sami mulya,
Syarat mutlak geusan ngengingkeun kanikmatan akhérat nya éta mun maot ngabantun iman, nya éta nalika urang bade ngaleupaskeun nyawa téh ditungtungan ku maca Laa ilaaha illallah.

Dawuhan Kangjeng Nabi SAW:

مَنْ كَانَ اَخِرُاكَالاَمِهِ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ دَخَلَ الْجنَّةَ 

Hartosna: “Sing saha jalma anu akhir ucapanana maca: Laa ilaaha illallah. tangtu bakal asup ka surga

Para hadirin sadaya anu sami mulya,
Sangkan maot ngabantun iman sarta panungtungannana ngucapkeun La ilaaha illallah, éta téh sanés padamelan énténg, namung padamelan abot, margi dina waktu sakarat maot téh urang bakal digoda ku setan sangkan urang maot bari henteu iman. Na’udzu billahi min dzalik. 

Ku margi kitu sangkan urang maot ngabantun iman, teu aya deui jalan anu pangutamana sajaba ti kedah sering éling (dzikir) ka Gusti Allah ti ayeuna kénéh, tegesna kedah dibiasakeun dina nalika bungah sangkan urang sukuran ka Gusti Allah, komo nalika aya dina musibah atawa kasusah mah kedah sering muntang, menta tulung ka Mantenna ulah ka sasaha, sangkan Gusti Allah masihan taupek sarta ngaijabah kana do’a urang.
Pidawuh Allah:

رِجَلٌ لاَّتُلْهِيْهِمْ تِجَارَةٌ وَّلاَبَيْعٌ عَنْ ذِكْرِاللهِ

Hartosna: “Ari jalma anu diangken hamba Allah teh nya éta jalma-jalma anu tara katungkulkeun ku usaha jeung jual-meuli dina dzikirna ka Allah teh.”( Annur:37)

Tegesna sanajan bari usaha, digawé naon baé ogé tetep bari inget ka Gusti Allah SWT.

Para hadirin sadaya,
Urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang. saé atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga urang ayeuna.

Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah, tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

وَٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ وَٱتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتُهُم بِإِيمَٰنٍ أَلْحَقْنَا بِهِمْ ذُرِّيَّتَهُمْ وَمَآ أَلَتْنَٰهُم مِّنْ عَمَلِهِم مِّن شَىْءٍ

Hartosna: “Ari jalma-jalma anu mukmin anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina kaimanan (katakwaan) tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik ogé. (Surat Thur: 21)

Upama jalma antepan ka kulawarga tara ngadidik atawa ngatik kana ibadah, engkéna bakal silih dakwa, bakal silih jauhan sabab sieun didakwa téa. Dawuhan Allah:

يَوْمَ يَفِرُّالْمَرْءُمِنْ اَخِيْهِ.وَاُمِّهِ وَاَبِيْهِ.وَصَاحِبَتِهِ وَبَنِيْهِ

Hartosna: “(poé kiamat téh) poéan jelema-jelema ngajauhan ti dulurna, ti indung bapana, ti sobatna jeung anak- anakna.” ( ‘Abasa: 34-36)

Para hadirin sadaya anu sami mulya,
Mangga urang perhatoskeun kaayaan ayeuna ogé di dunya, upami rumah tangga jalmi anu takwa mah sok tengtrem, silih pikanyaah, silih pikadeudeuh, silih belaan sareng sasama kulawargi téh.

Sawangsulna rumah tangga jalmi anu henteu takwa sok kucrut, sok silih carékan, silih bongohan, malah aya anak anu silih wantun nyiksa, bahkan ngabunuh ka sepuhna atanapi kulawargana.

Mangga kantun ngemut, hoyong ka mana urang di akhérat téh? Upama palay ka Surga, Sing getol ibadahna atawa dzikirna ogé kantunkeun maksiatna (ghoflahna).

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِكَثْرَةِ ذِكْرِ اللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ ,وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ, اِتَّقُوا االله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَا أَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَا ٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَا بِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ ، رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَةِ حَسَنَةًوَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ. بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Khutbah disusunkeun ku Ahmad Siddiq, Panyalaras Bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button