Iduladha, Metik Hikmah Sejarah Kanjeng Nabi Ibrahim AS

Khutbah Iduladha Bahasa Sunda NU Cilacap Online

NU CILACAP ONLINE – Khutbah Iduladha bahasa sunda ini berjudul Metik Hikmah Sejarah Kanjeng Nabi Ibrahim AS yang seharusnya jadi teladan umat Islam untuk patuh, sabar, dan tawakal kepada Allah SWT.

Mudah-mudahan kita mendapati anugerah istri dan anak yang patuh pada Allah SWT, sabar dan benar-benar bertawakal kepada-Nya.

Adapun Hikmah Penting dari Sejarah Keluarga Nabi Ibrahim AS

  1. Ibrahim ‘alaihis salam adalah orang yang taat pada perintah Allah.
  2. Nabi Ibrahim ‘alaihis salam tidak membantah wahyu.
  3. Kecintaan pada Allah lebih didahulukan oleh Nabi Ibrahim ‘alaihis salam dari kecintaan pada anak.
  4. Sifat anak yang saleh adalah patuh pada orang tua seperti patuhnya Ismail ‘alaihis salam pada ayahnya Ibrahim ‘alaihis salam.
  5. Bersabar di balik kesulitan pasti akan datangkan kemudahan.

KHUTBAH I

(٩x) اَللهُ اَكْبَر

لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَر, اَللهُ اَكْبَرُ وَ للهِ الْحَمْدُ, اَللهُ اَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرً وَّسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلاً. لاَاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَه, صَدَقَ وَعْدَه, وَنَصَرَ عَبْدَه, وَاَعَزَّجُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَه. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى هَدَانَا لِلْلإسلاَم, وَأَرْشَدَنَا اِلَى أَدَاءِ مَناسِكِ حَجًّا, وَمُعْتَمِرًا بِمَشْعَرِالْحَرَام, وَجَعَلَ اِبْرَاهِيمَ خَلِيْلَ الرَّحْمَان, وَابْتَلَاهُ بِكَلِمَاتٍ فَاأَتَمَهُنَّ مِنْ مَنَاسِكِ الْحَجِّ وَالْخِتَانِ حَتَّى الْقُرْبَان. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ الْمَلِكُ اْلقُدُّوْسُ السَّلاَم, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبعُوثُ رَحمَةً وَنَثْرَالْأَمَان. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسلِّمْ عَلَى شمْسِ الْمُرْسَلِيْنَ وَقَمَرِاْلأَنَام, سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍأَكْمَلِ اْلرُسُلِ اِلَى كَافَةِ الْاِنْسِ وَالْجَان. وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ يَهدِى بِهُدَاهُ اِلَى دَارِ السَّلَام. فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْن, أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَا اللهِ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَّمَكَان, لِيَجْعَلَ اللهُ لَكُمْ مَخْرَجًا مِنْ كُلِّ ضَيْقٍ وَّحِرْمَان. أَعُوْذُ باِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ . اِنَّآ اَعْطَيْنٰكَ الْكَوْثَرَۗ.فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْۗ.اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْاَبْتَرُ.

Allahu Akbar 3 x Wa Lillaahil Hamdu.
Sora takbir nu nyaliksik fikir matak ketir, sora tahlil jeung tahmid nu ngagalaksak rasa mawa genah, ti mimiti peuting tadi, tanggal 10 nepi ka tanggal 13 Zulhijah seah ambarayah, ngajerit ka satungkebing langit, parat ka satangkaraking jagat, bukti pasrah ka Allah Nu Murbeng Alam, rumasa awak darma rokrak di nyawaan, teu daya teu upaya teu walakaya, estuning kabeh aya dina dampal Gusti, aya dina kawasa Gusti, aya dina Takdir Gusti Robbul ‘Izzati.

Mangga nyanggakeun sadaya-daya, nyanggakeun beuheung teukteukeun tikoro gorokeun, abdi yakin kana Maha Rahman sareng Maha Rahimna Gusti, hayap abdi sangkan aya dina ridha Gusti.

Poé ayeuna umur abdi nepi deui kana poé Iduladha atawa Idul kurban, anu mawa harti sangkan abdi sadaya nyukcruk galur alur Rasul, napak tilas sejarah para anbiya, metik hikmah tina peristiwa  anu jadi bibit buit syariat ibadah haji sareng ibadah Kurban, nyaéta riwayat nu pinuh ku hikmah anu dialaman ku keluarga jembar, hamba anu mulya nyatana Nabi Ibrahim AS sareng Nabi Ismail AS.

Allahu Akbar 3 x Wa Lillaahil Hamdu
Pertami Sejarah jeung perkara Ibadah haji. Jutaan umat Islam anu istitaah ti saantero dunia, kiwari keur ngalaksanakeun ibadah haji, ngajalankeun syariat Nabi Ibrahim anu dilegalisasi ku ajaran syariat Islam sarta dicontoan ku kangjeng Nabi Muhammad SAW Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ti nagri na sewang-sewangan, beda bangsa, beda suku, beda bahasa, jeung warna kulit, kabeh kumpul ngariung bongkok ngaronyok di Makkah Al-Mukaramah, di Baitullah Ka’bah Al-Musyarafah, lisan na ngucap kalimah pasrah, manah na ngageter leah bari sumerah:

لَبَّيْكَ اللَّهُمَّ لَبَّيْكَ، لَبَّيْكَ لَا شَرِيْكَ لَكَ لَبَّيْكَ، إِنَّ الْحَمْدَ وَالنِّعْمَةَ لَكَ وَالْمُلْكَ لَا شَرِيْكَ لَكَ

“Abdi dongkap ka pangkonan Gusti Ya Allah, abdi dongkap nyumponan panggero Gusti Ya Allah, Gusti Anu Ngan Sahiji anging Anjeun, saéstuna sagala puji, kanikmatan sarta karajaan mung kagungan Gusti, Gusti Anu Mung Saukur Hiji”.

Taya cacah taya menak, taya beunghar taya miskin, taya pejabat taya rakyat, kabeh maké pakéan siga boéh, salambar teu dikaputan, salila ihram ulah migawe paharaman, wuquf di Arafah, Mabit di Muzdalifah, Mabit di Mina bari maledog jumrah, tawaf ifadhah ngurilingan ka’bah, sa’i antara Shofa jeung Marwah, ibadah luyu jeung katangtuan syariat agama Allah, jadi mukmin muslim anu kaffah, nyampurnakeun hablumminallah sarta hablumminannaas, saé hubungan sareng Allah sarta hade dina hubungan jeung papada manusa.

Allahu Akbar 3 x Wa Lillaahil Hamdu.

Ka duana nyaéta perkara ibadah Kurban. Jutaan ummat Islam anu mampu di saantero dunia, ti wangkid poé ayeuna nepi ka tanggal 13 Zulhijah poé tasyrik, ngalaksanakeun parentah Allah nyaéta meuncit kurban.

Baca juga: Khutbah Iduladha Bahasa Sunda, Totalitasna Ikhtiar ogé Tawakalna Keluwargi Nabi Ibrahim AS

Jutaan hewan kurban, embé atawa sapi, domba atawa onta pasrah dipeuncit beuheungna. Anu kurban jeung hewan anu dikurbankeun simbol katundukan kana parentah Allah SWT.

اِنَّآ اَعْطَيْنٰكَ الْكَوْثَرَۗ.فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْۗ.اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْاَبْتَرُ

Hartosna: “Saestuna Kami geus maparin nikmat anu kacida lobana ka anjeun, ku sabab éta anjeun kudu sholat jeung kudu kurban karana Pangeran anjeun, saestuna nu ngewa ka anjeun bakal pegat (kahadean nana)”.

Ibadah kurban estuning miharep ridha Allah.

لَن يَنَالَ ٱللَّهَ لُحُومُهَا وَلَا دِمَآؤُهَا وَلَٰكِن يَنَالُهُ ٱلتَّقْوَىٰ مِنكُمْ

“Allah henteu nampi dagingna jeung getihna, tapi nampi katakwaan na ti aranjeun”. (Alhajj: 37)

Kurban anu sampurna dicontoan ku keluarga Nabi Ibrahim. Mangga urang lenyepan, titénan, larapkeun, praktekkeun profil Keluarga Nabi Ibrahim, keluarga tangguh, bijak bestari, harmonis sarta sinergis, siap mayunan sagala ujian, hambatan, tantangan, ancaman jeung gangguan, dina kahirupan keluarga sarta nagara.

Ibrahim lahir di tengah-tengah ummat manusa anu dipimpin ku raja dzalim, nyaéta Namrud anu boga aturan mirip jeung Fir’aun zaman Nabi Musa, nyaéta kudu maténi anak lalaki anu lahir ti kaum Bani Israil.

Mung Nabi Musa diraksa ku Allah ku cara orok Musa dipalidkeun ka walungan, bayi Ibrahim ogé diraksa ku Allah ku cara dialungkeun ka leuweung alatan bisi dipaehan ku Raja Namrud anu dzalim, tapi masya Allah, sato hewan teu wanieun ngaganggu ka bayi Ibrahim.

Nabi Ibrahim salamet dugi ka dewasa bari tumbuh sehat tur cerdas, shaleh tur taat ka Allah Ta’ala.

اِنِّيْ وَجَّهْتُ وَجْهِيَ لِلَّذِيْ فَطَرَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ حَنِيْفًا وَّمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَۚ

“Saéstuna kuring madep nyanghareup ka Pangeran anu nyiptakeun langit jeung bumi, bari lempeng pasrah jeung ari kuring éta teu kaasup kana rengrengan jalma-jalma anu musyrik”. (Al-An’am: 79)

Tuluy Nabi Ibrahim leber wawanén wani nangtang ka kaumna sarta pamingpinna anu daroraka (Al-Anbiya: 54). Saterusna Ibrahim wani ngahancurkeun patung berhala sesembahan maranéhna, malah puncakna Ibrahim sukses ngahancurkeun kadzaliman (Al-Anbiya: 51-71). Tapi anu ngaran na ngabéla bener nanjeurkeun kaadilan, pasti leubeut ku ancaman pembunuhan, ku tekanan sarta ku interogasi jeung kriminalisasi. Satuluyna, raja Namrud teu euleum-euleum maténi Ibrahim ku cara diduruk hirup-hirup. Tapi Allah henteu tibra, hamba bener tur shaleh pasti diraksa dibela ku Nu Maha Kawasa, Allah ‘Azza wa Jalla.

قُلْنَايَا نَارُ كُوْنِيْ بَرْدًا وَّسَلٰمًا عَلٰٓى اِبْرٰهِيْمَ

“Allah ngadawuh; Wahai seuneu, anjeun kudu tiis bari nyalametkeun ka Ibrahiim”. (Al-Anbiya 69)

Tuluy ti saprak Ibrahim kenging titel Khalilullah, Kakasih Allah, anjeunna diuji ku Allah sanes baé mung tumiba ka dirina nyalira, tapi ogé karandapan ku kulawargana; Ibrahim, Siti Hajar garwa na, sarta Ismail putra na.

Baca juga: Tradisi Kurban Hari Raya Iduladha

Dina kitab Misykatul Anwar disebatkeun yen ibrahim teh jalmi beunghar, anjeun na gaduheun 12 rebu hewan ternak ingon-ingon, domba sapi jeung onta. Hiji waktu Ibrahim ditanya; “Milik saha éta ingon-ingon nu sakitu lobana wahai Ibrahim ?” Anjeunna ngawaler: “Milik Allah, ayeuna masih nu kuring. Sawaktu-waktu bilih bade dicandak ku Allah Anu Kagungan na, kabehanna ku kaula rek dipasrahkeun. Boro-boro ngan sakadar harta ingon-ingon, dalah anak kuring sorangan anu kacida dipikacinta ku kuring, pasti rek dipasrahkeun ka Allah Nu Maha Kawasa”.

Ti saprak nyarita kitu, Ibrahim tuluy ngimpi, yen putrana anu sehat, anu kasep bari cerdas nyaéta Ismail kudu dipeuncit ku panangan na nyalira. Masya Allah , Ibrahim teras nyarios ka Ismail, sapertos diunggel dina Al-Qur’an surat Ash-Shoffaat ayat 102:

فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يٰبُنَيَّ اِنِّيْٓ اَرٰى فِى الْمَنَامِ اَنِّيْٓ اَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرٰىۗ قَالَ يٰٓاَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُۖ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ مِنَ الصّٰبِرِيْنَ

Hartosna: “Dina nalika Ismail geus sawawa, Ibrahim nyarita; “Anaking, saenyana kaula ngimpi yén kaula téh meuncit hidep, kumaha kira-kira pamadegan hidep? Ismail ngawaler: “Bapa, mangga pidamel éta anu diparentahkeun (ku Allah). Insya Allah bapa bakal mendakan abdi dina kaayaan sabar pasrah”.

Iblis ngagoda teu eureun-eureun ka Ibrahim sangkan ulah jadi meuncit Ismail, tapi Siti Hajar nyarios: “Lamun éta parentah Allah, abdi ogé siap dipeuncit ngagantian Ismail”.

Tuluy Iblis disingkirkeun, dibaledogan anu kiwari tempat éta dipake ibadah haji balang jumrah ula, wustha sarta aqabah di Mina.

Hadirin jamaah Iduladha Rahimakumullah,
Saparantos dugi ka hiji tempat, Ismail nyarios ka Ibrahim: “Bapa, ieu panangan sareng sampéan abdi kedah ditalian sing tarik, supados abdi henteu babadug, bilih bapa sesah meuncitna. Raray abdi tungkulkeun kana taneuh supados Bapa teu ningali raray abdi, bilih bapa teu wasa ningali abdi. Buka acuk abdi supados teu kakecretan getih, margi upami kakecretan isukan Bapa bakal sedih ningali acuk anu pinuh ku getih abdi. Asah bedogna sing seukeut supados meuncitna téréh, margi sakaratul maut téh nyéri taya papada na. Acuk abdi pasihkeun ka pun biang Ibu Siti Hajar kanggo kenang-kenangan, dugikeun salam ka pun biang, mugi sing sabar, insya Allah abdi diriksa ku Allah. Enging diwidian rerencangan saumuran abdi sumping ka rorompok, supados Bapa sareng Emak henteu sedih emut ka abdi”. Nabi Ibrahim ngawaler: “Anaking, bapa taya daya taya upaya anging Allah Nu Maha Kawasa, Bapa darma ngalaksanakeun parentah-Na, mudah-mudahan Allah ngariksa hidep”.

Saparantos Ismail ditalian dibaguded ditaleukeumkeun, bedog Ibrahim ditekenkeun dina ténggek na, lekek bedog Ibrahim ngeureut ténggek Ismail, didedetkeun éta bedog satarikna. Tapi masya Allah éta bedog henteu teurak ka ismail. Saat harita Allah ngabuka bilik anu ngahalangan Malaikat di langit sareng di bumi, para Malaikat sujud tunduk ka Allah, takjub ningali Ibrahim.

Dawuh Allah: “Kakasih Kami, Ibrahim ridha meuncit anakna ku leungeunna sorangan, pédah turut tumut tunduk hayang meunang ridha Kami (Allah).” Ismail nyarios: “Bapa, buka ieu tali anu meungkeut panangan abdi, supados Allah ningali abdi yén abdi téh teu kapaksa, peuncitkeun sakali deui éta bedog kana beuheung abdi, supados Malaikat nyakseni yén abdi putra Ibrahim Khalilullah rela taat sarta patuh kana parentah Allah”.

Ibrahim nyumponan kahoyong Ismail, teras bedog digereselkeun kana tenggek Ismail tarik pisan, tapi weleh teu teurak, bedog kalahka tibalik. Ku Ibrahim bedog dikeureutkeun kana batu, nyatana teurak nepi ka batu na beulah. Tapi Subhanallah kana tenggek Ismail mah weleh teu teurak. Ibrahim nyarios: “Hai bedog, ku naon anjeun kana batu mah teurak, ari kana tenggek Ismail teu teurak”. Bedog ngajawab: “Allah teu ngawidian kuring motong tenggek Ismail. Tanpa widi Manten-Na Allah kuring teu tiasa nanaon”.

Teras Allah marentah Jibril supados ngagentos Ismail ku Kibasy, nyaéta hewan domba anu sehat sarta montok ti surga.

Ismail ku izin Allah teu jadi dipeuncit, tapi diteruskeun ku paréntah meuncit hewan ternak ingon-ingon.

Bukti yén Ibrahim, Siti Hajar jeung Ismail geus lulus tina ujian anu sakitu beuratna, hingga Allah ridha ka aranjeun na, sarta ridha syariat kurban jadi bagian tina ajaran Islam anu kudu dilaksanakeun ku ummat Nabi Muhammad SAW.

Tuluy Malaikat ngucap: “Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar”. Tuluy Nabi Ibrahim nempas: “Laa ilaaha illalloohu Allahu Akbar”, disambung ku Ismail: “Allahu Akbar wa lillaahil hamdu”.

Tina riwayat hirup hurip Ibrahim, Siti Hajar ogé Ismail, umat Islam kedah tiasa metik hikmah anu kedah dilarapkeun dina kahirupan urang salaku umat islam.

Dina ruang lingkup keluarga, Nabi Ibrahim AS kudu jadi pieunteungeun pikeun para bapa salaku kepala keluarga anu jadi conto dina kataatan ka Allah SWT, tegas tur bijaksana.

Siti Hajar RA kudu jadi pieunteungeun para Ibu anu jadi pendamping para bapa dina ngatik ngadidik anak.

Nabi Ismail AS kudu jadi pieunteungeun, para anak salaku anggota keluarga anu hormat ka indung bapa bari ngabakti ka Allah SWT.

Dina ruang lingkup anu leuwih lega, dina level bangsa jeung nagara, Ibrahim simbol pamarentahan, Siti hajar simbol ulama, Ismail simbol rakyat atawa masyarakat.

Baca juga: Khutbah Iduladha, Dua Ibadah Hari Raya Iduladha: Haji dan Kurban

Maka pamarentah, pamingpin, para pejabat kudu nyonto ka Ibrahim anu cerdas, tegas, adil tur bijaksana, taat ka Allah bari boga wibawa dina mimpin nagara, nyiptakeun kaadilan sarta kasejahteraan rakyat.

Harepan Urang sabalarea Warga negara Indonesia mugia tan tiasa ngalahirkeun pamimpin saperti Ibrahim, malah mandar miboga sifat Nabi Muhammad; sidiq, amanah, tabligh, fatonah. Ulah korupsi, sabab korupsi teh kaasup dosa gede anu beurat akibat siksa na di akherat. Firman Allah:

وَمَنْ يَّغْلُلْ يَأْتِ بِمَا غَلَّ يَوْمَ الْقِيٰمَةِۚ ثُمَّ تُوَفّٰى كُلُّ نَفْسٍ مَّا كَسَبَتْ

“Sing saha jalma anu korupsi, maka dina poé kiyamat éta jalma bakal datang mamawa beban harta anu dikorupsina”. (Ali_Imron 161)

Allahu Akbar 3 x wa lillaahil hamdu.
Cag heula urusan dunia, kiwari panon batin kudu neuteup ka hareup, ngalayang ka alam baka, duka iraha jeung duka di mana, umur urang moal lila bakal nepi kana tungtungna.

Isuk atawa pageto urang pasti bakal balik ka jati mulang ka asal. Kabéh makhluk hirup geus dibatasi jatah umurna. Malaikat Ijrail datang ngajemput urang rék nyabut nyawa. Teu bisa lumpat ka mana, teu bisa nyumput di mana. Teu bisa menta tulung teu bisa nyalindung. Ras ka diri loba dosa, loba alfa, loba maksiat, loba paharaman dina awak sorangan, di mana nyawa geus nyantek dina tikoro, nafas teu bisa dikurangan teu bisa ditambahan, di mana ajal tos sumping teu aya tempo awaking, mana-mana datang ajal maranéhna, tanwande moal bisa diakhirkeun jeung bisa diheulakeun sanajan ngan ukur sa saat.

”Gustii…Gusti rabby…abdi sanes ahli surga da tos puguh loba dosa, tapi abdi moal kiat nandangan panasna seuneu naraka. Gusti Rabbi, tampi taubat abdi, hapunten sagala dosa abdi, da mung Gusti Anu Maha Pangampura kana sagala dosa abdi anu kacida seueurna. Rumaos abdi sering hilap ka Gusti, sering tebih ti Gusti. Sering dzalim ka Gusti, sering lumpat tina papagon Gusti.” 

Astaghfirulloohal ‘adziim 3 x, alladzii laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyuum wa atuubu ilaih.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرْئَنِ العَظِيْمِ , وَنَفَعَنِى بِمَا فِيْهِ مِنَ الْأَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَاكِمِ . وَتَقَبَّلْ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيْمُ

KHUTBAH II

  ( Vx ) اَللهُ اَكْبَر 

لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَر,اَللهُ اَكْبَر وَللهِ الْحَمْدُ, اَللهُ اَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلاً. لاَاِلَهِ اِلاَّاللهُ وَاللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَر وَ للهِ الْحَمْدُ, اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي جَعَلَ مِلَّةَ اِبْرَاهِيْمَ حَنٍيْفًا, وَرَفَعَ دَرَجَتَهُ خَلِيْلاً ,وَأَمَرَ عَلَيْنَا بِااِتْبَاعِهِ سَبِيْلاً, أَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَلاَمُمَاثِلاً ,وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَيْرُ النَّبِى أُرْسِلَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى, وَعَلَى أَلِهِ وَصَحْبِهِ أَهْلِ صِدْقٍ وَّالْوَفَى ,كَمَاصَلَيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبرَاهِيْمَ أَبَ الْأَنْبِيَاءِ, وَعَلَى اَلِهِ وَمَنْ اِتَّبَعَ مِلَّتَهُ هُدًا. فَيَا أَيُّهَا اْلحَاضِرُوْنْ, أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَااللهِ لِأَنَّ الْجَنَّةَ لِلْمُتَّقِيْنَ هِىَ الْمَأْوَى ,اَلَّلهُمَّ اِغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنْاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ, اَلَّلهُمَّ اغْفِرِ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَلِوَاِلدَيْنَا وَلِلْمُؤمنِيْنَ يَوْمَ يَقُوْمُ اْلحِسَاب, رَبَّنَا اَنْزِلْنَا مُنْزَلًا مُبَاَرَكً وَاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْن ,رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا باِلْحَقّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْن, رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَاْنصُرْنَا عَلَى اْلقَوْمِ اْلكَافِرِيْن. اَللّهُمَّ هَذِهِ الْأُضْحِيِةَ مِنْكَ وَاِلَيْكَ فَتَقَبَلْ, هَذِهِ الْأُضْحِيَةَ نِعْمَةً مِنْكَ عَلَيْنَا, وَتَقَرَبْنَا بِهَا اِلَيْكَ فَتَقَبَّلْهَا, بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الَّرَّاحِمِيْنَ وَاْلحَمْدُ للهِ رَبِّ اْلعَالَمِيْن.

Disusun ku KH Undang Munawar, Panyelaras bahasa ku Imam Hamidi Antassalam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button